31 Méi

31 Méi nyaéta poé ka-151 dina sataun (ka-152 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 214 poé.

1 2 3 4
5 6 7 8 9 10 11
12 13 14 15 16 17 18
19 20 21 22 23 24 25
26 27 28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1279 SM – Ramesis II, ogé nelah ku Ramesis Agung, jadi Fir’aun Mesir Kuno (Dinasti ka-19).
  • 1223 – Serangan Mongol ka Cumans: Patempuran Leuwi Kalka: Tentara Jengish Khan Mongol nu dipingpin ku Subutai, ngéléhkeun Kievan Rus’ jeung Cumans.
  • 1293 – Serangan Mongol ka Jawa minangka pangwalesan ka Raja Kertanegara ti Singosari nu nolak pikeun mayar upeti ka Yuan sarta ngabuntungan salah sahiji mentrina. Najan kitu, seranganna gagal. Diangkeuh minangka kasang tukang diadegkeunna Surabaya.
  • 1578 – Raja Henry III ngagolerkeun batu kahiji Pont Neuf (Jambatan Anyar), pangkolot-kolotna jambatan di Perancis.
  • 1790 – Manuel Quimper ngajalajah Selat Juan de Fuca.
  • 1790 – Amérika Sarikat nanjeurkeun undang-undang hak ciptana nu munggaran, Akta Hak Cipta Taun 1790.
  • 1859 – Munara jam di Gedong Parlemén, di mana diteundeunan ogé ku Big Ben (Loncéng Badag), mimiti nunjukkeun waktu.
  • 1884 – Tāwhiao, Raja Maori, anjog ka Plymouth, pikeun muguhkeun panangtayungan ti Ratu Victoria.
  • 1879 – Taman Gilmore di Kota New York ganti ngaran jadi Madison Square Garden, maké ngaran présidén kaopat, James Madison, sarta dibuka pikeun umum.
  • 1889 – Banjir Johnstown: Leuwih ti 2.200 jalma palastra sabada hiji bendungan rebah sarta ngirimkeun cai nu jangkungna 60 kaki (18 m) nu ngeueum Kota Johnstown, Pennsylvania.
  • 1902 – Perang Boer Kadua: Perjangjian Vereeniging mungkas perang sarta mastikeun pangawasaan Inggris ka Afrika Kidul.
  • 1916Perang Dunia I: Patempuran Jutland: Armada Raya Inggris patelak jeung Armada Laut Jérman dina pantempuran pangtohagana dina perang éta, saha nu meunang teu tangtu.
  • 1927 – Mobil Ford Model T nu pamungkas réngsé dirakit, sabada produksi sajumlah 15.007.003 mobil.
  • 1935 – Lini 7,7 Mw ngancurkeun Quetta, kiwari Pakistan, nelasan 40.000.
  • 1941 – Perang Anglo-Irak: Karajaan Inggris ngaréngsékeun pangdiukan ka Irak, mulangkeun Abdallah kana kakawasaanna.
  • 1942Perang Dunia II: Kapal selam – kapal selam laleutik ti Angkatan Laut Karajaan Jepang mimiti mesatkeun serangan ka Sydney, Australia.
  • 1962 – Féderasi India Kulon dibubarkeun.
  • 1970 – Lini 7,9 Mw Ancash narajang Péru sarta taneuh longsor ngubur Kota Yungay. Antara 66.794 – 70.000 palastra sarta 50.000 tatu.
  • 1977 – Sistém Saluran Pipa Trans-Alaska réngsé diwangun.
  • 1985 – Opat puluh hiji tornado narajang Ohio, Pennsylvania, New York jeung Ontario, ngabalukarkeun maotna 76 jalma.
  • 2005Vanity Fair ngabolékérkeun yén Mark Felt téh nyaéta "Deep Throat" (ngaran samaran jalma nu muka Skandal Watergate).
  • 2008 – Usain Bolt mecahkeun rékor dunya sprint 100 m, ku 9,72 detik.
  • 2010 – Komando Shayetet 13 Israél nyerang Kapal Kabébasan Gaza nu masih kénéh aya di pacaian internasional nu rék nyoba nembus blokade ka Jalur Gaza; salapan urang Turki dina kapal ditelasan.
  • 2013 – Asteroid 1998 QE2 jeung satelitna ngaliwat sadeukeut-deukeutna ka bumi pikeun mangsa dua abad kahareup.
  • 2013 – Tornado pamecah rékor 2,6 mil legana, narajang El Reno, Oklahoma, Amérika Sarikat, ngabalukarkeun dalapan urang maot sarta leuwih ti 150 urang cidera.
  • 2014 – "Gangnam Style" Psy jadi vidéo munggaran nu ditongton leuwih ku 2 milyar panongton di YouTube.
  • 2017 – Hij bom mobil ngabeledug dina parapatan nu ramé di Kabul di deukeut Kadutaan Jérman wanci jam sibuk, nelasan leuwih ti 90 jalma sarta nyideraan 463 lianna.
  • 2019 – Panémbakan lumangsung di sajeroeun adegan kantor pémda di Basisir Virginia, Virginia, ngakibatkeun 13 jalma palastra, kaasup panémbakna, sarta opat jalma tatu.

Nu babar

  • 1930 – Clint Eastwood, aktor, produser Amérika
  • 1948 – John Bonham, musisi Inggris (Led Zeppelin) (d. 1980)
  • 1949Tom Berenger, aktor Amérika
  • 1965 – Brooke Shields, modél Amérika
  • 1976 – Colin Farrell, aktor Irlandia
  • 1984 – Nate Robinson, pamaén baskét Amérika

Nu pupus

  • 1983 – Jack Dempsey, tukang boksén Amérika (l. 1895)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Gawai Dayak (jeung tanggal 1 Juni) di Sarawak jeung Kalimantan Kulon
  • Poé Tanpa Bako Dunia

Tumbu luar

31 Méi 

Tags:

31 Méi Kajadian31 Méi Nu babar31 Méi Nu pupus31 Méi Poé peré poé panginget-nginget31 Méi Tumbu luar31 MéiKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

SolatPaguyuban PasundanKadalonSusi Pudjiastuti1725As ShoffYura YunitaColénakWedaRokét caiJimmy WalesTatakrama pamingpin Sunda.thLasminingratGénétikaMonologKabudayaan SundaWorld Trade OrganizationSyifa HadjuOpieunHayamBabasanJangjawokanBeutiMasjid Agung CianjurSisidueunNomer Buku Standar InternasionalKomunikasiAgnéz MoLisénsi Dokumén Bébas GNUPésoCurukAl LailSeni PintonanKecap sulurJungkookReungitKolécérKampung NagaDodolSalésmaGatot SoebrotoNyiruHadiah Sastra RancagéPilipinaInohongFeni FitriyantiKunci5 NopémberSancangInohong di Bojong RangkongPériode EdoMijalmaCaturanggaÉnsiklopédiSamagaha panonpoéSandiwaraEndog asinNagriBasisir ParangtritisKila-kilaPerang BubatMaén balJavaScriptKirataPerang Dunya IINASA🡆 More