Stronsium

Stronsium (disebut ogé Strontium) nyaéta hiji unsur kimia dina tabél périodik anu miboga lambang Sr jeung nomor atom 38.

Stronsium mangrupa logam alkali taneuh lemes sarta warnana pérak kakonéngan. Stronsium miboga tilu bentuk kristal alotropik ku sifat fisika jeung kimiana mirip jeung kalsium sarta barium. Stronsium gancang ngaréaksi jeung cai sarta hawa antukna kuduĭ diteundeun dina wadah nu teu ngamungkinkeun ayana kontak jeung cai atawa hawa. ku sabab réaktivitas ékstrim kana hawa, ieu unsur teu sayaga bébas di alam sarta sok senyawaan jeung unsur lianna. Bubuk logam stronsium bakal hurung sacara spontan di udara pikeun ngahasilkeun boh stronsium oksida, boh stronsium nitrida. Stronsium umumna mah aya di alam, kontribusina kurang leuwih 0,034% tina sakabéh batuan beku sarta hadir dina wangun mineral celestite sulfat (SrSO4) jeung strontianite carbonate (SrCO3). Celestite sok kawangun dina endepan sedimén mangréa-réa antukna nguntungkeun pikeun ditambang. Daérah patambangan utama kaasup Inggris, Méksiko, Turki, jeung Spanyol. Kadaharan anu ngandung Stronsium di antarana jagong (0,4 ppm), jeruk (0,5 ppm), kubis (45 ppm), bawang (50 ppm), jeung lattuce (74 ppm).

Stronsium
Stronsium

Rujukan

Stronsium 

Tags:

BawangCaiFisikaHawaInggrisJagongJerukKalsiumKimiaKonéngLogamLogam alkaliMineralMéksikoPérakSpanyolTaneuhTurkiUnsur kimia

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Maroko27 MaretChad.byMajalahEma BratakusumahRarangkén ka--anDapurBrasilKecap Kantétan (Basa Sunda)DjiboutiKabupatén TulungagungNano SuratnoOPEC407Kampung adat CireundeuBahama1922Kuda26 MaretMoldovaKrikét40Kalimah (basa Sunda)TaneuhSawala1900-anLMociSitus Gunung PadangB19001978Mahathir Mohamad.boEukariotLeuncangeunSikiSuriname1757Al-AnfalRarangkén ting-Carios Ki Santri GagalRoti.gu.roDadan SutisnaKadali prosés statistikBajigurRawaFinlandia70Al-IkhlasBasa MyanmarKonsinyasiLancah maungCécép BurdansyahA1920Tatang SumarsonoOPurchasing power parityLemakWajitSajarahNarkoba.peDaptar kode telepon di IndonésiaAMPSSajak Sunda🡆 More