Seni rupa nyaéta cabang seni anu ngabentuk karya seni anu maké média anu bisa katingali tur dirampa.
Kesan ieu diciptakeun kalayan ngolah konsép garis, bidang, bentuk, volume, warna, tekstur, jeung pencahayaan kalayan acuan éstétika. Seni rupa cabang seni anu ngawangun karya seni ku média, anu bisa katingali jeung bisa dirasakeun. Ieu kesan diciptekun ku cara ngolah konsép titik, garis, bidang, bentuk, volume, warna, tékstur jeung cahaya kalayan acuanana éstétika. Unsur seni rupa kasebut disususn nepi ka jadi hiji pola anu tangtu. Bentuk karya seni rupa mangrupa sakabéh unsur rupa anu kasusun dina hiji struktur atawa komposisi anu miboga harti. Unsur-unsur rupa kasebut lain ngan saukur kumpulan atawa akumulasi bagéan anu teu boga harti, tapi dijieun saluyu jeung prinsip anu tangtu. Ma’na dina bentuk karya seni rupa teu ditangtukeun ku loba atawa saeutikna unsur rupa anu ngawangunna, tapi tina sifat struktur éta sorangan. Ku kituna, kualitas tina hiji karya leuwih penting tibatan jumlah bagéanana. Basa rupa kasebut sabagé media komunikasi pikeun diaprésiasi ku penikmat seni atawa aprésiator. Nurutkeun Jakob Sumardjo, seni rupa téh hiji wanda atawa artefak anu bisa ditingali,didengé atawa bisa ditingali bari didengé (visual audio- audio visual). Lian ti éta, seni rupa ogé disebut élmu anu nalungtik ngeunaan kaéndahan, nyaéta sacara téori jeung praktékna..
Ditilik tina segi wujud jeung wangunna, seni rupa kabagi dua, nyaéta karya seni rupa dua diménsi jeug tilu diménsi..
Ditilik tina fungsina, seni rupa kabagi jadi dua nyaéta:
Seni Rupa Murni nyaéta karya seni rupa anu diciptakeun kalayan ngahontal kabutuhan artistik. Seni Rupa murni umumna miboga fungsi sabagé sarana ngaéksprésikeun cita rasa éstétik. Kabébasan éksprési dina seni rupa murni téh diutamakeun pisan. Contona:
Seni rupa terapan nyaéta karya seni rupa anu diciptakeun kalayan ngahontal kabutuhan praktis, nyaéta nu leuwih diutamakeunna dina sisi kagunaan tibatan faktor kaéndahan atawa artistikna. Anu kaasup kana seni rupa terapan nyaéta:
Réklame asalna tina basa Latin nyaéta Re jeung Clamo anu artina gogorowokan. Udagan tina ieu seni réklame pikeun mangaruhan jeung ngajak batur. Contona nyaéta iklan jeung spanduk.
Seni rupa dibédakeun jadi tilu katégori nyaéta:
Dua kategori anu panungtung osok disebut Seni Rupa Terapan. Seni rupa murni gumantung kana karya-karya anu mentingkeun kapuasan ekspresi sorangan. Sedengkeun kriya jeung désain, leuwih mentingkeun pungsi jeung babrina produksi. Ilaharna seni rupa dina bahasa Inggris nyaéta Fine Art. Tapi kamekaran dunya seni modérn, istilah Fine Art jadi leuwih spesifik kana wangenan seni rupa murni anu satuluyna digabungkeun jadi seni rupa désain jeung seni rupa kriya nyaéta seni rupa terapan. Seni rupa terapan gumantung kana aplikasi désain tur estetika kana barang-barang anu dipaké manusa sapopoé. Sedengkeun seni rupa murni, diciptakeun ngan saukur muaskeun ekspresi sorangan, seni rupa terapan maké désain jeung idéalisme kréatif pikeun nyiptakeun barang-barang kabutuhan sapopoé, saperti cangkir atawa bangku, dekorasi buruan.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Seni rupa, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.