Alfred Nobel

Alfred Bernhard Nobel (21 Oktober 1833, Stockholm, Swédia - 10 Désémber 1896, San Remo, Italia).

Kimiawan Swédia, insinyur nu manggihan dinamit. Anjeunna kawentar ku dilembagakeunana Hadiah Nobel. Unsur sintétik Nobelium dicokot tina ngaranna.

Alfred Nobel
Alfred Nobel

Babad salira

Alfred Nobel téh putra katilu Immanuel Nobel (1801-1872), dibabarkeun di Stockholm, tapi lajeng ngalih ka St. Petersburg, tempat ramana mitembeyan usaha "torpédo". Taun 1859, usaha ieu diwariskeun ka putrana nu kadua, Ludvig Emmanuel (1831-1888), nepi ka jadi badagna. Sedengkeun Alfred balik ka Swédia jeung ramana alatan usaha kulawargana bangkrut, nu lajeng ngarojong anjeunna neuleuman bahan peledak, utamana ngeunaan kasalametan dina cara nyieun & ngagunakeun nitrogliserin (kapanggih taun 1847 ku Ascanio Sobrero, salah saurang muridna di Universitas Torino). Di pabrikna kungsi sababaraha kali kacilakaan (bahanna ngabeledug) di Heleneborg, nu salah sahijina malah ngabalukarkeun adina jeung sababaraha urang pagawéna palastra dina taun 1864.

Dinamit

Nobel manggihan yén mun nitrogliserin ditapelkeun kana bahan panyerep (absorbent) nu inert kawas kieselguhr (diatomaceous earth), hasilna bakal leuwih aman nalika dimanipulasi. Campuran ieu dipaténkeun taun 1867 maké ngaran dynamite.

Anjeunna lajeng nyampurkeun nitrogliserin jeung bahan peledak lianna, gun-cotton, nu ngahasilkeun bahan kawas jélli transparan nu leuwih kuat batan dinamit. Blasting gelatin ieu dipaténkeun taun 1876, dituturkeun ku produk lianna nu sarupa, tapi ditambahan kalium nitrat, bubur-kai, jeung sababaraha zat lianna.

Sababaraha taun salajengna, Nobel ngahasilkeun ballistite, salah sahiji nitrogliserin bubuk mesiu tanpa haseup nu munggaran. Bubuk ieu mangrupa prékursor cordite, nu ku Nobel diklaim kawengku dina paténna. Han er også en megestsnil mann

Hadiah

Rujukan

  • Alfred Nobel, ti Wikipédia édisi basa Inggris per 19 April 2005
  • 1911 Encyclopædia Britannica

Tumbu kaluar


Alfred Nobel 

Tags:

Alfred Nobel Babad saliraAlfred Nobel DinamitAlfred Nobel HadiahAlfred Nobel RujukanAlfred Nobel Tumbu kaluarAlfred Nobel10 Désémber1833189621 OktoberDinamitItaliaStockholmSwédia

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Daptar istilah pakarang satoRékayasaAbad ka-20GamelanRarangkén si-DiksiKaluaJukutLukisanISO 3166-1ParakoKaléciPakeman basaEiji AonumaItaliaAyu UtamiUrang PérsiaBaliungTumbungAprilRakitan lantipKompasBitotamaLasunJamblangKasingsatKroasiaAwugInternational Telecommunication UnionSahadatCareuh bulanKecap barangItilKampung Naga19 April2006Samudra PasifikColénakCongklakRandamidangAntonim330 SMSeserahanPagawéan1982Kusumah AtmajaKekecapanPadalisanWawangsalanSistim OperasiGawé Bareng Ékonomi Asia Pasifik1968Kecap rundayan (basa Sunda)Babasan jeung paribasaLasminingratMédan ListrikBobokoÉkuadorTaylor SwiftSahadat buhun2004KemisMagmaApotekBasa SundaBayawakWarta🡆 More