Tabel periodik unsur kimiawi nyaéta pintonan tabular unsur kimiawi nu dipikanyaho.
Unsur-unsur disusun dumasar struktur éléktron antukna rupa-rupa sipat kimiawina puguh susunanana sapanjang tabelna. Nu ditémbongkeun utamana nomer atom sarta lambang kimiawina.
Tabel baku nyadiakeun dasar-dasar nu perlu. Aya ogé Métode séjén pikeun mintonkeun unsur-unsur kimiawi pikeun leuwih rinci atawa sawangan séjénna.
Golongan mangrupa kolom vértikal dina tabel periodik. Aya 18 golongan dina tabel periodik baku. Unsur-unsur nu sagolongan mibanda konfigurasi éléktron valénsi nu sarua/mirip, nepi ka sipat-sipatna ogé mirip.
Aya tilu sistim nomer golongan; hiji maké wilangan Arab, sedengkeun nu séjénna wilangan Romawi. Ngaran wilangan Romawi mangrupa ngaran tradisional asli golongan; ngaran wilangan Arab mangrupa skéma nu leuwih anyar nu dirékoméndasikeun ku IUPAC. Ieu skéma dijieun pikeun ngaganti dua sistim wilangan Romawi nu heubeul sabab ngalieurkeun ku ayana ngaran nu sarua pikeun maksud nu béda.
Golongan → | 1 | 2 | 3 | 4 | 5 | 6 | 7 | 8 | 9 | 10 | 11 | 12 | 13 | 14 | 15 | 16 | 17 | 18 | ||
Periode ↓ | ||||||||||||||||||||
1 | 1 H | 2 He | ||||||||||||||||||
2 | 3 Li | 4 Be | 5 B | 6 C | 7 N | 8 O | 9 F | 10 Ne | ||||||||||||
3 | 11 Na | 12 Mg | 13 Al | 14 Si | 15 P | 16 S | 17 Cl | 18 Ar | ||||||||||||
4 | 19 K | 20 Ca | 21 Sc | 22 Ti | 23 V | 24 Cr | 25 Mn | 26 Fe | 27 Co | 28 Ni | 29 Cu | 30 Zn | 31 Ga | 32 Ge | 33 As | 34 Se | 35 Br | 36 Kr | ||
5 | 37 Rb | 38 Sr | 39 Y | 40 Zr | 41 Nb | 42 Mo | 43 Tc | 44 Ru | 45 Rh | 46 Pd | 47 Ag | 48 Cd | 49 In | 50 Sn | 51 Sb | 52 Te | 53 I | 54 Xe | ||
6 | 55 Cs | 56 Ba | * | 71 Lu | 72 Hf | 73 Ta | 74 W | 75 Re | 76 Os | 77 Ir | 78 Pt | 79 Au | 80 Hg | 81 Tl | 82 Pb | 83 Bi | 84 Po | 85 At | 86 Rn | |
7 | 87 Fr | 88 Ra | ** | 103 Lr | 104 Rf | 105 Db | 106 Sg | 107 Bh | 108 Hs | 109 Mt | 110 Ds | 111 Rg | 112 Uub | 113 Uut | 114 Uuq | 115 Uup | 116 Uuh | 117 Uus | 118 Uuo | |
* Lantanida | 57 La | 58 Ce | 59 Pr | 60 Nd | 61 Pm | 62 Sm | 63 Eu | 64 Gd | 65 Tb | 66 Dy | 67 Ho | 68 Er | 69 Tm | 70 Yb | ||||||
** Aktinida | 89 Ac | 90 Th | 91 Pa | 92 U | 93 Np | 94 Pu | 95 Am | 96 Cm | 97 Bk | 98 Cf | 99 Es | 100 Fm | 101 Md | 102 No |
Logam alkali | Logam alkali taneuh | Lantanida | Aktinida | Logam transisi |
Poor metal | Métaloid | Nonlogam | Halogén | Gas mulya |
Sandi warna pikeun wilangan atom:
Jumlah cangkang éléktron hiji atom nangtukeun kaasup périodeu sabaraha. Unggal cangkang kabagi kana subcangkang nu béda-béda, di mana nambahna wilangan atom ngeusian nuturkeun urutan nu sacara kasar kawas kieu:
1s 2s 2p 3s 3p 4s 3d 4p 5s 4d 5p 6s 4f 5d 6p 7s 5f 6d 7p 8s 5g 6f 7d 8p ...
ku sabab éléktron pangluarna nangtukeun pasipatan kimiana, unsur-unsur nu sagolongan téh mibanda pasipatan nu mirip. Unsur-unsur sagolongan nu natangga mibanda pasipatan fisika nu sarupa, najan massana mah béda jauh. Unsur-unsur nu natangga dina hiji périodeu mibanda massa nu ampir sarua, tapi pasitapanana béda.
Pikeun conto, unsur tatangga nitrogén (N) dina périodeu kadua dina tabel nyaéta karbon (C) jeung oksigén (O). Najan massana ampir sarua (ukur sababaraha unit massa atom), pasipatanana mah béda pisan, sakumaha nu katempo dina alotropna: oksigén diatomik gas nu ngarojong durukan, sedengkeun nitrogén diatomik teu ngarojong durukan, sarta karbon mah mangrupa padetan nu teu bisa diduruk.
Nu di luhur kontras pisan jeung kasus klorin (Cl) nu natangga jeung halogén séjén (golongan halogén), nyaéta florin (F) jeung bromin (Br). Najan massana béda pajauh, sipat alotropna mah sarupa pisan: kabéhanana korosif (nu ngandung harti gampang ngagabung jeung logam jadi uyah halida logam); klorin jeung florin mangrupa gas, sedengkeun bromin cair.
Artikel utama: Sajarah tabel periodik
Tabel asli dijieunna tanpa pangaweruh ngeunaan struktur jero atom: mun urang nyusun unsur-unsur dumasar massa atom, lajeng ngaplot salah sahiji sipat séjénna kana massa atomna, one sees an undulation or periodicity to these properties as a function of atomic mass. Nu munggaran nengetan pola ieu nyaéta kimiawan Jérman Johann Wolfgang Döbereiner, nu taun 1829, ngiberkeun sababaraha triad unsur-unsur nu sarupa:
Sababaraha triad | ||
---|---|---|
Unsur | Massa atomik | Dénsitas |
klorin | 35.5 | 0.00156 g/cm3 |
bromin | 79.9 | 0.00312 g/cm3 |
iodin | 126.9 | 0.00495 g/cm3 |
kalsium | 40.1 | 1.55 g/cm3 |
strontium | 87.6 | 2.6 g/cm3 |
barium | 137 | 3.5 g/cm3 |
Ieu tuluy dituturkeun ku kimiawan Inggris John Alexander Reina Newlands, nu taun 1865 ngémbarkeun yén unsur-unsur nu tipena sarua kaulang unggal selang dalapan unsur, nu ceuk manéhna bet mirip oktaf musik, najan hukum oktafna diseungseurikeun ku batur-baturna. Tungtungna, taun 1869 kimiawan Jérman Lothar Meyer jeung Rusia Dmitry Ivanovich Mendeleev ampir bareng ngembangkeun tabel periodik munggaran, nyusun unsur-unsur dumasar massa. Ngan, Mendeleev nempatkeun sababaraha unsur di luareun runtuyan massa nu geus maneuh sangkan papasanganana leuwih cocog pasipatanana antartatangga satabel, menerkeun kasalahan sababaraha massa atom, sarta ngaduga unsur-unsur séjén nu can kapanggih nu posisina aya dina sél-sél nu kosong kénéh. Mendeleev lajeng dihargaan ku papanggihanana ngeunaan struktur éléktronik unsur dina ahir abad ka-19 jeung awal abad ka-20.
Tabel baku | Tabel vértikal | Tabel antizat | Tabel jeung ngaran | Ngaran jeung massa atom (badag) | Ngaran jeung massa atom (leutik) | Blok-F satabel | Unsur-unsur nepi ka-218 | Konfigurasi éléktron | Logam jeung nonlogam | Tabel dumasar blok |
Daptar Unsur |
Ngaran | Lambang atom | Wilangan atom | Titik golak | Titik lééh | Dénsiti | Massa atom
|
Golongan | Periode | Dérét | Blok |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Tabél periodik, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.