20 Désémber

20 Désémber nyaéta poé ka-354 dina sataun (ka-355 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 11 poé.

1 2 3 4 5 6 7
8 9 10 11 12 13 14
15 16 17 18 19 20 21
22 23 24 25 26 27 28
29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1606 – Pausahaan Virginia ngirim tilu kapal laut balayar pikeun ngawangun Jamestown, Virginia, padumukan urang Inggris munggaran nu permanén di Amérika.
  • 1808 – Perang Peninsula: Pangepungan Zaragoza, Spanyol, ku pasukan Napoleon dimimitian.
  • 1917 – Cheka, polisi rahasia Soviét nu munggaran, diadegkeun.
  • 1924Adolf Hitler dibébaskeun ti Panjara Landsberg.
  • 1941Perang Dunia II: Patempuran munggaran ti Kelompok Sukarélawan Amérika, nu leuwih katelah ku “Maung Ngapung” di Kunming, China.
  • 1942 – Perang Dunia II: Angkatan Udara Jepang ngaboman Kalkuta, India.
  • 1948 – Agrési Militer Walanda II: Militer Walanda ngarebut Yogyakarta, puseur nagri saheulaanan ti Nagara Indonésia nu karak ngadeg. Jéndral A.H. Nasution medar siasat Pertahanan Kaamanan Rakyat Samesta.
  • 1951 – EBR-1 di  Arco, Idaho, jadi pabrik nuklir munggaran nu ngahasilkeun listrik. Listrikna dipaké pikeun nyaangan lampu-lampu.
  • 1952 – Pasawat Angkatan Udara AS C-124 murag jeung kabeuleum di Dano Moses, Washington, nelasan 87 jalma.
  • 1971 – Organisasi Pitulung Internasonal Dokter Tanpa Watesan diadegkeun ku Bernard Kouchner sarta sakelompok wartawan di Paris, Perancis.
  • 1973 – PM Spanyol, Admiral Luis Carrero Blanco, nemasing pati ku hiji serangan bom mobil di Madrid.
  • 1984 – Kahuruan Torowongan Summit, salah sahiji tina kahuruan torowongan pangtohagana dina sajarah, ngaduruk hiji karéta cepet nu ngangkut leuwih ti jutaan léter béngsin, kaluar tina erélna diKota Todmorden, Inggris.
  • 1985 – Paus Yohanes Paulus II ngabéwarakeun Poé Pamuda Dunia.
  • 1987 – Bencana laut pangparahna dina mangsa daméy, kapal panumpang férry Doña Paz tilelep sabada  diadu jeung kapal téngker minyak Vector di Selat Tablas di Kapuloan Philipina, nelasan leuwih 4.000 jalma (béja resmi 1.749).
  • 1989 – Serangan Amérika Sarikat ka Panama, nyingkirkeun Manuel Noriega.
  • 1995 – Pasawat 965 American Airlines, Boeing 757, murag ka hiji gunung 50 km kaléreun Cali, Kolombia, nelasan 159 jalma.
  • 1999Makau disérénkeun ka Cina ti Portugal.
  • 2004 – Sagorombolan bangsat maok duit sajumlah £26,5 juta di Donegall Square West, markasna Bank Northern di Belfas, Irlandia Kalér, mangrupa salah sahiji panggarongan bank pangtohagana dina sajarah Inggris.
  • 2007 – Elizabeth II jadi ratu monarki pangkolotna di Karajaan Inggris, ngaliwatan Ratu Victoria nu dumelah salila 81 taun, tujuh bulan, 29 poé.
  • 2007 – Lukisan Suzanne Bloch (1904), beunang seniman Spanyol Pablo Picasso, sarta O Lavrador de Café ku palukis modernis Brasil, Cândido Portinari, dipaling ti Muséum Seni São Paulo.

Nu babar

  • 1901 – Robert J. Van de Graaff, fisikawan Amérika (td. 1967)
  • 1946 – Dick Wolf, sutradara Amérika
  • 1980 – Ashley Cole, pamaén bola Inggris
  • 1982 – David Cook, musisi Amérika (American Idol)
  • 1983 – Jonah Hill, aktor, sutradara Amérika
  • 1990 – JoJo, tukang ngawih Amérika

Nu pupus

  • 1945Oto Iskandar di Nata, Pahlawan Indonésia (l. 1977)
  • 1976 – Sutardjo Kertohadikusumo, Gupernur Jawa Kulon kahiji (l. 1892)
  • 2006 – Melky Goeslaw, tukang ngawaih Indonésia (l. 1947)
  • 2009 – Brittany Murphy, artis Amérika (l. 1977)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Solidaritas Umat Manusa Internasional

Tumbu luar

20 Désémber 

7rzr7l5

Tags:

20 Désémber Kajadian20 Désémber Nu babar20 Désémber Nu pupus20 Désémber Poé peré poé panginget-nginget20 Désémber Tumbu luar20 DésémberKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

BoluBulan purnamaPeer to PeerBobokoLeuwiAsmarandanaKaméraTatang SumarsonoMoskowEndog asinWikiAlamat ngimpiBasa InggrisWedaRuntahNagriWayangAdolf HitlerMuwaqqitParanjéSabunKi Hadjar DéwantaraKumpulan sajakKiripik sampeuPamohalanPrabu SiliwangiDeungeun sanguKayasAdatKumis ucingAntartikaDunyaBacharuddin Jusuf HabibieBandar Udara Internasional Soekarno–HattaGotong royongHayam WurukSénggalKampung KutaÉncrakPopong Otje DjundjunanBiantaraUkar BratakusumahMuhammadKebonLeuncangeunPrabu Geusan UlunBudayaÉkonomiÉngklé.ba.mwSultan Ageng TirtayasaInohong di Bojong RangkongBugis (kadaharan)Robiul akhirNgorongSoto hayamLasminingratFrasaJepangParahuluKendangBoy-boyanBala-balaLiniCaturanggaMantra Sunda🡆 More