10 Désémber

10 Désémber nyaéta poé ka-344 dina sataun (ka-345 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 21 poé.

1 2 3 4 5 6 7
8 9 10 11 12 13 14
15 16 17 18 19 20 21
22 23 24 25 26 27 28
29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1768 – Édisi munggaran Encyclopædia Britannica dipedalkeun.
  • 1868 – Lampu lalu lintas munggaran dipasangkeun, saluareun Karaton Westminster di London. Nurutan sinyal jalan rél, ngagunakeun tongkat semaphore (isyarat) sarta digurilapkeun wanci peuting ku lampu gas beureum jeung héjo.
  • 1877 – Perang Turki - Rusia: Tentara Rusia ngarebut Plevna sabada pangepungan salila lima taun. Dua puluh lima rébu garnisun Turki nyarérah. Kameunangan mutlak Rusia ieu ngabalukarkeun réngséna perang sarta pangbébasan Bulgaria.
  • 1884 – Buku Mark Twain, Adventures of Huckleberry Finn dipedalkeun.
  • 1898 – Perang Amérika – Spanyol: Pasini Paris ditanda tangan, sacara resmi ngeureunan pacéngkadan.
  • 1901 – Upacara Hadiah Nobel nu munggaran lumangsung di Stockholm dina tepung taun kalima maotna Alfred Nobel.
  • 1902 – Pangbukaan Bendungan Aswan di Mesir.
  • 1906 – Présidén AS Theodore Roosevelt meunangkeun hadiah Nobel padamean pikeun peranna dina Perang Jepang – Rusia, minangka urang Amérika munggaran nu nampa hiji Hadiah Nobel.
  • 1907 – Pakéwuh Brown Dog (Anjing Cokelat) dina hiji peuting di London, lumangsung nalika 1.000 mahasiswa médis patelak jeung 400 pulisi alatan protés ku ayana sasatoan nu dibedah hirup-hirup.
  • 1948 – Konvénsi Hak Asasi Manusa diteken ku PBB minangka Résolusi 217 di Palais de Chaillot di Paris, Perancis.
  • 1949 – Perang Sipil Cina: Tentara Pangbébasan Rakyat mimiti ngepung Chengdu, kota pamungkas di Cina daratan nu dikawasa ku Kuomintang, maksa Présidén Républik Cina Chiang Kai Shek jeung pamaréntahanna mundur ka Taiwan.
  • 1957 – Pertamina ngadeg.
  • 1963 – Zanzibar meunang kamerdékaan ti Inggris Raya salaku hiji nagara monarki konstitusional dina pingpinan Sultan Jamshid bin Abdullah.
  • 1963 – Usaha panelasan ka Komisionér Tinggi Inggris di Adén nelasan dua jalma jeung nyideraan losinan séjénna.
  • 1968 – Parampogan panggedéna di Jepang, “parampogan 300 juta yén” nu can kapecahkeun kénéh, lumangsung di Tokyo.
  • 1978 – Pacéngkadan Arab – Israél: PM Israél Menachem Begin jeung Présiden Mesir Anwar Sadat réréongan narampa Hadiah Nobel Padaméan.
  • 1984 – Majelis Umum PBB ngaku kana Konvénsi nu ngahulag Panyiksaan.
  • 1989 – Révolusi Mongolia: Dina démonstrasi umum pro-démokrasi munggaran di nagara éta, Tsakhiagiin Elbegdorj ngabéwarakeun diwangunna Sarikat Démokaris Mongolia.
  • 2014 – Menteri Palestina Ziad Abu Ain ditelasan ku pasukan Israél sanggeus pangbubaran hiji démonstrasi di désana (Turmus’ayya) di Ramallah.
  • 2016 – Dua beledugan saluareun stadion ménbal di Istambul, Turki, nelasan 38 jalma sarta natuan 166 séjénna.

Nu babar

  • 1751 – George Shaw, ahli tutuwuhan jeung sasatoan ti Inggris (td. 1813)
  • 1787 – Thomas Hopkins Gallaudet, guru Amérika, ngadegkeun Sakola Tuna Rungu Amérika (d. 1851)
  • 1982 – Sultan Kösen, patani Turki, jalma pangjangkungna nu masih kénéh dumelah
  • 1987 – Gonzalo Higuaín, pamaén bola Argéntina
  • 1996 – Kang Daniel, panyanyi Koréa Kidul (Wanna One)
  • 1999 - Zulfa Maharani Putri, artis Indonésia

Nu pupus

  • 1867 – Sakamoto Ryōma, pulitisi jeung Samurai Jepang (l. 1836)
  • 1896Alfred Nobel, élmuwan Swédia, nu nyiptakeun dinamit sarta ngajieun Hadiah Nobel (l. 1833)
  • 1909 – Red Cloud, tua suku Indian Amérika (l. 1822)
  • 1911 – Joseph Dalton Hooker, botanis Inggris (l. 1817)
  • 1988 – Richard S. Castellano, aktor Amérika (l. 1933)
  • 1999 – Franjo Tuđman, présidén kahiji Kroasia (l. 1922)
  • 2006 – Augusto Pinochet, présidén Chili ka-30, diktator (l. 1915)
  • 2012 – Iajuddin Ahmed, présidén Bangladesh ka-13 (l. 1931)
  • 2020 – Paolo Rossi, pamaén bola Italia (l. 1956)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Hak Asasi Manusa

Tumbu luar

10 Désémber 

Tags:

10 Désémber Kajadian10 Désémber Nu babar10 Désémber Nu pupus10 Désémber Poé peré poé panginget-nginget10 Désémber Tumbu luar10 DésémberKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

PupuhDiksiR.E. MartadinataSelat SundaSaint Héléna, Ascension, jeung Tristan da CunhaKalawarta (program tipi)Bugis (kadaharan)KihkirMuhammad TohaBuncisBasa WalandaÉs dogérMociGosaliKonéng (warna)Kompas TVLodayaSpéktrum cahaya katémbongSajak SundaKembang MatahariKulawargaIsraélDodol1810-anJalan tolHunyurAnies BaswédanUlamaKarajaan SundaAdonan (masak)LentongHafshoh binti UmarKawihDeungeun sanguGambasPakarangLini25 NopémberKawah PutihGatot MangkoepradjaPeristiwa Kapunahan Kapur-TérsiérPerang Israél−Hamas 2023Ingon-ingonLeuncangeun19 AgustusPelita Bandung RayaNgasorAnggelWareguKujangKonyalCandi BorobudurCacandranPanonpoéDjoeanda KartawidjajaPamayangDulangEngangPeurahDaptar inohong bangsa IndonesiaCongklak(248590) 2006 CSBoluRumpakaDapurAl-IkhlasAkuntansiKekecapanLogikaAgum GumelarMitosGalur caritaTingkebanPanyajak🡆 More