Koréa

Koréa nyaéta hiji semenanjung anu aya di Asia Wétan.

Diwatesan ku Laut Konéng di kulon, Selat Koréa di kidul, Laut wétan (Laut Jepang) di wétan, sarta wilayah Manchuria di kalér. Kiwari, Koréa dibagi dua nagara, nyaéta Koréa Kalér sarta Koréa Kidul.

Koréa
Koréa

Sajarah

Urang Koréa percaya yén baheula (kira-kira abad 3-2 abad SM) aya hiji karajaan anu ngaranna Joséon (kiwari sok disebut Gojoséon sangkan henteu pahili jeung karajaan Joséon anu didirikeun abad ka-14).

Geus kitu, aya karajaan-karajaan saperti Silla, Baekje, Goguryéo, Gaya, jsb. Karajaan-karajaan éta bertahan ti abad ka-1 nepi ka abad ka-6.

Abad ka-6 M, karajaan Silla ngéléhkeun karajaan-karajaan anu aya di semenanjung Koréa, anu disebut ogé Karajaan Silla Ngahiji. Tuluy, karajaan Goryéo jadi pangawasa di Koréa nepi ka abad ka-14.

Abad ka-14,Yi Seong-gyé, pendiri karajaan Joséon ngéléhkeun Goryéo, sarta Koréa berkembang pesat. Karajaan Joséon bertahan salila kurang leuwih lima abad.

Tuluy, Kaisar Gojong ti Koréa ngagenti karajaan Joséon jadi Kekaisaran Han Raya, tuluy ngayakeun réformasi di Koréa. Kekaisaran Han Raya bertahan salila 13 taun saacan anéksasi Jepang.

Ti taun 1910-1945, Koréa dijajah ku Jepang. Taun 1945, wilayah koréa dibagi dua dumasar garis lintang 38 darajat. Bagian kidul diawas ku Amérika Serikat, sedengkeun wilayah koréa bagian kalér diawas ku Uni Soviét. Masing-masing ngumumkeun kamerdikaanna sacara terpisah.

Tingali ogé

Koréa 

Tags:

AsiaKoréa KalérKoréa KidulLaut JepangWétan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

ASKarajaan NgahijiKunyit19531771Daptar istilah sora satoTingkebanSuis27 DésémberGelombang éléktromagnétikRinyuhHéndarsoRarakitanGorilaBatubaraBudayaKawihFolklorKuda nil1630-anAl-IkhlasNyiruRandeganJaiponganInggit GarnasihPerang Dunya IIPrésidén Républik IndonésiaSolatPandémi koronavirus 2019 di Amérika SarikatSerat optik1499Nomer Buku Standar InternasionalApple Inc.GondéwaTurkiWaditraManchester City F.C.Hak asasi manusaGugununganWiki CommonsPerang Punik IWawacanRarangkén di-KroasiaMeuncit Sato BélaGliserolSumatra KalérMuhammad SangiduIdulfitriAnwar Tjokroaminoto.idCurukMinyak bumiAsmaul husnaMociBayawakFransiskanProduk doméstik brutoSeni rupaBaladaSamsudin HardjakusumahRukun ImanBasisir LangitWikipediaSistim tulis JepangAksara Sunda Baku🡆 More