Bangladés

Bangladés (Basa Benggala: বাংলাদেশ), resmina Républik Rahayat Bangladés (Basa Benggala: গণপ্রজাতন্ত্রী বাংলাদেশ Gônoprojatontri Bangladesh), nyaéta hiji nagara di Asia Kidul.

Aya di Délta Gangga-Brahmaputra nu subur, Bangladés minangka bagian tina wewengkon étnis jeung basa Benggala. Ngaran Bangladesh hartina "Nagara Benggala" di Basa Benggala nu resmi. Bangladés wawatesan jeung Teluk Benggala di kidul, India di kalér, kulon, jeung wétan, sarta Myanmar di tenggara. Bangladés kapisah ti Nepal jeung Bhutan ku Sela Siliguri.

গণপ্রজাতন্ত্রী বাংলাদেশ
Gônoprojatontri Bangladesh
Républik Rahayat Bangladés
Bandéra Bangladés Lambang Bangladés
Bandéra Lambang
Lagu
Amar Shonar Bangla
Bangla Emas Kuring


Location of Bangladés
Location of Bangladés
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Dhaka
23°42′N 90°21′E
Basa resmi Benggala
Grup étnis (1998) 97,2% Benggala
2,8% nu lian
Pamaréntah Démokrasi parleméntér kahijian
 -  Présidén Abdul Hamid
 -  Perdana Mentri Sheikh Hasina
Kamerdikaan Ti Pakistan 
 -  Déklarasi 26 Maret 1971 
Aréa
 -  Total 147.570 km² (ka-94)
56.977 mil² 
 -  Cai (%) ?
Populasi
 -  Perkiraan  2012 161.083.804 (ka-8)
 -  Kapadetan 1.033,5 /km² (ka-9)
2.676,8 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2011
 -  Total $282,229 milyar (44)
 -  Per kapita $1.790,26 (193)
GDP (nominal) Perkiraan 2011
 -  Total $113,032 milyar 
 -  Per kapita $700,59 
Gini? (2005) 33,2 (medium
HDI (2011) Bangladés 0,500 (handap) (ka-146)
Mata uang Taka (BDT)
Zona wanci BST (UTC+6)
TLD Internét .bd
Kode telepon +880

Wates Bangladés ayeuna disusun tina pamisahan Benggala Britania dina 1947, nalika wewengkonna mangrupa Pakistan Wétan, bagian ti Pakistan nu karak ngadeg. Pakistan Wétan kapisah ti Pakistan Kulon ku kirang langkungna 1.500 km wewengkon India. Ku sabab alesan pulitik, étnis, basa, jeung ékonomi ku wewengkon kulon, pamikiran umum tumuwuh nu teras janten pergerakan nasionalis kultural jeung sékulér, nu ngarah kana déklarasi kamerdikaan sarta Perang Kamerdikaan Bangladés dina 1971. Sanggeus perang jeung kamerdikaan, nagara Bangladés nu anyar éta ngalaman raloba masalah kamiskinan, kalaparan, karusuhan pulitik, jeung kudéta-kudéta militér. Pamulihan démokrasi taun 1991 ngahasilkeun kaayaan nu rélatif tengtrem sarta kamajuan ékonomi.

Bangladés mangrupa nagara républik parleméntér kahijian sékulér, kalawan hiji parlemén nu ngaranna Jatiyo Sangshad. Bangladés mangrupa nagara nu panglobana populasina ka-8 sadunya sarta mangrupa salah sahiji ti nagara nu pangpadetna sadunya.

Numutkeun géografina, Bangladés aya di wewengkon Délta Gangga-Brahmaputra jeung mangrupa wewengkon banjir jeung siklon taunan. Nagara ieu ngalaman sababaraha masalah saperti kamiskinan, korupsi, kaleuwihan populasi, sarta sababaraha masalah tina parobahan iklim. Sanajan kitu, Bangladés miboga kamajuan dina ajén Angka Pertumbuhan Manusa. Bangladés enggeus ningkatkeun angka harepan hirupna 23 taun, miboga kasaruaan jenis kelamin dina pangatikan, pangurangan pertumbuhan populasi, sarta paningkatan dina kaséhatan ibu jeung anak.

Babagian

Bangladés Divisi RangpurDivisi RajshahiDivisi KhulnaDivisi BarisalDivisi ChittagongDivisi SylhetDivisi Dhaka

Bangladés dibagi kana 7 divisi administratif, nu mana ngaranna dumasar kana ibu kotana: Barisal, Chittagong, Dhaka, Khulna, Rajshahi, Sylhet, jeung Rangpur.

Divisi dibagi deui kana distrik (zila). Aya 66 distrik di Bangladés, unggalna dibagi deui kana upazila (sub-distrik) atanapi thana. Wewengkon kantor pulisi, kajaba nu di aréa metropolitan, dibagi kana sababaraha union, nu mana unggal union ngawengku sababaraha désa. Di wewengkon metropolitan, wewengkon kantor pulisi dibagi kana distrik kota, nu teras dibagi deui kana mahallas. euweuh pamilihan pajabat dina tingkat divisi jeung distrik. Pamilihan langsung aya dina tingkat union jeung distrik kota. Taun 1997, hiji undang-undang disahkeun pikeun nangtukeun 3 korsi (ti 12 korsi) dina unggal union pikeun kandidat wanoja.

Dhaka nyaéta ibu kota sarta kota panggedéna di Bangladés. Kota kalawan pamaréntahan daérah nyaéta: Dhaka Kidul, Dhaka Kalér, Chittagong, Khulna, Rajshahi, Sylhet, Barisal, Rangpur, Comilla, jeung Gazipur. Kota-kota ieu miboga pamilihan umum walikota. Kota-kota utama lianna saperti Mymensingh, Gopalganj, Jessore, Bogra, Dinajpur, Saidapur, Narayanganj, jeung Rangamati. Kota-kota ieu jeung kotamadya lianna miboga pamilihan umum diréktur. Walikota jeung diréktur dipilih pikeun masa jabatan 5 taun.

Divisi Bangla Populasi (2011) Aréa (km2) Kapadetan populasi
(2011; jiwa/km2)
Divisi Barisal বরিশাল 8.147.000 13.297 613
Divisi Chittagong চট্টগ্রাম 28.079.000 33.771 831
Divisi Dhaka ঢাকা 46.729.000 31.120 1.502
Divisi Khulna খুলনা 15.563.000 22.272 699
Divisi Rajshahi রাজশাহী 18.329.000 18.197 1.007
Divisi Rangpur রংপুর 15.665.000 16.317 960
Divisi Sylhet সিলেট 9.807.000 12.596 779
Bangladés 142.319.000 147.570 964

Tingali ogé

Rujukan

Pustaka

Tumbu kaluar

Bangladés    Tempo ogé Bangladés di Wikivoyage

Tags:

Bangladés BabagianBangladés Tingali ogéBangladés RujukanBangladés PustakaBangladés Tumbu kaluarBangladésAsia KidulBasa BenggalaBenggalaBhutanDélta Gangga-BrahmaputraIndiaMyanmarNagaraNepalSela SiliguriTeluk Benggalabn:বাংলাদেশ

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

HirisWikikamusSyarif AminPenolih, Kaligondang, PurbalinggaPandanRumpakaOray-OrayanGereja Katolik RomaGondéwaKarna Yudibrata1859Rarangkén -eunUsum halodoSénggal1935Basisir ParangtritisSunan Gunung JatiTéténongKampung MahmudKecap (basa Sunda)CalungSisingaanMégalitikumKusumah AtmajaRamatlokaFotoSisindiranGobagPuyuhSarung leungeunGaya basa (Sunda)Angelina JoliePusdikpassusEuis KomariahPeuyeumTepasHumaBungurWawancaraTokyoWartaÉtémInggrisWawacanToto Sudarto BachtiarNyiruanPadaKaso beuritKampung UrugTaratasGatot SoebrotoSoraNgadu kaléciHihid2020Rahmat M. Sas. KaranaRumah Sakit Umum Pusat Nasional Dr. Cipto MangunkusumoBandrosAksara GedéMusikPupukRarangkén N-Dongeng-Dongeng SasakalaKomputer🡆 More