18 Méi

18 Méi nyaéta poé ka-138 dina sataun (ka-139 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 227 poé.

1 2 3 4
5 6 7 8 9 10 11
12 13 14 15 16 17 18
19 20 21 22 23 24 25
26 27 28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1291 – Runtuhna Acre, mungkas kahadiran tentara Salib di Tanah Suci.
  • 1388 – Nalika Patempuran Dano Buyur, Jénderal Lan Yu mingpin tentara Tionghoa pikeun ngéléhkeun gorombolan Togus Temur ti Mongolia, kaum Khan Yuan Kalér.
  • 1499 – Alonso de Ojeda balayar ti Cádiz miang ka daérah nu kiwari nelah Vénezuéla.
  • 1756 – Perang Tujuh Taun dimimitian nalika Britania Raya ngajak perang ka Perancis.
  • 1803 – Perang Napoléon: Karajaan Inggris ngabatalkeun Perjangjian Amiens sarta ngajak perang ka Perancis alatan Napoléon tutuluyan ilibiung dina urusan Italia jeung Swiss.
  • 1804Napoléon Bonaparte diproklamirkeun minangka Kaésar Perancis ku Sénat Perancis.
  • 1812 – John Bellingham dinyatakeun salah sarta ditibanan hukuman mati ku cara digantung alatan nelasan PM Spencer Perceval.
  • 1896 – Tragedi Khodynka: Panik massal di Tegal Khodynka di Moskow nalika hajatan pangistrénan Tsar Nicholas II ngabalukarkeun maotna 1.389 jalma.
  • 1912 – Pilem India nu munggaran, Shree Pundalik beunang Dadasaheb Torne, dipedalkeun di Mumbai.
  • 1944Perang Dunia II: Patempuran Monte Cassino: Réngsé sabada tujuh poé dina patempuran kaopat nalika Jérman ngaévakuasi Monte Cassino.
  • 1944 – Déportasi urang Tatar Kriméa ku pamaréntahan Uni Soviét.
  • 1953 – Jackie Cochran jadi awéwé munggaran nu nembus wates kacepetan sora.
  • 1955 – Operasi Liliwatan Kabébasan réngsé, évakuasi ti 310.000 urang sipil Viétnam, soldadu jeung urang-urang non-Viétnam ti wilayah komunis Viétnam Kalér ka Viétnam Kidul.
  • 1973 – Pasawat Aeroflot Nomer 109 dibajak di tengah jalan sarta antukna ancur nalika bom pangbajak ngajelegur, nelasan sakabéh 82 jalma sajeroeunna.
  • 1974 – Dina Proyék Budha Mesem, India hasil nguji coba pakarang nuklirna nu munggaran, minangka nagara kagenep nu bisa kitu.
  • 1980 – Gunung St. Helens bitu di Washington, AS, nelasan 57 jalma sarta ngakibatkeun karugian $3 milyar.
  • 1994 – Pasukan Israél réngsé ditarik ti Jalur Gaza, nyérénkeun wilayah éta ka Otoritas Nasional Palestina.
  • 2009LTTE diéléhkeun ku pamaréntah Sri Langka, mungkas patelak nu geus lumangsung ampir 26 taun antara kadua pihak.
  • 2015 – Saheunteuna 78 jalma palastra dina hiji longsor nu dibalukarkeun ku hujan gedé di Kota Salgar, Kolombia.
  • 2018 – Hiji panémbakan di Sakola Luhur Santa Fe di Texas nelasan 10 jalma.

Nu babar

  • 1048 – Omar Khayyám, matématikawan, sastrawan jeung pilosop Parsi (d. 1131)
  • 1868 – Nicholas II, Tsar pamungkas Rusia (td. 1918)
  • 1872 – Bertrand Russell, matématikawan, pilosop Inggris (td. 1970)
  • 1920 – Paus Paulus Yohanes II, Paus Katolik Roma kalahiran Polandia (td. 2005)
  • 1955 – Chow Yun Fat, aktor Mandarin
  • 1960 – Yannick Noah, pamaén ténes Perancis kalahiran Sudan
  • 1970 – Tina Fey, artis Amérika
  • 1981 – Mahamadou Diarra, pamaén bola Mali
  • 1988 – Taeyang, tukang ngawih Koréa Kidul (Big Bang)

Nu pupus

  • 1995 – Elizabeth Montgomery, artis Amérika (l. 1933)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Muséum Internasional
  • Poé Vaksin AIDS Dunia

Tumbu luar

18 Méi 

Tags:

18 Méi Kajadian18 Méi Nu babar18 Méi Nu pupus18 Méi Poé peré poé panginget-nginget18 Méi Tumbu luar18 MéiKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Ordo (Biologi)Nagara kahijianIsmail MarzukiTahu SumedangInumanRarangkén ka--anBoy-boyanCahyaDiabétes mélitusNgaran urang SundaCianjur, CianjurRarangkén pika--eunLénongKarajaan SundaSi Bedog PanjangFotoPamayangMégalitikumMumulukCilokBismillahMarcapada24 AprilInggrisAlamTatarucinganÉs CingcauCacandranJepangPusdikpassusLondokBabak (téater)GoogleIndung leungeunHiroshimaBangbaraMonologSyifa HadjuPaulKadalonPeucang1869Rarangkén -eunPapantingAmérika SarikatDéwi SartikaSunan Gunung JatiSakotengBungurPrabu Geusan UlunJangjawokanSérén taunGedoganBabadBeutiKembang GoyangManukAnginJeujeurPendopoRarangkén -naPuisi sundaPakeman basaRakitan lantipBandung Lautan ApiLampingBalongJungkookAmis mataRarakitan1823Éncrak🡆 More