2 Désémber

2 Désémber nyaéta poé ka-336 dina sataun (ka-337 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 29 poé.

1 2 3 4 5 6 7
8 9 10 11 12 13 14
15 16 17 18 19 20 21
22 23 24 25 26 27 28
29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1409 - Universitas Leipzig dibuka.
  • 1804 - Napoleon Bonaparte ngamakutaan manéh minangka kaisar Perancis di katédral Notre Dame, Paris minangka nu munggaran dina kurun waktu 1.000 taun.
  • 1805 – Perang Koalisi Katilu: Patempuran Austerlitz: Pasukan Perancis dina pingpinan Napoleon Bonaparte ngéléhkeun pasukan gabungan Rusia – Austria sacara mutlak.
  • 1823 – Doktrin Monroe: Dina pesen Nagara Sarikat, Présidén AS James Monroe nyatakeun nétralitas Amérika dina pacéngkadan-pacéngkadan Éropa di mangsa hareup sarta ngingetan Éropa pikeun teu pipilueun kana urusan Amérika.
  • 1848 - Franz Josef I jadi kaisar Austria.
  • 1851 – Présidén Perancis Louis-Napoléon Bonaparte nyingkirkeun Républik Kadua.
  • 1852 – Louis-Napoléon Bonaparte jadi Kaésar Perancis nelah Napoleon III.
  • 1859 – Pamingpin milisi anti-pabudakan, John Brown, digantung alatan seranganna ka Harpers Ferry, Virginia Kulon.
  • 1908 – Puyi jadi Kaésar China dina umur dua taun.
  • 1915 - Albért Éinstéin mublikasikeun téorina ngeunaan rélativitas umum.
  • 1927 – Nuluykeun produkis modél Ford T nu geus 19 taun, Pausahaan Motor Ford ngébréhkeun Ford Modél A minangka hiji mobil anyar.
  • 1942Perang Dunia II: Nalika Proyék Manhattan, hiji tim nu diluluguan ku Enrico Fermi ngamimitian nyieun réaksi nuklir artifisial sinambungan nu munggaran.
  • 1943 – Perang Dunia II: Hiji pasawat Luftwaffe ngaboman palabuan Bari, Itali, ngalelepkeun sajumlah kargo jeung kapal pangangkut, kaasup Kapal Amérika SS John Harvey, nu mawa sasadiaan ti mangsa Perang Dunia I, gas mustar.
  • 1949 – Konvénsi pikeun Panekenan Jual Beli Jalma jeung Éksploitasi Prostitusi, diadopsi.
  • 1950 – Perang Koréa: Patempuran Leuwi Ch'ongch'on réngsé ku kameunangan mutlak pihak China, pasukan PBB kabéh diusir ti Koréa Kalér.
  • 1954 – Pasini Pertahanan Mutual Sino-Amérika antara Amérika Sarikat jeung Taiwan ditanda tangan di Washington.
  • 1971 - Uni Émirat Arab dibentuk.
  • 1975 – Perang Sipil Laos: Pathet Lao ngepung puseur nagri Vientiane, maksa turun tahtana Raja Sisavang Vatthana, sarta ngaproklamirkeun Républik Démokrasi Rakyat Laos.
  • 1980 – Perang Sivil Él Salvador: Opat misionaris Amérika diperkosa jeung ditelasan ku pasukan panémbak mati.
  • 1982 – Di Universitas Utah, Barney Clark jadi jalma munggaran nu nampa jantung buatan permanén.
  • 1988 - Bénazir Bhutto dilantik minangka pardana mentri di Pakistan ku kieuna mangka jadi pardana mentri awéwé munggaran di hiji nagara Islam.
  • 1991 - Vérsi munggaran QuickTime diluncurkeun.
  • 1993 – Raja obat Kolombia, Pablo Escobar, ditémbak mati di Medellín.
  • 2005 - Paluncuran Xbox 360 ti Microsoft di Éropa.
  • 2010 - Rusia kapilih jadi pribumi Piala Dunya FIFA 2018. Qatar kapilih jadi pribumi Piala Dunya FIFA 2022.
  • 2015 – Serangan San Bernardino: Syed Rizwan Farook jeung Tashfeen Malik maéhan 14 jalma jeung nyideraan 22 lianna di Pusat Régional Inland di San Bernardino, California.
  • 2016 - Aksi 212 mangrupa Aksi Béla Islam nu Ka-3 di Taun 2016 nika kiwari diayakeun di Monas Jakarta.
  • 2016 – Tilu puluh genep jelema maraot dina kahuruan di gedong Oakland, California, nu dialihfungsikeun, gudang nu dijadikeun tempat koléksi barang seni.

Nu babar

  • 1944 – Ibrahim Rugova, présidén kahiji Kosovo (td. 2006)
  • 1946 – Gianni Versace, juru rancang fésyen Itali (td. 1997)
  • 1960 – Rick Savage, pamaén bass Deff Leppard
  • 1968 – Lucy Liu, artis Amérika
  • 1971 – Francesco Toldo, kiper Itali
  • 1973 – Monica Seles, pamaén ténes Amérika kalahiran Sérbia
  • 1973 – Jan Ullrich, atlét balap sapédah Jérman
  • 1978 – Nelly Furtado, artis jeung panyanyi Kanada
  • 1981Britney Spears, panyanyi Amérika
  • 1983 – Daniela Ruah, artis Amérika/Portugis
  • 1983 – Jana Kramer, artis Amérika
  • 1991Charlie Puth, musisi Amérika

Nu pupus

  • 1980 – Chaudhry Muhammad Ali, PM Pakistan kaopat (l. 1905)
  • 1964 - R. Soeprapto, Jaksa Agung IV Républik Indonésia (l. 1896)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

2 Désémber 

Tags:

2 Désémber Kajadian2 Désémber Nu babar2 Désémber Nu pupus2 Désémber Poé peré poé panginget-nginget2 Désémber Tumbu luar2 DésémberKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

YudistiraKumeli jawaKecap AsalGegetukRonald ReaganKarajaan SriwijayaSuku (biologi)RarangkénIsmail MarzukiCianjur, CianjurKiswa Wiriasasmita24 AprilAdonan (masak)BatagorPerang BubatAli agremInggrisSérén taunSyarif Amin2020Babad BantenMarcapadaHaremisBintinuDiabétes mélitusWancahanKanjutNyiruRamatlokaSistem Geodesi Dunya1823Période EdoKaranganSi Bedog PanjangSabunAnginIbing KusmayatnaPuan MaharaniMaén balJajangkunganBubur béasKawihHihileudeunKampung KutaAjagKecap Rajékan (Basa Sunda)JungkookSamsoediJepangTokyoAbdullah MustappaDrama.smDéwi SartikaSénggalKecap asalNyeri huntuKasenian SundaSolat.baBulan purnamaSangray.amLos AngelesWawangsalanSalésmaSingaNgasorKampung UrugAmérika KidulBlog🡆 More