Acép Zamzam Noor nyaéta salah saurang panyajak dina basa Indonésia jeung Sunda.
Lahir di Tasikmalaya, 28 Februari 1960. Sajaba ti éta, kagiatan sapopoéna ngalukis. Putra inohong Nahdatul Ulama Moh. Ilyas Ruhiat. Digedékeun di lingkungan Pasantrén Cipasung Tasikmalaya. Tapi satamatna ti SMA, Acép neruskeun nyuprih élmu ka Fakultas Seni rupa jeung Desain Institut Teknologi Bandung (1980-1987), satuluyna meunang béasiswa ti pamaréntah Italia pikeun ngajeroan seni rupa di Universita Italiana Per Stranieri (1992-1993).
Acép Zamzam Noor | |
---|---|
Acép Zamzam Noor | |
Gumelar | 28 Fébruari 1960 Tasikmalaya |
Kabangsaan | Indonésia |
Génré | Sajak, Éséy |
Karya-karya Sastra-na winangun sajak sumebar di sababraha kalawarta, saperti Manglé, Horizon, Panji Masyarakat, jsté. Sajak-sajakna dina basa Indonésia di antarana geus dibukukeun dina “Tamparlah Mukaku” (1982), “Aku Kini Do’a” (1984), jeung “Kasidah Sunyi” (1989). Taun 1991 jadi Pinunjul 1 hadiah sajak ti LBSS jeung taun 1993 jadi pinunjul II LBSS. Sajak-sajak basa Sunda-na dibukukeun dina Dayeuh Matapoé (1993).
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Acép Zamzam Noor, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.