1 Maret

1 Maret nyaéta poé ka-60 dina sataun (ka--61 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 305 poé.

1 2
3 4 5 6 7 8 9
10 11 12 13 14 15 16
17 18 19 20 21 22 23
24 25 26 27 28 29 30
31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1565 – Kota Rio de Janeiro diadegkeun.
  • 1796 – VOC dinasionalisasi ku Républik Batavia.
  • 1811 – Pamingpin Dinasti Mamluk nemasing pati ku pangawasa Mesir, Muhammad Ali.
  • 1815Napoleon mulang ka Perancis ti pangbuanganna di Elba.
  • 1870 – Marsekal F. S. López perlaya dina Patempuran Cerro Corá nu ku kituna mungkas Perang Paraguay.
  • 1872 – Taman Nasional Yellowstone diadegkeun minangka taman nasional nu munggaran di dunia.
  • 1873 – Di Illion, New York, E. Remington and Sons mimiti ngajieun mesin ketik praktis nu munggaran.
  • 1893Nikola Tesla némbongkeun pamakéan radio nu munggaran ka balaréa di St. Louis, Missouri.
  • 1896 – Patempuran Adwa: Pasukan Éthiopia nu leuwih réa jumlahna ngéléhkeun pasukan Italia, mungkas Perang Italia-Éthiopia Kahiji.
  • 1896 – Henri Becquerel nimu pangudaran radioaktif.
  • 1936 – Waduk Hoover réngsé diwangun di Leuwi Colorado dina wates Nevada-Arizona.
  • 1941Perang Dunia II: Bulgaria néken Pakta Triparti, ngabilukkeun manéh ka kakuatan Axis.
  • 1942 – Perang Dunia II: Pasukan Jepang ngadarat di Jawa, pulo utama Hindia Walanda, di Merak, Banten, Érétan Wétan (Indramayu) sarta di Kragan (Rembang).
  • 1946 – Bank Inggris dinasionalisasi.
  • 1947The International Monetary Fund (Dana Moneter Internasional) ngamimitian operasi finansialna.
  • 1949 – Tentara Indonésia ngarebut deui sarta nempatan salila genep jam puseur nagri Yogyakarta ti Walanda.
  • 1950Perang Tiis: Klaus Fuchs disidang pikeun alesan jadi mata-mata Uni Soviét ku ngabolékerkeun data rusiah bom atum.
  • 1954The Castle Bravo, hiji bom hidrogén nu beuratna 15-megaton, dibekéskeun di Atol Bikini di Samudra Pasifik, ngakibatkeun kontaminasi radioaktif pangparahna nu kungsi dijieun ku AS.
  • 1954 – Nasionalis Puérto Riko basanjata nyerang Gedong Capitol AS, nyideraan lima urang anggota déwan.
  • 1956 – Asosiasi Angkutan Jomantara Internasional ngaréngsékeun draft éjaan alpabét radiotelepon pikeun Organisasi Pangapungan Sipil Internasional.
  • 1961 – Présidén AS John F. Kennedy ngadegkeun Korp Kadaméyan.
  • 1964 – Gunung Api Villarrica bitu sarta ngaluarkeun lahar nu ngancurkeun satengah kota Coñaripe di Chili.
  • 1966 – Partéy Ba'ath ngawasa di Syria.
  • 1973 – Séptémber Hideung nyerang kaudutaan Saudi di Khartoum, Sudan, ngakibatkeun maotna tilu urang sandera Barat.
  • 1983 – Koléksi kahiji tina dua welas modél arloji Swatch dipintonkeun di Zürich, Swiss.
  • 1992Bosnia jeung Herzegowina nyatakeun kamerdékaanna ti Républik Féderal Sosialis Yugoslavia.
  • 1998Titanic jadi pilem munggaran nu ngahasilkeun leuwih ti sajuta dolar ti sakuliah dunya.
  • 2002 – Serangan AS ka Afghanistan: Operasi Anakonda dimimitian di wétaneun Afghanistan.
  • 2006 – Wikipédia bahasa Inggris manjing artikel ka sajutana, Jordanhill railway station.
  • 2007 – Tornado narajang Amérika Sarikat béh kidul, nelasan 20 jalma kaasup dalapan urang di SLA Enterprise.
  • 2008 – Pulisi Arménia patelak jeung pawéy daméy oposisi nu protés ku ayana sangkaan kacurangan pamilu présidén, pamustunganna sapuluh jalma maraot.
  • 2014 – Tilu puluh lima jalma palastra sarta 143 lianna taratu dina hiji panusukan masal di Stasion Karéta Kunming di Cina.

Nu babar

  • 1810 – Frédéric Chopin, pianis jeung komposer Polandia (td. 1849)
  • 1817 – Giovanni Duprè, seniman Italia (td. 1882)
  • 1973 – Chris Webber, pamaén baskét Amérika
  • 1974 – Mark-Paul Gosselaar, aktor Amérika
  • 1978 – Jensen Ackles, aktor Amérika
  • 1980 – Djimi Traoré, pamaén bola Mali
  • 1983 – Daniel Carvalho, pamaén bola Brasil
  • 1994Justin Bieber, tukang ngawih Kanada

Nu pupus

  • 2023 – Just Fontaine, pamaén bola Perancis (l. 1933)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

https://www.duhoctrungquoc.vn/wiki/en/March_1

1 Maret 

Tags:

1 Maret Kajadian1 Maret Nu babar1 Maret Nu pupus1 Maret Poé peré poé panginget-nginget1 Maret Tumbu luar1 MaretKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Kampung MahmudAsia KulonGotong royongSancangKanjutChairil AnwarInumanApemASSawalaWikiRarangkén ting-ParabelCakungDana Alokasi UmumSamsoediGénétikaPuan MaharaniGamelan DegungRarakitanSotoAngeunCipatiHiroshimaKampung NagaWikipediaKadalonAntartikaMuriangPanalungtikanAdat NikahKudaAtikanSeserahanCaringinPasantrénTambagaPerang Dunya IIFrasaColénakGadungRarangkén -naBabak (téater)PendopoDaéng Kanduruan ArdiwinataÉtémMijalmaUncal SundaMeanJajangkunganPopong Otje DjundjunanTatang SumarsonoPangaweruhMagma1870Ali agremKecap Rajékan (Basa Sunda)LampingHadiah Sastra RancagéKendangWikisourceAsép Sunandar SunaryaPerjangjian internasionalSakoteng🡆 More