30 Méi

30 Méi nyaéta poé ka-150 dina sataun (ka-151 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 215 poé.

1 2 3 4
5 6 7 8 9 10 11
12 13 14 15 16 17 18
19 20 21 22 23 24 25
26 27 28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1431 – Perang Saratus Taun: Di Rouen, Perancis, Joan ti Arc, 19 taun, dibeuleum dina tunggak ku pangadilan nu didominasi ku urang Inggris. Garéja Katolik Roma miéling poé ieu minangka Poé Santa Joan ti Arc.
  • 1498Christopher Columbus miang ka Amérika pikeun katilu kalina mawa genep kapal.
  • 1510 – Wanci kakawasaan Kaésar Zhengde, pamingpin pangbarontak Dinasti Ming, Zhu Zhifan diéléhkeun ku komandan Qiu Yue, mungkas pangbarontakan Pangéran Anhua.
  • 1510 – Pasukan Portugis dina pingpinan Afonso de Albuquerque ninggalkeun Goa sabada pangawasa tiheula, Yusuf Adil Syah, Raja Muslim Bijapour nalukeun deui kota éta.
  • 1539 – Di Florida, Hernando de Soto balabuh di Teluk Tampa bari mawa 600 soldadu, tujuanna rék nyiar emas.
  • 1574 – Henry III jadi Raja Perancis.
  • 1619 - Jan Pieterszoon Coen numpurludeskeun Jayakarta sarta ngaganti ngaranna jadi Batavia. Ieu tanggal dipiéling minangka poé jadi Kota Batavia.
  • 1631 – Pamedalan Gazette de France, koran Perancis nu munggaran.
  • 1635 – Perang Tilu Puluh Taun: Perdaméyan Praha di taréken.
  • 1806 – Pijadieun présidén AS, Andrew Jackson, nelasan Charles Dickinson dina hiji duél.
  • 1814 – Perang Napoléon: Perang Koalisi Kagenep: Perjangjian Paris (1814) ditéken, mulangkeun wates Perancis ka taun 1792. Napoléon dibuang ka Elba.
  • 1815 – Kapal East Indiaman, Arniston rujad nalika hiji badéy narajang di Waenhuiskrans, deukeut Tanjung Agulhas, kiwari Afrika Kidul, ngakibatkeun leungitna 372 jiwa.
  • 1842 – John Francis nyoba nelasan Ratu Victoria nalika ratu keur tutungangan di Jalan Constitution Hill di London bareng jeung Pangéran Albert.
  • 1899 – Pearl Hart, saurang penjahat wanita Old West, ngarampog karéta pos 30 mil kiduleun Globe, Arizona.
  • 1911 – Dina Jalur Cepet Motor Indianapolis, Indianapolis 500 nu munggaran réngsé, Ray Harroun nu nunggang Marmon Wasp jadi juara nu munggaran balapan 500 mil ieu.
  • 1913 – Perjangjian London ditéken, mungkas Perang Balkan Kahiji sarta Albania jadi nagara merdéka.
  • 1922 – Mémorial Lincoln dirasmikeun di Washington, D.C..
  • 1942Perang Dunia II: Saratus pasawat pangebom Inggris mesatkeun serangan 90 menit ka Köln, Jérman.
  • 1961 – Diktator Dominika, Rafael Trujillo ditelasan di Santo Domingo, Républik Dominika.
  • 1966 – Manten PM Kongo, Évariste Kimba jeung sababaraha urang pulitisi diéksékusi di Kinshasa ku paréntah Présidén Joseph Mobutu.
  • 1967 – Wilayah Wétan Nigeria nyatakeun kamerdékaanna minangka Républik Biafra, ngabekéskeun hiji perang sodara.
  • 1972 – Brigade Amarah asup ka pangadilan alatan sarangkéyan 25 pangeboman di sakuliah Karajaan Inggris.
  • 1972 – Di Bandara Ben Gurion (harita: Bandara Lod), Israél, anggota Tentara Beureum Jepang nyerang bandara, nelasan 24 jalma sarta nyideraan 78 lianna.
  • 1982 – Spanyol asup ka NATO.
  • 1983 - Bebentukan Lembaga Pamaréntah Non Departemén (LPND) kalawan pancén pokok sarta fungsi widang pangawasan nyaéta Badan Pangawasan Kauangan jeung Pangwangunan liwat Kaputusan Présidén Nomer 31 Taun 1983.
  • 1989 – Démontrans ngadegkeun patung “Dewi Démokrasi” nu jangkungna 33 kaki di Alun-Alun Tiananmen, Tionghoa.
  • 1998 – Lini 6,5 Mw di Afghanistan, ngeundeuk-ngeundeuk Propinsi Takhar di Afghanistan kalér, nelasan 4.000-4.500 jalma.
  • 1998 – Pakistan ngajalankeun deui tés nuklir sahandapeun lemah, di Gurun Kharan.
  • 2008 – Konvénsi Gugus Amunisi diadopsi.
  • 2012 – Manten présidén Liberia, Charles Taylor dihukum 50 taun panjara alatan kakejemanna nalika Perang Sodara Sierra Leone.
  • 2012 – Sajumlah nagara, kaasup Jérman, Turki jeung Kanada, ngusir diplomat Suirah sabada pangbantéyan Houla.
  • 2012 – Vishwanathan Anand meunangkeun gelar Juara Dunia Catur kalimana.
  • 2014 – Manten pupuhu militer, al-Sisi meunangkeun pamilu présidén di Mesir.
  • 2015 - Persatuan Sépak Bola Seluruh Indonesia digubragan sanksi mangrupa pabekuan ku FIFA balukar intervénsi pamaréntah sakumaha dimaksud dina pasal 13 jeung 17 Statuta FIFA.
  • 2017 – Bom maéhan manéh tohaga di kantor diplomatik di Kabul, Afghanistan, ngabalukarkeun maotna leuwih ti 150 jalma sarta 400 taratu.
  • 2017 – Bom mobil saluareun toko és krim di Baghdad nelasan 17 jalma. Hiji bom deui di saluareun kantor pangsiunan pamaréntah di Baghdad, nelasan 14 urang sarta nyideraan 34 séjénna. ISIS ngaku tanggung jawab.

Nu babar

  • 1964 – Tom Morello, musisi Amérika (Rage Against the Machine, Audioslave)
  • 1971 – Idina Menzel, artis Amérika
  • 1980Steven Gerrard, pamaén bola Inggris
  • 1989 – Ailee, tukang ngawih Koréa Kidul
  • 1990 – Im Yoon-ah / Yoona, artis, tukang ngawih Koréa Kidul (Girls' Generation / SNSD)

Nu pupus

  • 1431 – Joan ti Arc, pajoang Perancis (l. 1412)
  • 1744 – Alexander Pope, pangarang Inggris (l. 1688)
  • 1778 – Voltaire, pilosop Perancis (l. 1694)
  • 1912 – Wilbur Wright, pionir industri pangapungan AS (l. 1867)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

30 Méi 

Tags:

30 Méi Kajadian30 Méi Nu babar30 Méi Nu pupus30 Méi Poé peré poé panginget-nginget30 Méi Tumbu luar30 MéiKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Puisi sunda4841891PusdikpassusSurachman R.M.MusikPatempatanUTCWayangOpakPériode EdoUsum halodoComroKaso beuritWikipédiaNyiruPopong Otje DjundjunanDaptar kode telepon di IndonésiaInohong di Bojong RangkongKawih kaulinanInternétCaplakYura YunitaKuwaitSistim OperasiSultan Ageng TirtayasaRarakitanCalungSamagaha bulanPadalisanWawacan MintaragaGegetukTéténongSosiologiFrasaGlobalisasiIwa Kusuma SumantriTambagaKila-kilaKayasCongklakNgasorTurkménistanKampung MahmudRampak SekarSabunMalariaÉngkléRebabBarusuhNyiruanTatakrama pamingpin SundaAmérika SarikatTatakrama basa SundaPakasabanKecap Rajékan (Basa Sunda)Kampung Adat Sirna ResmiKarajaan NgahijiHondaKudaGatot SoebrotoOrdo (Biologi)Rokét caiPamohalan1823Pakeman basa1869🡆 More