Noel Gallagher

Noel Gallagher anu boga ngaran lengkep Noel Thomas David Gallagher (gumelar 29 Méi 1967-ayeuna) nyaéta penyanyi jeung penulis lagu, lian ti éta, Noel kasohor salaku gitaris grup musik Oasis.Noel nyaéta lanceukna Liam Gallagher, vokalis Oasis.

Lalaki anu gumelar di Longsight, Mancherster, Inggris ieu mulai maén gitar ti umur 13 taun sacara otodidak. Noel pernah ngalaman kacelakaan anu ngabalukarkeun suku katuhuna cidera terus teu meunang gawé beurat, tapi ieu hal dipaké pikeun latihan gitar jeung nulis lagu ku Noel. Noel nikah jeung Meg Mathews taun 1997, nalika manéhna keur nyiapkeun album Be Here Now, tapi ahirna mah cerai bulan Januari 2001 sabab aya awéwé séjén dina kahirupan Noel. Lalaki anu resep kana sepak bola ieu ngajalin hubungan jeung awéwé asal Skotlandia, Sara MacDonald, tina ieu hubungan, Noel boga anak nu kadua.

Noel Gallagher
Bell Centre, Montreal, Kanada tanggal 5 Séptémber 2008

Taun 1998, Noel ngiluan audisi pikeun jadi personil grup musik Inspiral Carpets tapi gagal, terus manéhna asup jadi personil Oasis jeung lanceukna, Liam Gallagher (vokal), Paul McGuigan (bass), Tony McCarroll (drum), jeung Paul Arthurs (gitar). Noel geus méré kontribusi anu gédé dina penulisan katut garapan lagu-lagu Oasis, di antarana: Definitely Maybe, (What's the Story) Morning Glory?, Be Here Now Standing on the Shoulder of Giants, Heathen Chemistry, Don't Believe the Truth, Oasis Studio Album VII dan juga album kompilasi The Masterplan jeung Stop the Clocks.

Sabada Oasis bubar, ahirna Noel balik deui ka panggung salaku penyanyi solo. Konser perdana jeung grup musik nu mirigna High Flying Birds ieu dilaksanakeun di Dublin tanggal 23 Oktober 2011. Noel mawakeun 20 lagu anu hampir sakabéhna materi anyar kaasup 9 lagu Oasis.

Référénsi


Noel Gallagher 



Tags:

19671997200129 MéiGitarInggrisLiam GallagherOasis (grup musik)SkotlandiaSuku

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

AngulimalaYongki KomaladiKacang panjangSistim panomeran binérFox Broadcasting CompanyGawirSuisKabupatén TasikmalayaSawérSvalbardWawangsalanNikaragua1771KomikIndependent components analysisGmailWidaraPaku sayurKapuloan RiauTongoRaffi AhmadBabasan jeung paribasaHak asasi manusaDapurJampéDaonWalunganKota DépokRahwanaKlausa (basa Sunda)KLM Royal Dutch AirlinesBlogInverse transform sampling methodSindanganÉpilépsiSeminarKabupatén LebakTahu gejrotIrlandia KalérDiksiStatistikaAnggelGuguritanLongsérDoel SumbangKakaisaran AkéméniyahSeblak1989AS27 DésémberArkéologiCalingcingBiantaraDomba GarutRarangkén di-Samuel MorseAgum GumelarManggahKarindingKaduPandémi koronavirus 2019 di Amérika SarikatWikipediaAdi HidayatSurabiTénjolaya, Cicaléngka, BandungAdat ngurus orokTéstisIslam🡆 More