Biruang

Ailuropoda Ailurus Helarctos Melursus Ursus Tremarctos Arctodus (lastari)

Biruang
Temporal range: Miosin Awal - Kiwari
Biruang
Biruang Coklat Kodiak
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Ursidae

G. Fischer de Waldheim, 1817
Genera

Biruang téh ngaran sato mamalia gedé ti kulawarga Ursidae, ordo Karnivora. Ciri utama biruang, di antarana buntut nu pondok, pangrungu jeung pangambeu nu seukeut, kuku/cakar nu sareukeut dina unggal ramo sukuna, sarta bulu di sakujur awakna nu kandel.

Awak biruang kaitung gedé. Ciri penting lianna nyaéta kabisana nangtung maké dua suku tukang, sungutna monyong, sarta ceuli nu buleud.

Habitat

Biruang mah hirup di rupa-rupa habitat, ti wewengkon tropis nepi ka Antartika, ti leuweung geledegan nepi ka daérah nu katutup salju. Najan lolobana omnivora, aya ogé sababaraha spésiés biruang nu kadaharanana béda ti nu séjén. Misalna biruang kutub, kadaharanana téh lukut, aakaran, sisikian, jeung bungbuahan leutik. Lian ti éta, biruang kutub ogé sok ka wahangan pikeun ngala lauk. Lalampahan nyiar hakaneun téh bisa jauh pisan, ti isuk jedur nepi ka soré jedér, iwal mun aya gangguan (misalna aya manusa).

Paripolah

Biruang mah lolobana hirup nyorangan, iwal bikang nu keur anakan atawa jalu jeung bikang dina mangsa usum jalangan. Aya kalana ngagorombol, tapi éta gé ukur nalika aya loba dahareun di hiji tempat anu teu lega.

Baranahan

Mangsa jalangan biruang mah sakeudeung, nyaéta sanggeus mangsa cicing nu sawanda jeung hibernasi. Sakali anakan, ilaharna mah indung biruang téh ngaborojolkeun 1-3. Anakna, pas borojol téh ompong, lolong, jeung botak. Anakna ieu bakal disapih mun umurna geus satengah taunan. Dina mangsa éta, anak biruang téh disusuan nepi ka umur tilu bulan, laju diajar barang hakan kawas indungna. Najan geus disapih, salila tilu taun mah anak biruang téh tara jauh ti indungna. Biruang nincak sawawa dina umur tujuh taunan.

Biruang jeung manusa

Di wewengkon nu deukeut ka habitatna, biruang kaitung dalit jeung kahirupan manusa.

Sacara umum, biruang sok nyingkahan tepung jeung manusa. ngagunakeunpangambeuna nu seukeut, kadatangan manusa bisa kanyahoan ku biruang jauh saméméh manusa mireungeuh ayana biruang. Tapi, mun patali jeung dahareun (nu dibawa), aya kamungkinan biruang justru ngadeukeutan manusa, malah bisa narajang pikeun ngala dahareun.

Klasifikasi

  • Kulawarga Ursidae
    • Subfamili Ailuropodinae
      • Panda, Ailuropoda melanoleuca
      • Panda Dwarf, Ailuropoda minor (extinct)
    • Subfamili Tremarctinae
      • Spectacled Bear, Tremarctos ornatus
      • Biruang Guha Florida, Tremarctos floridanus (lastari)
      • Giant Short-Faced Bear, Arctodus simus (lastari)
      • Short-Faced Bear, Arctodus pristinus (lastari)
      • Brazilian Short-Faced Bear, Arctotherium brasilense (lastari)
      • Argentine Short-Faced Bear, Arctotherium latidens (lastari)
    • Subfamili Ursinae
      • Biruang Coklat, Ursus arctos
        • Subspésiés Biruang Siria Ursus arctos syriacus
        • Subspésiés Biruang Grizzly, Ursus arctos horribilis
        • Subspésiés Biruang Kodiak, Ursus arctos middendorffi
        • Subspésiés Himalayan Brown Bear, Ursus arctos isabellinus
        • Subspésiés Biruang Bergman, Ursus arctos piscator (lastari)
      • Biruang MacFarlane, Ursus inopinatus (lastari)
      • Biruang Hideung Amérika, Ursus americanus
      • Biruang Kutub, Ursus maritimus
      • Biruang Hideung Asia, Ursus thibetanus atawa Selenarctos tibetanus
        • Ursus thibetanus formosanus atawa Selenarctos tibetanus formosanus
        • Ursus thibetanus gedrosianus atawa Selenarctos tibetanus gedrosianus
        • Ursus thibetanus japonica atawa Selenarctos tibetanus japonica
        • Ursus thibetanus laniger atawa Selenarctos tibetanus laniger
        • Ursus thibetanus mupinensis atawa Selenarctos tibetanus mupinensis
        • Ursus thibetanus thibetanus atawa Selenarctos tibetanus thibetanus
        • Ursus thibetanus ussuricu atawa Selenarctos tibetanus ussuricu
          Biruang hideung Asia bisa digolongkeun kana genus Selenarctos.
      • Biruang Auvergne, Ursus minimus (lastari)
      • Biruang Etruscan, Ursus etruscus (lastari)
      • Biruang Guha Éropa, Ursus spelaeus (lastari)
      • Biruang Atlas, Ursus crowtheri (lastari)
      • Biruang Sloth, Melursus (Ursus) ursinus
        • Subspésiés Biruang Sloth Sri Langka Melursus (Ursus) ursinus inornatus
        • Subspésiés Biruang Sloth India Melursus (Ursus) ursinus ursinus
      • Ontohod, Helarctos malayanus
        • Subspésiés Ontohod Bornéo Helarctos (Ursus) malayanus euryspilus

Genera Melursus jeung Helarctos diasupkeun dina genus Ursus. Biruang Hideung Asia jeung Biruang Kutub biasana mah diperenahkeun dina generana séwang-séwangan: Selenarctos jeung Thalarctos.

Hubungan évolusionér

Biruang téh anggota ordo Carnivora, subordo Caniformia, sarta kulawarga Ursidae. Anggota Caniformia lianna nyaéta ajag jeung mamalia kawas anjing (kulawarga Canidae), ganggarangan, jeung sabangsana (kulawarga Mustelidae), careuh bulan (kulawarga Procyonidae), jeung gajah laut (kulawarga Odobenidae), anjing laut (kulawarga Phocidae), jeung singa laut (kulawarga Otariidae). Najan biruang mindeng digambarkeun ngalaman évolusi ti karuhun nu kawas anjing, dulur pangdeukeutna mah justru gajah laut, anjing laut, jeung singa laut.

Bacaan salajengna

  • Bears of the World, Terry Domico, Poto-poto karya Terry Domico & Mark Newman, Facts on File, Inc, 1988, jilid kandel, ISBN 0-8160-1536-8
  • The Bear karya William Faulkner

Tumbu kaluar


Biruang 

Tags:

Biruang HabitatBiruang ParipolahBiruang KlasifikasiBiruang Hubungan évolusionérBiruang Bacaan salajengnaBiruang Tumbu kaluarBiruang

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

ParayBurokanHondaJajangkunganSisingaanSiti Hardijanti RukmanaMociKabupatén PangandaranMagmaLisénsi Dokumén Bébas GNUAngsanaNgawulukuIwa Kusuma SumantriCut Nyak DhienIbing KusmayatnaArkéologiMoroccoKakawihanRonald ReaganGoongRarangkén -keunÉnsiklopédiNgadu kaléciLeuwiCau ambonKendangNike ArdilaKawih kaulinanDaptar istilah sora satoNgorongKila-kilaRebabKonéng gedé1725Sajarah basa SundaBoluIsmail MarzukiOncomTepasSawalaSamsoediR.E. MartadinataRumpakaKabupatén TulungagungKeuyeupTaratasJalmaKarajaan NgahijiBabakaurAngelina JolieBulan purnamaAdolf HitlerWawacan MintaragaWikipediaBobokoMaén balPada🡆 More