Hémoglobin (nénéhna Hb) mangrupa métaloprotéin pangakut oksigén nu ngandung beusi dina sél beureum dina getih mamalia jeung sato lianna.
Hémoglobin ngakut oksigén ti bayah ka sakujur awak, misalna otot.
Ngaran "hémoglobin" téh tina heme jeung globin, nu ngagambarkeun sub-unit hémoglobin nu mangrupa protéin globular nu meungkeut gugus hém (atawa hémé); tiap gugus hém ngandung hiji atom beusi, nu pancénna meungkeut oksigén. Umumna mah hémoglobin téh ngandung opat sub-unit nu masing-masing boga hiji gugus hém.
Mutasi dina gén nu nyandi protéin hémoglobin bisa ngabalukarkeun panyakit nurun nu disebut hémoglobinopati, misalna anémia sél sabit jeung talasémia.
Molekul hémoglobin téh mangrupa susunan opat sub-unit protéin globular. Unggal sub-unit diwangun ku ranté protéin nu ngabeungkeut gugus hém non-protéin. Masing-masing ranté protéin ieu disusun dina struktur héliks alpa nu ngahiji jadi "myoglobin".
Gugus Hém ngandung atom beusi nu dibeungkeut dina cingcin hétérosiklik nu ngaranna porpirin. Atom beusi ieu mangrupa loka pameungkeut oksigén. Atom beusi kabeungkeut ku opat nitrogén di tengah cingcin nu aya dina hiji widang datar. Dua beungkeut tambahan ajeg di tengah widang datar, meungkeut atom beusi, antukna nu hiji bisa nyantél pageuh ka protéin, sedengkeun nu lianna ngabeungkeut oksigén. Atom beusi bisa aya dina kaayaan Fe2+ atawa Fe3+, tapi férihémoglobin (méthémoglobin, Fe3+) teu bisa meungkeut oksigén.
Dina awak manusa sawawa, tipe Hb nu paling umum nyaéta tétramér nu katelah hémoglobin A, nu ngandung masing-masing dua sub-unit α (141 résidu asam amino) jeung β (146 résidu) nu teu kabeungkeut sacara kopalén, dilambangkeun ku α2β2. Dua rupa sub-unit ieu bentuk sarta ukuranana méh sarupa, beurat molekulna kira 16.000 dalton, sedengkeun tétramér totalna kira 64.000 dalton. Hémoglobin A mangrupa molekul hémoglobin nu pangmindengna ditalungtik.
Ranté polipéptida nu opat tadi dibeungkeut ku sasak garam, beungkeut hidrogén, jeung interaksi hidropobik. Aya dua rupa kontak antara ranté α jeung β: α1β1 jeung α1β2.
Dina émbrio:
Dina fétus:
Di nu sawawa:
Nalika sél beureum nepi ka waktuna paéh alatan ngolotan atawa ruksak, sél ieu bakal diancurkeun, molekul hémoglobinna dibongkar, sedengkeun beusina didaur ulang. Nalika cingcin porpirin direcah, sésana téh disékrésikeun dina bili tina ati. Produk ahir degradasi hém téh nyaéta bilirubin téa.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Hémoglobin, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.