Walungan Rogue: Walungan di Amérika

Walungan Rogue (basa Tolowa: yan-shuu-chit’ taa-ghii~-li~’, basa Takélma: tak-elam) nyaéta hiji walungan anu aya di nagara bagian Oregon, Amérika Sarikat.

Walungan Rogue dipikawanoh ku lantaran arusna anu tarik. Walungan ieu dikurilingan ku pagunungan leuweung sarta babatuan.

Rogue River
Walungan Rogue: Asal usul ngaran, Sajarah, Ékosistem
Rogue River ti Hellgate Canyon
Walungan Rogue: Asal usul ngaran, Sajarah, Ékosistem
Peta daérah cai walungan Rogue
ÉtimologiCoquins (rogues), used by early French visitors to the region to describe the local Native Americans (Indians)
Lokasi
NagaraAmérika Sarikat
Nagara bagianOregon
CountyKlamath, Douglas,
Jackson, Josephine, jeung Curry
KotaGrants Pass
Physical characteristics
Citakan:Infobox river/source
Citakan:Infobox river/source
Citakan:Infobox river/source
Citakan:Infobox river/source
Citakan:Infobox river/source
Citakan:Infobox river/source
MuharaSamudra Pasifik
 ⁃ location
Gold Beach, Curry County, Oregon
 ⁃ coordinates
42°25′21″N 124°25′45″W / 42.42250°N 124.42917°W / 42.42250; -124.42917 124°25′45″W / 42.42250°N 124.42917°W / 42.42250; -124.42917
 ⁃ elevation
0 ft (0 m) units?
Panjang215 mi (346 km) units?
Ukuran basin5,156 sq mi (13,350 km2units?
Citakan:Infobox river/discharge
Citakan:Infobox river/discharge
Citakan:Infobox river/discharge
Citakan:Infobox river/discharge
Citakan:Infobox river/discharge
Invalid designation
TipeWild, Scenic, Recreational
DitunjukOctober 2, 1968
Walungan Rogue: Asal usul ngaran, Sajarah, Ékosistem
Walungan Rogue jeung tatangkalan pines
Walungan Rogue: Asal usul ngaran, Sajarah, Ékosistem
Mule Creek Canyon

Walungan ieu jarakna 215 mil ti Cascade Range nepi ka Samudra Pasifik, girangna ti deukeut Situ Kawah sarta muharana aya di Gold Beach Oregon. Walungan Rogue mangrupa salah sahiji ti dalapan walungan asli anu disebutkeun dina Wild and Scenic Rivers Act di taun 1968. Hutan Nasional Rogue-Klamath-Siskiyou sarta Leuweung Kalmiopsis ngurilingan Walungan Rogue. Daérah Aliran Sungai (DAS) Walungan Rogue nyaéta salah sahiji ti opat leuweung tipeu konifér nu boga iklim sedeng anu ragamna panglobana di dunya, anu eusina 3.500 spésiés tutuwuhan anu baréda.

Asal usul ngaran

Mmitina, kecap rogue anu hartina tukang tipu dilarapkeun ku urang Éropa ka pribumi asli Amérika anu nyicingan walungan éta ti saprak Perang Indian ti 1855 nepi ka 1856. Urang Éropa nyebut pribumi minangka "Indian Rogue". Kadieunakeun, kecap "rogue" dipaké pikeun nyebutkeun ngaran walunganana.

Sajarah

Ti jaman bihari, pasna ti taun 1800-an, Walungan Rogue geus dipikawanoh ku lantaran loba emasna. Di taun 1850, loba urang Éropa anu daratang ka dieu pikeun nambang emas, moro, sarta ngala lauk. Mimitina pribumi soméah ka maranéhna, ngan urang Éropa sok nelasan pribumi au eukeur nyorangan. Hal ieu anu nyababkeun konflik antara urang Éropa jeung pangeusi asli Amérika anu ngabalukarkeun "Perang Indian" Walungan Rogue di taun 1855-1856. Ieu perang téh antara Angkatan Darat Amérika Sarikat jeung para pribumi. Sanggeus kitu, pangeusi asli Amérika tuluy dipindahkeun ka tempat reservasi, di dinya,loba nu paraéh ku sabab panyakit jeung kakurangan dahareun sarta cai.

Ékosistem

Sasatoan

Walungan Rogue mangrupa habitat pikeun loba spésiés lauk, di antarana chinook salmon, coho salmon, steelhead, cutthroat trout, jeung sturgeon héjo. Walungan ieu kawentar minangka "habitat salmon kalawan kualitas nu panghadéna di kulon".

Lauk anu geus gedé ngendog di walungan, tuluy megar babaraha bulan saenggeusna. Sabada megar, sababaraha spésiés saperti coho, hulu baja, jeung sturgeon héjo, netep heula di walungan salila sataun, sedengkeun nu lianna saperti chinook langsung baé ka laut.

Walungan Rogue miboga spésiés lauk asli, di antarana aya lauk emas, shad Amérika, lauk pike leutik, brown bullhead,lélé, black crappie, jeung red shiner.

Salian ti lauk, di deukeut walungan ieu ogé sok aya biruang hideung, uncal, berang-berang, bango biru gedé, sarta ospréy, pikeun néangan salmon.

Tutuwuhan

Di deukeut Walungan Rogue, rupa-rupa tutuwuhan aya. Kaitung aya kira-kira 3.500 spésiés tutuwuhan. Ti mimiti ti girang, aya dupa cédar, camara bodas, sarta camara beureum Shasta. Tuluy di beulah hilir, aya tatangkalan anu daunna garedé, sarta jujukutan. Di hilir aya pines ponderosa gedé, Douglas-fir, madrone, manzanita, pines Jeffrey, sarta tangkal ék di sakabéh landeuh.

Aya ogé kebon bungbuahan, lahan tatanén, sarta tegalan anu dijarieun ku jelema. Tuluy di aréa riparian, aya willow, alder beureum, kai kapas hideung, sarta abu Oregon. Di daérah muhara, aya sabana ék, végétasi padang rumput, jeung loba balong.

Salian ti éta, réa ogé kekembangan anu tumuwuh di deukeut walungan. Sapanjang taun kekembangan éta marekar, komo pas usum semi mah. Aya rhododendron, tulip, jeung sajabana.

Pariwisata

Walungan Rogue: Asal usul ngaran, Sajarah, Ékosistem 
Tarikna arus Walungan Rogue

Walungan Rogue jeung daérah di sabudeureunana nyadiakeun rupa-rupa pangalaman rékreasi. Hal éta au nyababkeun jumlah wisatawan di walungan ieu bisa nepi ka satengah juta unggal taunna.

Wisatawan bisa kémping dina mobil atawa nyupiran sapanjang walungan. Wisatawan ogé bisa hiking di Jalur Rékréasi Nasional Walungan Rogue sapanjang 40 mil, arung jeram ngaliwatan jeram liar, atawa bisa ogé nyusur walungan anu arusna leuwih tenang.

Salian ti éta, wisatawan ogé bisa paparahuan, ngojay, kémping, sarta nguseup di Walungan Rogue.

Galéri

Tingali ogé

Walungan

Rujukan

Tags:

Walungan Rogue Asal usul ngaranWalungan Rogue SajarahWalungan Rogue ÉkosistemWalungan Rogue PariwisataWalungan Rogue GalériWalungan Rogue Tingali ogéWalungan Rogue RujukanWalungan RogueAmérika SarikatWalungan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Abad ka-6389Sumatera KulonCacandranSukarnoRahwanaCaricangkasGaréngKuwait813 SMAtom78Malaysia68Sang AlkémisChiliMuangtaiKohkolWangenan BudayaTempuyungSénsus2023PakistanSayuti MelikGending karesménKunciTata ngaran biologi70WBawang bodasPsikologKAprilFront Pembela IslamLaosKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarIrak2011Lancah maungBasa ArméniaKota Bogor19831775Kapuloan Juan Fernández1961BadoriCau manggalaTututPoéSunalari, Cikijing, Majalengka25Rahmat M. Sas. KaranaMoch. AmbriBasa SundaSupa hoéMaliVNovelGaréja34Honda RC211VAustriaBiométrikMusiumLeuweungTteokbokkiHirohito🡆 More