Uranus

Uranus (ᮅᮛᮔᮥᮞ᮪; simbol: ) nyaéta Planét panganggangna katujuh ti Panonpoé sanggeus Saturnus, kapanggih taun 1781 ku William Hechell (1738-1782).

Itungan orbit Uranus nyindekeun yén ieu Planét aya anu ngaréwong. Jarak Uranus jeung Panonpoé nyaéta 2875 juta km. Uranus mibanda diaméter nepi ka 51.118 km sarta ngabogaan massa 14,54 kali massa Bumi. Périodeu rotasi Planét ieu téh 17,25 jam, sedengkeun période évolusi nyaéta 84 warsih. Wangun Planét ieu jiga jeung Bulan nu miboga warna héjo sarta bulao. Uranus ngabogaan 18 satelit alami, di antarana Ariel, Umbriel, Miranda, Titania, sarta Oberon. Anu unik ti Uranus nyaéta cara gerakna. Déngdékna sumbu rotasi Uranus ngahontal 97,7 derajat nu ngajadikeun béda ti Planét-Planét umumna. Balukarna, salila 84 taun période orbitna hiji sisi Uranus baris aya dina sisi caang salila 42 taun sarta poek di sisi séjénna salila 42 taun. Ku kituna mistéri beungeut dina sisi séjén Uranus kakara bakal kajawab sanggeus 42 taun. Taun 1789, William Herscel nempo aya sarupa cingcin di Uranus, tapi éta téh teu kungsi jadi hiji timuan alatan salila 2 abad saterusna can kungsi kasampak ayana cingcin di planét kasebut. Anyar dina bulan Maret 1977, okultasi béntang SAO 158687 ngungkab ayana lélépén ipis sarta reueuk di Uranus. Dina taun 1986, waktu Voyager 2 nalungtik leuwih deukeut Uranus, manéhna hasil moto éta cingcin ti jarak anu deukeut. Tatapina manusa tacan sanggup pikeun ngajugjug ka ditu sarta nyokot potona. lolobana materi di sistem cingcin Uranus aya dina 9 cingcin ipis anu perenahna dina jarak 41000 – 52000 km ti puseur planét. lolobana ti cingcin Uranus ngabogaan rubak 1 – 10 km, saheulaanan ali epsilon anu aya di bagian luar Uranus nyaéta anu pangrubakna sarta pangeksentrikna. Cingcin epsilon éta téh aya dina jarak 20 km – 96 km. Partikel nu nyusun cingcin Uranus anu kasampak ti Bumi ngabogaan ukuran anu meh sarua jeung cingcin utama Saturnus nyaéta ~1 cm – 10 m. Tapi di bagian ali epsilon, susunanana diwangun ti balok-balok es anu ukuranana sababaraha kaki. Ali epsilon ogé warnana dawuk, kalayan satelit Cordelia sarta Ophelia anu fungsina minangka satelit nu ngumbala pikeun cingcin téa. Sajaba ti éta di sapanjang 9 cingcin Uranus, ogé aya partikel-partikel kebul lemes anu kadistribusi anggang ngeusian éta cingcin.

Uranus
Planét Uranus

Rujukan


Uranus 

Tags:

173817811782178919771986Bulan (disambiguasi)BumiManusaPanonpoéPlanétRotasiSatelitSaturnusÉvolusi

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Produk doméstik brutoGayam699LeukeurCut Nyak DhienPaguyuban PasundanGajahCareuh bulanInumanYunaniWawacan Umar Maya20 SéptémberPamayang1982Rarangkén ka-10 JanuariQBasa LaténComro1674International Telecommunication UnionNyi Pohaci Sanghyang AsriNagara Islam Irak jeung SyamSahadatPanyajakKota BandungBajigurSaurRarangkén sang-Rarangkén si-Ar-RumMaén balJudulSpéktrum éléktromagnétikPeer to PeerPerpustakaanSéptémberTaratasKasingsat400ISO 3166-1AntonimParibasaRomaniaUrinHadi AKSDaptar istilah pakarang satoLentongKabayaSecangMakauFotografiPapantingSalasaJamaikaRaffi AhmadKemisHawuKompas TVGandrumNyeri huntu1945DongéngKembang GoyangBayawakBajidoranStasion karéta apiNagorno-KarabakhWawacanKaranganSpanyolAtikanKampung adat Cireundeu🡆 More