Talasémia

Talasémia mangrupa kasakit nurun alatan cacadna molekul globin dina sél getih beureum.

Cacad genetik dina sintésis ranté globin ngabalukarkeun teu stabil atawa teu normalna angkutan oksigén, sedengkeun sél getihna leuwih gampang ruksak/paéh. Tarékah pikeun natambaan ieu kasakit nyaéta ku cara transfusi getih unggal dua-tilu minggu; mun transfusi getih nu ngabalukarkeun numpukna kandungan beusi ieu geus karasa nyusahkeun, tarékah lianna nyaéta ku cangkok sungsum tulang.

Talasémia
Classification & external resources
ICD-10 D56.
ICD-9 282.4

Ngaran ieu kasakit dicokot tina basa Yunani 'Thalassa' nu hartina sagara jeung 'haima' nu hartina getih. Sagara nu dimaksud nyaéta sagara Méditerania, wewengkon kapanggihna ieu kasakit. Talasémia aya di ampir sakabéh populasi, utamana di wewengkon tropis.

Klasifikasi

Talasémia digolongkeun dumasar kana molekul globin anu cacadna:

  • talasémia α (alpa), alatan kurangna produksi globin α
  • talasémia β (béta), alatan cacadna globin β.

Prévalénsi

Ieu kasakit karandapan ku 16% urang Siprus, 3-14% di Muangtai, jeung 3-8% di populasi Indonésia, India, Pakistan, Bangladés, jeung Cina. Populasi séjén nu ngarandapan ieu kasakit di antarana Amérika Latin, Karibia, Méditerania (misalna Spanyol jeung Itali), jeung Aprika.

Tumbu kaluar


Talasémia 

Tags:

BeusiGetihOksigénSél (biologi)Sél getih beureum

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

ÉléktromagnétismeRarangken per-WawancaraTarumanagaraLionel MessiEdwin HubbleNadom alam mahsyarSéroMusiumLos Angeles25 JanuariAfrikaPerang BubatAdi HidayatRakitan lantipSuku (biologi)ProsaSérén taunKeuyeupUcing-ucinganAdat ngariksa nu kakandunganDomba GarutAl KafirunAl BaqorohWaktuJuwarGéografiKota DépokParibasaBalakbakDaptar inohong bangsa IndonesiaAnakronismeuCarulukKumpulan sajakKatolikAgum GumelarSpam (éléktronik)IdulfitriSuratPerang Dunya IIRusiaKaduReungit216 SMKacapiRarangkén pa--anMéterUrang MinangPeuyeumRinyuhMuhammadÉlmu24 AprilSiritMundinglaya DikusumahNgaliwon OrokCaliforniaMcLarenKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarPrésidén Républik IndonésiaGugununganDonald TrumpPesta lautNarjiManchester City F.C.GondéwaLongsérSamudra HindiaBéklen🡆 More