10 Maret

10 Maret nyaéta poé ka-69 dina sataun (ka-70 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 296 poé.

1 2
3 4 5 6 7 8 9
10 11 12 13 14 15 16
17 18 19 20 21 22 23
24 25 26 27 28 29 30
31  

Kajadian

  • 241 SM – Perang Punik Kahiji: Patempuran Aegates: Romawi ngelebuhkeun armada laut Kartagan, ngaréngsékeun perang éta.
  • 947 – Dinasti Tutuluyan Han diadegkeun ku Liu Zhiyuan. Manéhna jadi rajana sarta ngadegkeun puseur nagri di Bian, kiwari Kaifeng.
  • 1607 – Susenyos I ngéléhkeun tentara gabungan Yakub jeung Abuna (Pangéran) Petros II dina Patempura Gol di Gojjam, ngajadikeun dirina Raja Éthiopia.
  • 1629 – Charles I ngabubarkeun Parlemén Inggris, ngamimitian periode sabelas taun Pamaréntahan Pribadi.
  • 1804 – Amérika meuli wilayah Louisiana ti Perancis.
  • 1814 – Kaésar Napoléon I kasoran dina Patempuran Laon di Perancis.
  • 1848 – Perjangjian Guadalupe Hidalgo diratifikasi ku Sénat AS, ngaréngsékeun Perang Méksiko-Amérika.
  • 1861 – Haji Umar Tall ngarebut Kota Ségou, ngancurkeun kakawasaan Raja Bamana ti Mali.
  • 1865 – Amy Spain, hamba sahaya Amérika, dihukum mati alatan maok ti dununganna; dipercaya minangka éksékusi hukuman mati pamungkas pikeun hamba sahaya awéwé di Amérika.
  • 1876Alexander Graham Bell munggaran hasil nguji coba telepon.
  • 1891 – Almon Strowger, tukang ngurebkeun ti Topeka, Kansas, maténtkeun Strowger switch, hiji alat nu nungtun kana otomatisasi parnggantian sirkuit telepon.
  • 1906 – Musibah Tambang Courrières, pangparah-parahna musibah tambang di Éropa, nelasan 1.099 panambang di béh kalér Perancis.
  • 1909 – Ku ditarékenna Perjangjian Inggris-Siam taun 1909, Thailand nyérénkeun nagara-nagara bagéan di Malayu; Kedah, Kelantan, Perlis jeung Terengganu jadi protéktorat Inggris.
  • 1915Perang Dunia I: Patempuran Neuve Chapelle dimimitian. Mangrupakeun operasi skala gedé nu munggaran ti Angkatan Perang Inggris dina perang éta.
  • 1922Mahatma Gandhi ditahan di India alatan pamungpangan sarta dihukum genep taun panjara, tapi dibébaskeun sabada ampir dua taun alatan operasi usus buntuna.
  • 1933 – Lini 6,4 Mw di Long Beach narajang aréa Los Angeles Gedé, ngakibatkeun 115-120 jalma palastra, sarta karusakan ditaksir kana $40 jutana.
  • 1952 – Fulgencio Batista mingpin kudéta di Kuba sarta nunjuk manéh jadi “pajabat présidén”.
  • 1959 – Perlawanan Tibét: Hariwang kana usaha panyulikan ku Tionghoa, rébuan urang Tibét ngurilingan istana Dalai Lama.
  • 1968 – Perang Viétnam: Patempuran Lima Site 85, nu réngsé dina tanggal 11 di mana 12 urang personil Angkatan Udara AS perlaya.
  • 1969 – Di Memphis, Tennessee, James Earl Ray ngaku salah geus maéhan Martin Luther King, Jr. Kahareupna manéhna gagal ngabatalkeun pangakuanna.
  • 1970 – Perang Viétnam: Kaptén Ernest Medina disidang ku dinas militer AS pikeun kajahatan perang My Lai.
  • 1975 – Perang Viétnam: Kampanyeu Ho Chi Minh: Pasukan Viétnam Kalér nyerang Ban Mê Thuột dina lalampahanna rék ngarebut Saigon dina serangan pamungkas pikeun meunangkeun perang ti Viétnam Kidul.
  • 1977 – Para astronom manggihan cingcin Uranus.
  • 1990 – Di Haiti, Prosper Avril disingkirkeun sabada 18 bulan hasil ngarebut kakawasaan ku cara kudéta.
  • 2017 – Pamakzulan Présidén Park Geun Hye ti Koréa Kidul dikabulkeun ku Pangadilan Konstitusi Nagara, mungkas kaprésidénanna.
  • 2019 – Pasawat Maskapai Éthiopia 302, Boeing 737 MAX, murag, nungtun kana palarangan ngapung sakabéh pasawaat 737 MAX di sakuliah dunya.

Nu babar

  • 1940Chuck Norris, aktor Amérika
  • 1957 – Osama bin Laden, pupuhu al-Qaeda (td. 2011)
  • 1958 – Sharon Stone, artis Amérika
  • 1963 – Jeff Ament, pamaén bass Amérika (Pearl Jam)
  • 1964 – Pangéran Edward ti Inggris
  • 1972 – Timbaland, rapper Amérika
  • 1973 – Chris Sutton, pamaén bola Inggris
  • 1981 – Samuel Eto'o, pamaén bola Kamerun
  • 1985 – Lassana Diarra, pamaén bola Perancis

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

https://www.duhoctrungquoc.vn/wiki/en/March_10

10 Maret 

Tags:

10 Maret Kajadian10 Maret Nu babar10 Maret Nu pupus10 Maret Poé peré poé panginget-nginget10 Maret Tumbu luar10 MaretKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

PakasabanKomunikasiDaptar istilah sora sato.baInohong di Bojong RangkongCelegengBébénténganRarangkén -an1964Sajak SundaSakotengKacapiCaah déngdéngRarangkén pa-6 NopémberPangaweruhDiabétes mélitusAngklungKadalonPeer to PeerTéténongMickey MouseKekecapanKeuyeupᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮘᮊᮥTémpéOray-OrayanSisingaanYunus (surat)JajangkunganBasa JepangCécép BurdansyahSamagaha panonpoéSingaRarangkén N-Hak ciptaAlkésahNgawuluku.yuKembang GoyangOpat kalima pancerPakeman basa1716Asia KulonWareguDemam berdarahAsetPésoAdonan (masak)Kumpulan sajakSabunSamsoediPrasasti Dalung BojongAmérika SarikatDokterNyi Pohaci Sanghyang AsriKarna YudibrataGosaliJimmy WalesSasanggaleunSeni PintonanMuhammad SangiduBabad CirebonRarangkén -keunPaninggaranKota BandungÉnsiklopédiBabak (téater)🡆 More