Kimia Uyah

Dina kimia, istilah uyah (Basa Inggris: 'salt', basa Indonésia: 'garam') dipaké pikeun sanyawa ionik nu diwangun ku kation nu muatanana positif jeung anion nu muatanana négatif, antukna ngahasilkeun sanyawa nu muatanana nétral.

Ion-ion ieu sipatna bisa anorganik (Cl-) bisa ogé organik (CH3-COO-), bisa monoatomik (F-) bisa ogé ion poliatomik (SO42-).

Kimia Uyah
Guruntul uyah nu digedékeun gambarna (halite/sodium chloride)

Leyuran uyah na cai disebut éléktrolit, nu bisa ngalirkeun listrik.

Ion Zwitter mangrupa uyah nu ngandung hiji puseur anionik jeung hiji puseur kationik sakaligus dina molekulna, contona nyaéta asam amino, rupa-rupa métabolit, péptida, jeung protéin.

Campuran rupa-rupa ion na leyuran kawas dina sitoplasma sél, getih, urin, jeung cai mineral biasana teu ngabentuk uyah nu tangtu mun nguap caina, antukna kandungan uyahna disebutkeun dina wujud ion-ionna.

Témbongan

Konsisténsi

Uyah biasana kristal padet nu mibanda titik lééh luhur. Tapi, aya ogé uyah nu cair dina hawa biasa, ilahar disebut cairan ionik. Uyah anorganik biasana mibanda kateuasan jeung komprésibilitas nu handap, sarupa jeung uyah méja.

Warna

Uyah bisa boga kelir herang jeung transparan (natrium klorida), opaque (titanium dioksida), bisa ogé métalik (beusi disulfida).

Uyah mibanda rupa-rupa kelir, malah sadayana gé aya, misalna konéng (natrium kromat), oranyeu (natrium dikromat), beureum (raksa sulfida), bungur ngora (kobalt diklorida héksahidrat), bulao/biru (tambaga sulfat péntahidrat, beusi héksasianoférat), héjo (nikel oksida), teu warnaan (magnésium sulfat), bodas (titanium dioksida), jeung hideung (mangan dioksida). lolobana mineral jeung pigmén anorganik, ogé pawarna (dye) organik sintétik mangrupa uyah.

Rasa

Uyah ogé bisa méré lima rasa dasar, misalna asim (natrium klorida), amis (lead diacetate), haseum (potassium bitartarat), pait (magnésium sulfat), jeung gurih (pécin/MSG).

Bau

Uyah murni mah euweuh bauan, sedengkeun uyah nu teu murni bisa nimbulkeun bau haseum (misalna asétat kawas asam asétat (cuka), sianida kawas hidrogén sianida (almond)) atawa haseum (misalna uyah amonium kawas amonia).

Tata ngaran

Kimia Uyah 
Rupa-rupa mineral uyah
Kimia Uyah 
Komposisi kimia uyah ti laut

Ngaran hiji uyah dimimitian ku ngaran kationna (misalna natrium atawa amonium) dituturkeun ku ngaran anionna (misalna klorida atawa asétat). Uyah mindeng ditunjukkeun ku ukur nyebutkeun ngaran kationna (misalna uyah natrium atawa uyah amonium) atawa ngaran anionna (misalna klorida atawa asétat).

Kation nu ilahar ngabentuk uyah, di antarana

Anion nu ilahar ngabentuk uyah (katut ngaran asam indungna dina jero kurung), di antarana

  • asétat CH3-COO- (asam asétat)
  • karbonat CO32- (asam karbonat)
  • klorida Cl- (asam hidroklorat)
  • sitrat HO-C(COO-)(CH2-COO-)2 (asam sitrat)
  • sianida C≡N- (hidrogén sianida)
  • hidroksida OH- (cai)
  • nitrat NO3- (asam nitrat)
  • nitrit NO2- (asam nitrit)
  • oksida O2- (cai)
  • fosfat PO43- (asam fosfat)
  • sulfat SO42- (asam sulfat)

Formasi

Uyah dihasilkeun tina réaksi kimia antara

Uyah bisa ogé dihasilkeun nalika rupa-rupa leyuran uyah dicampurkeun, antukna ion-ionna ngagabung ngabentuk uyah anyar nu teu leyur jeung ngendap.

Rujukan

  • Salt, ti Wikipédia basa Inggris, disalin ping 29 Juli 2005.
  • Kurlansky, Mark (2002). Salt: A World History. Walker Publishing Company. ISBN 0142001619

Tempo ogé

  • Uyah asam
  • Éléktrolit
  • Beungkeut ionik
  • Natron
  • Natrium
  • Uyah dapur
  • Ion Zwitter
  • Salinitas

Tags:

Kimia Uyah TémbonganKimia Uyah Tata ngaranKimia Uyah FormasiKimia Uyah RujukanKimia Uyah Tempo ogéKimia UyahBasa IndonésiaBasa InggrisKimiaKimia organik

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

KancraWarnaKabayaMagatruCucungukTatang SumarsonoIsyana SarasvatiPupuhBasa SundaFosilRagiSpéktrum cahaya katémbongSangrayBébénténganWayang GolékKanyéréLutung KasarungSyahriniAsparaginWawacan Layang Syékh Abdul Qodir JaélaniKaluaBakiBéklenCéndolISO 3166-1Ngadu kaléciKentangGatrikAam AmiliaSondahWikikamusSolatHayamSydneyGaya basa (Sunda)AstronomiJamaikaDodolHiperténsiDéwi SartikaKota SurabayaKarya IlmiahMalariaforexTapak limanListrikBayawakAyakanTonggongTongoAl-IkhlasRobiul akhirMaén balBabasan11 AprilHunyur2006Djoeanda KartawidjajaDiksiNgaruwatHadiah Sastra RancagéWikiWalungan CitarumPancakakiGeutahBiantaraTatangkalanPakarangTémaMachjar Angga KoesoemadinataCukang🡆 More