Tata Ngaran Biologi

Tata ngaran dina biologi geus sababaraha kali ngalaman parobahan ti mimiti manusa nyatet rupa-rupa organisme.

Plinius dina jaman kakaisaran Romawi geus nyatet sababaraha tatangkalan jeung sato dina ensiklopedia anu dijieuna ku basa Latén. Cara méré ngaran organisme, dina kabiasaan bangsa Éropa nepikeun ka kiwari tata ngaran ngagunakeun basa Latén.

Tata ngaran binomial

Tata ngaran binomial atawa binomial nomenklatur mangrupa aturan tetep pamakéan ngaran pikeun sakabéh organisme (mahluk hirup) anu mangrupa dua kecap (binomial hartina 'dua ngaran') dumasar kana sistem taksonomi biologi, ku jalan nyokot ngaran genus dituluykeun ku ngaran spesiesna.

Ngaran anu dipaké nyaéta ngaran anu baku diarah tina basa Latén atawa basa séjénna anu dilaténkeun. Anu ngamimitian kana ieu tata ngaran taya lian ti Carolus Linnaeus. Ieu aturan mimitina dipaké keur golongan fungi, pepelakan jeung sasatoan, satuluyna dipaké waé keur golongan baktéri ogé. Sesebutan ieu disaluyuan minangka ‘ngaran ilmiah' (scientific name) atawa anu katelahna "ngaran Latén". Sok sanajan éta henteu sapinuhna bener, naon sabab sawaréhna ngaran anu aya téh lain maké basa Latén tapi maké ngaran anu pangheulana manggihan “pamanggih” atawa déskripsi (disebut deskriptor), tuluy waé dijieun maké basa Latén keun. Carolus Linnaeus méré alesan maké basa Latén, ku lantaran ieu basa henteu ngalaman parobahan nepi ka kiwari.

Méré ngaran ka salah sahiji organisme kiwari aya aturan internasionalna nyaéta (ICBN ; International Code of Nomenclature for algae, fungi, and plants) dipaké tata ngaran pepelakan, sawaréh alga, fungi, ogé kerak lumut, jeung posil tatangkalan; aya deui (ICZN ; International Code of Zoological Nomenclature) ieu mah dipakéna kana tata ngaran sasatoan katut fosil sasatoanna.

Hubungan Klasifikasi jeung Taksonomi

Klasifikasi ngumpulkeun dumasar kana sarua atawa henteu éta organismé dina klasifikasi biologi mah, spesies anu kaasup hiji kumpulan anu engkéna baris diklasifikasikan. Prinsipna, ngaran anu dijieun keur hiji spésies éta bener-bener bisa independén tina klasifikasina. Taksonomi kaasup di jerona (tata ngaran nomenklatur ogé klasifikasi. Dimimitian ku (sakapeung disebut "alpha taksonomi") ngajelaskeun ngaran tina spesies organisme hirup atau fosil.

Ku lantaran kitu tata ngaran binomial mangrupa hiji bagian anu penting tina taksonomi ku sabab mangrupa sistem di mana spésiés dingaranan. Taksonomi meré aturan sajeroeun klasifikasi, kaasup prinsip-prinsip, prosedur jeung aturanna.

Tutumbu Kaluar


Tata Ngaran Biologi 



Sumber rujukan

Tags:

Tata Ngaran Biologi Tata ngaran binomialTata Ngaran Biologi Hubungan Klasifikasi jeung TaksonomiTata Ngaran Biologi Tutumbu KaluarTata Ngaran Biologi Sumber rujukanTata Ngaran BiologiBasa LaténBiologiOrganismeSatoTangkalÉropa

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Peristiwa Kapunahan Kapur-TérsiérSpéktrum cahaya katémbongWikikamusCarita PantunIndonésiaPropinsi SyunikBébénténganJoko WidodoBangbaraGoogleCaiKaulinan budak SundaAmber HeardAnggelCépotAr RahmanWaditraDaptar istilah ngeunaan sasatoanSuhartoKaiUgaRarangkén pada-Agus SalimSeni PintonanKawihTéhnologiKamalirLingkungan hirupInohongAluvialOpat kalima pancerRadiasi éléktromagnétikSeblakAyakanSelatMantra SundaGegetukAntonimPancakaki19 AgustusGosaliAmbil-AmbilanSyahriniParibasaJohnny Deppzhcn8SisidueunGeorge W. BushLancah maungGondéwaMohammad HattaBagus RanginLemperGolodogKérod salawéAlex FergusonSydneyGlobalisasiJaiponganGambasTajikistanGurisaSintungPlutoDodolPupukKarya IlmiahEngangLimusTaksonomiKampung Adat CireundeuCristiano RonaldoKirataTajugSatelit KomunikasiHaji Abdul Malik Karim Amrullah🡆 More