Néptunus

Néptunus (ᮔᮦᮕ᮪ᮒᮥᮔᮥᮞ᮪; simbol: ) nyaéta planét panglaérna (kadalapan) lamun dilanglang ti Panonpoé.

Néptunus mibanda jarak rata-rata jeung Panonpoé sagedé 4.450 juta km. Neptunus mibanda diaméter ngahontal 49.530 km sarta mibanda massa 17,2 massa Bumi. Période rotasi ieu planét nyaéta 16,1 jam, sedengkeun période révolusi nyaéta 164,8 warsih. Wangun planét ieu jiga jeung bulan kalayan permukaan aya lapisan ipis silikat. Komposisi nu nyusun planét ieu téh beusi sarta unsur beurat séjénna. Planét Néptunus miboga 8 satelit, di antarana Triton, Proteus, Nereid, sarta Larissa. Sarua kawas planét gedé séjénna di Surya Mandala, Néptunus ogé mibanda lélépén. Lélépén debu ipis anu mengitari planét ieu kapanggih taun1989 ku Voyager 2. Néptunus dinamai nurutkeun ngaran déwa sagara Roma baraya ti Pluto sarta Jupiter, kapanggih dina tanggal 23 Séptember 1846 ti prediksi matematik lain ti hasil observasi. Minangka planét panglaérna anu ogé mibanda lélépén, lélépén di Néptunus jiga jeung lélépén Jupiter ampir teu kasampak lamun dibandingkeun lélépén Saturnus atawa Uranus. Nepi ka ayeuna dipikanyaho aya 5 lélépén anu geus terdeteksi sarta dipikanyaho data-datana di Néptunus nyaéta ti anu pangdeukeutna nyaéta lélépén Galle, Leverrier, Lassell, Arago sarta Adams. Hiji lélépén lemah séjénna anu tacan dipikanyaho ngaranna motong orbit bulan Néptunus nyaéta Galatea. Sajaba Galatea, aya 3 satelit Néptunus séjénna anu ogé mengorbit di wewengkon lélépén nyaéta Naiad, Thalassa sarta Despina. Lélépén di Néptunus mimiti dipikanyaho di mana ayana dina taun1846 waktu William Lasell nu nimukeun Triton mikir manéhna geus nempo busur lélépén ngalingkung Néptunus. taun1968, ngaliwatan okultasi béntang pikeun munggaran lélépén Néptunus junun dideteksi tapi masih tacan kanyahoan yén éta hiji lélépén.

Néptunus
Planét Néptunus

Rujukan


Néptunus 

Tags:

184619681989BeusiBulanBumiBéntangJupiterPanonpoéPlanétPlutoRomaRotasiSurya MandalaUranus

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

NigerGamelanWawancaraBatagorNgojayCilokWarnaAkarRisolesSiribMalukuInumanBaduyKecap bilangan (basa Sunda)Daptar istilah IslamRagiTahu gejrotMingguKawih kaulinanTingkebanLogikaTahu SumedangAbdasKampung adat CireundeuMaén balTopéng banjétPakarangAl-IkhlasSaint Héléna, Ascension, jeung Tristan da CunhaultraviolétNyeri huntuParahuluAluminiumAntagonisUni SoviétKejadian, Way Serdang, MesujiKeusikSistim OperasiPerang Dunya IISakotengCépotPanonpoéDaptar istilah pakarang satoSasalimpetanHirupPropinsi SyunikSawahKarya IlmiahBajigurBaruang ka Nu NgaroraSisidueunCaah déngdéng1989SuhartoCandi BorobudurDokterR.E. MartadinataOray-OrayanTéhnologiRarangkén pa-BobokoPakeman basaPeuyeumRajahWartawanMagatruBandung TVBurak SilumanNyi Roro KidulPorogTaleus🡆 More