Narkoba atawa napza nyaéta obat/ bahan/ zat anu henteu kakolomkeun kana dahareun anu lamun diinum, diangseu, ditelen atawa disuntikkeun bakal aya pangaruhna, utamana kana uteuk (susunan saraf puseur) jeung bakal ngalantarankeun kagumantungan (ketergantungan).
Akibatna uteuk robah daya kerjana, boh naék boh turun, kitu deui fungsi vital organ awak nu séjén (jantung, getih, pernapasan, jlté).
Narkoba wancahan tina Narkotika, Psikotropika, dan Obat Terlarang nyaéta istilah anu digunakeun ku penegak hokum jeung masarakat umum. Napza wancahan tina Narkotika, Psikotropika, Zat Adiktif lain nyaéta istilah anu digunakeun dina dunya kedokteran. Lian ti istilah narkoba jeung napza, aya deui istilah Naza, wancahan tina Narkotika, Alkohol dan Zat Adiktif lainnya, ngarujuk kana hal anu sarua jeung narkoba katut napza
Narkoba anu munggaran dipikawanoh nyaéta sari kembang opion kurang leuwih taun 2000 SM di Samaria. Ieu sari kembang opion satuluyna disebut opium atawa candu. Ngaran Laténna papavor somniferum. Saterusna ieu kembang sumebar ka India, Cina, jeung wilayah Asia séjénna. Sanggeus sumebar ka Cina, kamekaran candu téh ngabelesat. Masalah candu geus jadi masalah nasional pikeun Cina dina abad ka XVII. Ahirna timbul perang candu dina abad ka XIX. Akibatna, Cina ditaklukkeun ku Inggris jeung kudu ngaihlaskeun Hongkong. Dina taun 1806 kapanggih jenis narkoba anyar, nyaéta morfin. Nu nimuna nyaéta dokter ti Westphalia, ngaranna Friedrich Wilhelm Adam Sertürner. Morfin mangrupa campuran antara candu jeung amoniak. Éta ngaran téh ngindung kana ngaran déwa ngimpi di Yunani nyaéta Morphius.
Taun 1856 nalika lumangsung peperangan sadulur di Amerika Serikat, morfin digunakeun pikeun ngilangkeun rasa nyeri tina tatu akibat perang. Tapi tétéla ngalantarankeun katagihan. Harita katagihan disebut ogé panyakit tentara. Taun 1874, ahli kimia ngaranna Alder Wright ti London ngagodog morfin maké asam anhidrat. Ieu cairan dingaranan héroin. Ieu cairan nalaika diujicoba kana anjing nimbulkeun éfék réaksi ngudupung, katingali sieun pisan, tunduh, jeung utah-utahan. Taun 1898 pabrik ubar Bayer nyieun héroin, ubar resmi pikeun ngilangkeun nyeri. Kiwari heroin geus teu dipaké deui pikeun ubar. Kamekaran satuluyna, dina taun 60-an tepi ka 70-an, sumebarna candu di dunya museur di Myanmar, Thailand, jeung Laos anu disebut Golden Triangle. Lian ti éta candu sumebar ka daérah Golden Crescent nyaéta Pakistan, Iran, jeung Afganistan. Satuluyna sumebar ka Afrika jeung Amérika. Taun 70-an katompérnakeun, candu mimiti diproduksi maké campuran husus nepi ka jadi ubar-ubaran. Mekar tepi ka ayeuna , disebut narkoba. Kamekaran téknologi teu bisa dibendung, nepi ka candu diolah ku rupaning bahan campuran husus, nepi ka jenisna gé nambahan, saperti ékstasi, putaw, jsb.
Ku lantaran ayana bahaya kagumantungan, digunakeunana jeung sumebarna narkoba diatur dina undang-undang nyaéta Undang-undang Nomer 22 Taun 1997 ngeunan narkotika jeung undang-undang nomer 5 Taun 1997 ngeunaan psikotropika:
Narkotika Narkotika nyaéta zat atawa obat anu asalna tina tutuwuhan atawa lain tina tutuwuhan boh sintétis boh semi anu bias ngalantarankeun turun jeung robahna kasadaran, ngaleungitkeun atawa ngurangan rasa nyeri. Golongan-golongan narkotika téh ieu:
Psikotropika Psikotropika nyaéta zat atawa obat, boh alamiah boh sintétis anu lain narkotika, hasiatna psikoaktif, ngaliwatan pangaruh séléktif kana susunan saraf puseur jeung ngalantarankeun parobahan has kana aktivitas mental jeung perilaku, digolong-golongkeun dumasar kana poténsina ngalantarankeun kagumantungan:
Zat Psikoaktif Lianna Zat psikoaktif lianna nyaéta zat/ bahan séjén lain narkotika jeung psikotropika anu mangaruhan kana gawé uteuk. Henteu kaunggel dina aturan perundang-undangan ngeunaan narkotika jeung psikotropika. Anu sering disalahgunakeun nyaéta:
Golongan narkoba dumasar kana pangaruhna kana awak manusa, nurutkeun WHO nyaéta
Akibat disalahgunakeunana narkoba lain baé pikeun dirina pribadi, tapi tumiba ogé ka kulawarga, sakola, masarakat, bangsa, katut nagara. Akibat pikeun dirina pribadi ditéték ieu di handap:
Kagumantungan mangrupa sajumlahing gejala (sindroma) panyakit. Sacara umum, singsaha anu nyalahgunakeun naza (narkoba) bisa dibagi kana tilu golongan gedé:
Mabok/ Nginum Inuman Keras
Ngagunakeun Narkoba pikeun Diri Sorangan atawa Batur
Kawajiban Uubar jeung/ atawa Dirawat pikeun nu Nyandu Narkotika (UU no 22 taun 1997 ngeunaan Narkotika)
Mroduksi Memproduksi jeung Ngédarkeun Narkoba
Kawajiban Masarakat Ngeunaan Narkoba
Masarakat wajib lapor ka pihak anu boga wewenang lamun nganyahokeun psikotropika anu disalahgunakeun jeung atawa ngamilik sacara henteu sah (UU no 5 taun 1997 ngeunaan psikotropika pasal 54)
Lamun aya anu (1) henteu laporan, (2) Nu nyandu henteu laporan, (3)kulawarga nu nyandu henteu laporan, éta kabéh bakal dijiret sangsi pidana jeung dengda.
Partisipasi jeung panangtayungan pikeun nu laporan natrat dina UU no 2 taun 1997 Pasal 57 jeung UU no 5 taun 1997 Pasal 54.
Sawatara istilah anu biasa digunakeun dina pergaulan di kalangan nu nyandu narkoba:
No | Istilah | Harti |
---|---|---|
1 | Abses | Bénjolan lantaran héroin anu disuntikkeun teu asup kana urat |
2 | Alfo | Aluminieum foil, tempat pikeun meuleum sabu |
3 | Ampét | Amfétamin, cairan disuntikkeun |
4 | Badai/ pedaw/ high | Luhur tinggi |
5 | Bajing | Kembang ganja |
6 | Bakaydu | Dibeuleum heula, meuleum ganja |
7 | Barcon | Téster, barang conto, gratis |
8 | Berhitung | Papatungan/ Iuran keur meuli ganja |
9 | BK, Bung Karno | Pél koplo pangmurahna |
10 | BI, Blue Ice | salah sahiji jenis sabu nu pangalusna (nomer 1) |
11 | Bokul, bok's | beuli, meuli |
12 | BT, Bad trip | Rasa keuheul, kesel sabab kaganggu nalika fly/ mabok |
13 | Camp's | Campuran bako pikeun ganja nalika ngalinting |
14 | Chimenk, gélé, jayus, grass, rumput | Ganja/ kanabis |
15 | CMD | Cuaca ngarojong mendukung pikeun ngaganja |
16 | CS | Sobat, sasama anu sok maké narkoba |
17 | Gaw | Gram |
18 | Giberway, giting berat way | Mabok ganja |
19 | Gocapan, gocip | Pakét 50 rébu per 0,1 gram |
20 | Jackpot, tumbang | Utah |
21 | Jokul | Jual |
22 | Kentang, kena tanggung, gantung | Kurang mabok |
23 | Ngejél | Mangpet, beku nalika ngepam/ ngompa |
24 | Ngepam, pamping | Ngompa insulin sababara balikan |
25 | Nugi, numpang giting | Mabok teu maké duit |
26 | OD, ogah ngedrop | Rasa hayang tuluy mabok |
27 | OD, Over Dosis, Ngeblénk | Takeran maké putaw anu kaleuleuwihi |
28 | On, naék | Prosés nalika fly, mabok pikeun nu maké ékstasi/ sabu |
29 | Pahé | Pakét hémat, paké 20 rébu atawa 10 rébu |
30 | Pakétan, tekapan | Pakét, bungkusan pikeun putaw |
31 | Parno | Paranoid, rasa sieun anu kaleuleuwihi lantaran maké sabu loba teuing |
32 | Pasang badan | Nahan sakaw tanpa ubar/ tanpa diubaran ku dokter |
33 | Pél Koplo, bo'at, boti, dados, kancing | Ubar daftar G |
34 | PS | Pasén, anu meuli narkoba |
35 | R, Rohip | Rohypnol |
36 | Se'émpel | Saamplop pikeun ganja |
37 | Selap | Dua kali bulak-balik, dua kali nyeuseup |
38 | Semata | Cai sakeclak anu geus dicampur héroin |
39 | Sepapan, setrip | Sabaris dina jajaran ubar |
40 | Separdu | Sapakét pikeun dua urang |
41 | Seperempi | Saparapat gram |
42 | Sepoték | Satablét dibagi dua |
43 | Set-du, seting dua | Dibagi keur dua urang |
44 | Se-track | Sakali nyeuseup, meuleum |
45 | Sabu-sabu, ubas, SS, basu | Métamfétamin |
46 | Stock, STB, Stock badai | Sésa héroin anu disimpen nalika katagihan |
47 | Stone, stokun, giting, fly, bélér, bahlul | mabok |
48 | Sugest, Sugesti | Rarasaan hayang maké narkoba |
49 | TKW | Inuman anu ngandung alkohol buatan lokal |
50 | Wakap | Maké narkoba |
Rujukan
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Narkoba, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.