31 Désémber

31 Désémber nyaéta poé ka-365 dina sataun (ka-366 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, mangrupa poé panungtung taun.

1 2 3 4 5 6 7
8 9 10 11 12 13 14
15 16 17 18 19 20 21
22 23 24 25 26 27 28
29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 870 – Patempuran Englefield: Urang Viking patelak jeung ménak Æthelwulf ti Berkshire. Para panyerang kadeseh mundur (ka Anglia Wétan), réa urang Danes (urang Viking karuhun urang Dénmark) palastra.
  • 1759 – Arthur Guinness mimiti ngajieun bir Guinness.
  • 1775 – Perang Révolusioner Amérika: Patempuran Quebec: Pasukan Inggris hasil nadah serangan ti Tentara Kontinéntal pingpinan Jéndral Richard Montgomery.
  • 1790Efimeris, koran Yunani pangkolotna nu masih kénéh medal nepi ka kiwari, munggaran dipedalkeun.
  • 1878 – Karl Benz, nu gawé di Mannheim, Jérman, ngajukeun patén pikeun mesin dua piston nu geus karuhan jalan, sarta hasil meunang paténna di taun 1879.
  • 1944Perang Dunia II: Hongaria nyatakeun perang ka Nazi Jérman.
  • 1944 – Perang Dunia II: Operasi Nordwind, serangan utama Wehrmacht (pasukan gabungan Nazi) ka Garis Hareup Barat dimimitian.
  • 1946 – Présidén Harry S. Truman sacara résmi ngabéwarakeun réngséna mumusuhan dina Perang Dunia II.
  • 1951Perang Tiis: Marshall Plan lekasan sabada ngabagikeun leuwih ti AS$13,3 miliar bantuan luar nagri pikeun ngawangun deui Éropa Kulon.
  • 1963 – Féderasi Afrika Tengah sacara resmi bubar, satuluyna jadi Zambia, Malawi jeung Rhodesia.
  • 1968 – Tupolev Tu-144 ngapung munggaran, pasawat transportasi sipil supersonik munggaran di dunia.
  • 1986 – Kahuruan di Hotél Dupont Plaza di San Juan, Puerto Riko nelasan 97 jalma sarta nyideraan 140 séjénna.
  • 1992 – Cékoslowakia bubar sacara daméy, nu nelah ku média minangka Pipisahan Buludru, ngahasilkeun diadegkeunna Républik Céko jeung Républik Slowakia.
  • 1994 – Perang Chechnya Kahiji: Pasukan Darat Rusia ngamimitian hiji serangan Taun Anyar ka Grozny.
  • 1998 – Mékanisme Niléy Tuker Duit Éropa ngabekukeun niléy mata duit sah di Zona Euro, sarta ngadegkeun mata duit euro.
  • 1999 – Présidén kahiii Rusia, Boris Yeltsin, mundur tina pamaréntahan, ngabalukarkeun PM Vladimir Putin jadi pajabat Présidén sarta panggantina.
  • 1999 – Pamaréntah AS nyérénkeun pangokolaan Terusan Panama (oge lahan sabudeureunna nu katelah Zona Terusan Panama) ka Panama. Tindakan ieu nedunan kasapukan Torrijos - Carter taun nu ditéken taun 1977.
  • 1999 – Pangbajoan pasawat Indian Airlines 814 réngsé sabada tujuh poé ku dibébaskeun 190 panumpang di Bandara Kandahar, Afghanistan.
  • 2000 – Poé panungtungan abad 20 jeung milenium ka-2.
  • 2004 – Pangbukaan résmi Munara Taipei 101, pangluhur-luhurna panyakar langit di dunia mangsa harita, jangkungna 509 meter.
  • 2009 – Boh bulan biru boh gérhana bulan lumangsung babaréngan.
  • 2010 – Sababaraha Pucuk Angin narajang kulon tengah jeung kidul Amérika Sarikat, kaasup Wilayah Bagéan Washington, Arkansas; St. Louis, Sunset Hills, Missouri, Illinois jeung Oklahoma, katambah ku sajumlah leutik pucuk angin sawatara jam saméméhna. Kabéhna aya 36 pucuk angin nu narajang, ngabalukarkeun salapan urang palastra sarta karusakan saharga $133 juta.
  • 2018 – Tilu puluh salapan jalma palastra sanggeus bangunan sapuluh tingkat di kota industri Rusia, Magnitogorsk rubuh.

Nu babar

  • 1869 – Henri Matisse, seniman Perancis (td. 1954)
  • 1935Salman, Raja Arab Saudi
  • 1937 – Anthony Hopkins, aktor Wales
  • 1941Alex Ferguson, manajér bola ti Skotlandia
  • 1942 – Andy Summers, musisi Inggris (the Police)
  • 1943 – John Denver, musisi Amérika (td. 1997)
  • 1943 – Ben Kingsley, aktor Inggris
  • 1948 – Donna Summer, juru kawih Amérika (td. 2012)
  • 1959 – Val Kilmer, aktor Amérika
  • 1965 – Gong Li, artis China
  • 1977 – Donald Trump Jr., anakna Présidén AS Donald Trump
  • 1977 – PSY, juru kawih Koréa Kidul
  • 1981 – Ivan Gunawan, aktor, komédian Indonésia

Nu pupus

  • 2015 – Natalie Cole, musisi Amérika (b. 1950)
  • 2022 – Benedictus XVI, paus manten (b. 1927)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

31 Désémber 

Tags:

31 Désémber Kajadian31 Désémber Nu babar31 Désémber Nu pupus31 Désémber Poé peré poé panginget-nginget31 Désémber Tumbu luar31 DésémberKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

MumulukSireumLeuweungRandamidangWalunganLondokParibasaKirataSeni PintonanPeupeundeuyanKaduPrabu SiliwangiYayan RuhianHaremisTokyoRandeganIwa Kusuma SumantriHadiah Sastra RancagéKaulinan budak Sunda(439437) 2013 NK4RarakitanSéroMalariaMata uangDongeng-Dongeng SasakalaMasjid Agung CianjurJurudemungJukutAdonan (masak)Gereja Katolik RomaMusikNomer Buku Standar InternasionalSangrayBeutiAlamGlobalisasiPattimuraBubur beureumASJeujeurBismillahGoogleBasisir ParangtritisBudayaDongéngPandawaAngklungBurokanYasser ArafatKompas TVKumpulan sajakTelevisiKampung adat Cireundeu1716Agum GumelarPeer to PeerSoto hayamNagriAdolf HitlerBasa Jepang1869Ramadhan KHDana Alokasi UmumPerang BubatHihileudeunPeucangMijalmaSurabiSunan Gunung Jati🡆 More