Samuel Morse

Samuel Morse atawa Samuel Finley Breese Morse (gumelar di Massachusets, 27 April 1791, maot di New York, 2 April 1872) nyaéta seniman anu kasohor di Amérika Sarikat sakaligus salah saurang profésor seni.

Anjeunna ogé élmuwan anu ngulik widang éléktromagnétik sarta junun dina nyieun télégraf éléktrik nu kahiji jeung sandi Morse dina taun 1836.

Samuel Morse
Samuel Morse
Samuel Finley Breese Morse, 1840
GumelarSamuel Finley Breese Morse
27 April 1791
Charlestown, Massachusetts
Tilar dunya2 April 1872 (yuswa 80)
New York City, New York
AtikanYale College
PagawéanPelukis, élmuwan
Dipikawanoh salaku/lantaranSandi Morse
Tanda tanganSamuel Morse

Morse nyaéta anak pendéta anu kacida ngutamakeun atikan. Anjeunna dikirim keur diajar di Phillips Academy di Andover. Di ditu Morse diajar filsafat, matematika, jeung zoologi. Saterusna anjeunna nuluykeun atikanana di Yale College di mana anjeunna museurkeun paniténna dina studi listrik. Morse ogé nyieun lukisan-lukisan potrét jeung kajadian anu aya patalina jeung sajarah keur nambahan panghasilanana. Salah sahiji lukisanana metot perhatian pelukis kasohor, Washington Allston. Sanggeus Morse lulus ti Yale dina taun 1810, Allston ngabingbing Morse nepi ka bisa ditarima di salah sahiji sakola seni kasohor di dunya, Royal Academy London.

Dina taun 1815, Morse balik ka Amérika Sarikat. Anjeunna fokus di seni nepi ka lima belas taun sanggeusna. Anjeunna ogé ilubiung dina ngawangun Akademi Desain Nasional di New York (1825). Dina taun 1832, Anjeunna nyieun deui ékspérimen dina widang kimia jeung éléktromagnétik. Opat taun sanggeusna, Anjeunna tuluy nyieun télégraf éléktrik sarta sandi Morse.

Morse junun ngawangun jaringan télégraf kahiji nu panjangna 61 km ti Washington DC nepi ka Maryland. Sanggeus éta, télégraf téh ngahubungkeun tiap pelosok nu aya di Amérika Sarikat. Dina waktu kurang ti sapuluh taun, nagara-nagara di Éropa ogé ngagunakeun télégraf buatan Morse.

Rujukan

Tags:

1791183618722 April27 AprilAmérika SarikatNew YorkSandi MorseSeniÉlmuwan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Nagara daulatKeusikArkéologiNovelCareuh bulanAyip RosidiAksara Sunda BakuWancahanLumba-lumbaPaguron luhurIwa Kusuma SumantriRumpakaDoméstikKabupatén BandungCacandranWaktuNgaruwatLancah maungTapak limanAntropologiListrikArtikelGaya basa (Sunda)JamaikaJurudemungSatelit KomunikasiMatoaCaiPropinsi SyunikRuntahEmbéNgojayWawacan MintaragaUrugPakakas Tatanén TradisionalSahadatMalariaPuisi sundaPanonpoéOpat kalima pancerRisolesBurak SilumanHuma(248590) 2006 CSPrabu Geusan UlunBaduyBaligoPaulTénjo, BogorCaturanggaKuwung-kuwungKampung Adat CireundeuÉropaKaiCilokFatmawatiTajugDiksiLeuwiUmar WirahadikusumahNigerDaya Mahasiswa Sunda (DAMAS)AbdasDyah Pitaloka Citraresmi2007 RT1LambakTaylor SwiftÉs dogérGatrikRagi🡆 More