Yus Rusyana (gumelar di Garut, 24 Maret 1938; umur 86 taun) nyaéta salah saurang sastrawan jeung Guru Besar di Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.
Mimiti sakola formal di Sakola Rahayat Nagari Pameungpeuk (1946-1952). Kiwari, anjeunna dumuk di kompleks Suaka Éndah, Jalan Gajah I no.19/21 bareng jeung garwana, Ami Raksanagara . Salian ti jadi guru besar, Yus ogé jadi panalungtik basa jeung sastra di UPI Bandung. Anjeunna kawilang sastrawan nu produktif pisan, karya-karyana aya nu dina wangun sajak, carpon, jeung esai boh dina basa Sunda boh dina basa Indonésia.
Sanggeus lulus ti SGBN 1 Garut dina taun (1952-1955), kalayan modal nekat Yus nuluykeun ka SGAN 1 Bandung (1955-1958). Minat nulisna tumuwuh alatan ngokolakeun majalah dinding di sakola babarengan jeung babaturanna anu saterusna ogé jadi sasterawan Sunda, kawas Iskandarwassid sarta Mien Resmana. Sabada tamat SGA Yus jadi guru honorer di salah sahiji sakola. Sanggeus sawatara lila manéhna nuluykeun kuliahna di FKSS IKIP Bandung Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda dina taun (1958-1964). Yus nuluykeun S2 di IKIP Bandung Jurusan Bahasa dan Sastra Indonesia, tuluy meunang gelar doktor di Universitas Indonésia.
Basa jadi mahasiswa Yus mimiti ngamekarkeun kaparigelan nulisna, utamana dina widang sajak Sunda. Ti saprak harita karya-karyana loba nu dimuat dina Sipatahoenan. Salian ti éta, manéhna ogé aktip dina kagiatan kasenian di kampus, saperti nyieun Liga Drama anu loba mintonkeun sababaraha karyana, di antarana "Cahya Maratan Waja" (1964); "Hutbah Munggaran di Pajajaran" (1965); "Di Karaton Najasii (1966) jeung sajabana.
Karya-karyana nu lain nyaéta :
Yus Rusyana dilélér hadiah Sastera Rancagé (1989) pikeun bukuna Jajaten Ninggang Papasten.
Artikel ngeunaan sastra ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Yus Rusyana, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.