Abū Ḥāmid Muḥammad ibn Muḥammad al-Ghazālī (basa Pérsia: ابو حامد محمد ابن محمد غزالی; leuwih dipikawanoh ku ngaran Al-Ghazali atawa Al-Ghazzal; di dunya kulon pertengahan mah ngaranna dipikawanoh minangka Abuhamet jeung Algazel; gelar Hujjatul Islam; ti taun 1058 – 1111) nyaéta saurang pamikir tur praktisi atikan anu icikibung ku cara langsung.
Artikel ieu salasahiji tina séri Islam |
Istilah-istilah Islam |
Rukun Islam |
Sahadat |
Solat – Saum |
Zakat – Haji |
Kota Penting |
Mekah – Madinah |
Yerusalem – Kufah |
Kajadian |
Hijrah – Kalénder Islam – Idul Fitri |
Idul Adha – Maulid |
Wangunan |
Masjid – Munara |
Mihrob – Ka'bah |
Arsitéktur Islam |
Rujukan Ajaran |
Qur'an – Hadits – Sunnah |
Fiqih – Fatwa – Syari'ah |
Madhab |
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i |
Téologi atawa élmu kalam jeung filsafat ogé mangrupa élmu anu diteuleuman ku anjeunna. Ninggang mangsa di ahir hayatna, Al-Ghazali ninggalkeun sagala panalungtikanna anu saterusna éstuning tasawuf anu jadi pacekelan nyatana jalan Sufi téa anu dipilihna.
Al-Ghazali gumelar di Ghazaleh, hiji désa di deukeut Tus di daérah Khurasan (Pérsia) dina taun 1058 Maséhi. Anjeunna katurunan persia ogé patula-patali jeung kulawarga raja-raja Saljuk anu maréntah daérah Khurasan, Jibal, Irak, Jazirah, Pérsia jeung Ahwaz. Kolotna digaé minangka tukang mintal wol anu dina basa Arab disebut gazzal. Bapana jalma miskin anu jujur, hirup tina usaha mandiri, jeung anjeunna mindeng pisan ngadatangan ka bumi para 'Alim ulama, tolab élmu jeung migawé hadé ka aranjeunna.
Al-Ghazali boga saurang adi anu ngaranna Ahmad, duanana jadi ulama agung jeung pengagum sarta nu mikacinta élmu. Ku berkahna pitulung saurang sufi basajan jeung saeutik harta anu diwariskeun ku kolotna, Al-Ghazali jeung dulurna abus Madrasah Tingkat Dasar (Madrasah Ibtidaiyah) jeung nyangkem élmu-élmu dasar. Guruna anu utama di madrasah éta nyaéta Yusuf Al-Nassaj, saurang sufi anu saterusna ngaranna disebut ogé Imam Al-Haramain, Al-Nassajlah anu mimiti pisan neundeun dasar-dasar pamikiran sufi dina diri Al-Ghazali. Al-Ghazali diajar élmu fiqih, mantiq, ogé ushul.
Anjeunna ogé diajar filsafat tina risalah-risalah ikhwanusshofa karangan Al-Farabi jeung Ibnu Maskawaih, ku kituna ngaliwatan ajaran-ajaran ahli filsafat éta, Al-Ghazali bisa neuleuman paham-paham Aristotélés ogé pamikir Yunani nu lianna. Anjeunna ogé diajar ajaran Islam ti imam Syafi'i, Haramlah, Jambad, Al-Muhasibi, jeung lain-lain. Al-Ghazali ogé guguru ka imam Abu Ali Al-Faramzi, murid Al-Qusyairi anu kawentar jeung sahabat Al-Subkhi, anjeunna miboga jasa anu gedé dina ngajarkeun élmu tasawuf ka Al-Ghazali. Hiji Mangsa, Al-Ghazali iilueun dina padungdengan jeung sakumpulan ulama ogé para intelék anu dihadiran ku Nidham AlMulk.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Al-Ghazali, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.