Cuka nyaéta bahan éncér anu digolongkeun kana sanyawa asam lemah.
Rumus kimia pikeun cuka téh CH, COOH. Cuka boga ngaran séjén tayalian asam asétat, éta mindeng digunakeun salaku bahan tambahan pikeun méré rasa haseum kana olahan kadaharan.
Cuka mibanda ciri saperti:
Cuka dipaké pikeun rupa-rupa kagunaan, utamana nyampuran olahan kayaning: sayur asem , acar, soto, lauk anu diolah rasa amis haseum, manisan haseum, capcay, baso, jeung réa-réa deui.
Sababaraha inuman ogé remen maké campuran ieu cuka, waktu ferméntasi anu lila ngamungkinkeun akumulasi komponén non- toksik diwangun ku sababaraha baktéri asam asetat jeung selulosa leyur, anu katelah "mother of vinegar".
Sedengkeun dina métode férméntasi gancang, aya anu ditambahkeun kana "mother of vinegar" tayalian baktéri ka jero bahan anu baris di férméntasi sarta dituluykeun nambahkeun hawa pikeun ngabantu sangkan férméntasi lumangsung gancang. Dina ieu métode gancang, ngan mikabutuh 20 jam nepika 3 poé.
Cuka ogé bisa dipaké pikeun ngawétkeun sayuran atawa buah sabab sipatna anu haseum, cuka bisa digunakeun pikeun ngajaga kelir buah jeung sayur tetep seger moal leumpeuh alatan ayana oksidasi .
Sipat haseum cuka ogé bisa dimangpaatkeun pikeun meresihan kerak dina katél, malahan cuka bisa digunakeun dina urusan kaséhatan, kayaning ngubaran inféksi baktéri jeung supa, nyeri sirah, nyeri tikoro, bau awak, sarta gangguan padaharan, sisidueun, ngaleungitkeun totombé, diseureud éngang, malah ceuk urang Cina mah bisa hasiat sangkan panjang umur.
Dumasar kana bahan dijieunna, cuka pikeun olahan kadaharan dibédakeun kana:
Cuka geus dipikawanoh ti saprak rébuan taun ka tukang. Baheula jalma-jalma henteu kedah ngadamel, sabab bahan ieu sabenerna jadi ku sorangan. Dimana waé aya saeutik gula atawa alkohol, duka ti mana datangna éta cuka ujug-ujug aya. Ahli kimia nyebutkeun yén cuka téh asam asetat anu leyur dina cai, mun urang boga anggapan yén éta téh alkohol anu leyur dina cai meureun sarua waé.
Aya dua léngkah dina réaksi kimia dina ngahasilkeun cuka:
Parobahan ka hiji disebut ferméntasi, tayalian anu ngahasilkeun anggur (wine) tina gula buah anggur (grape) kitu ogé dina rupa-rupa inuman anu aya alkoholan séjén tina rupa-rupa karbohidrat masing-masing akibat ayana énzim-énzim tina ragi atawa baktéri. Parobahan anu ka dua, baktéri anu dipikanyaho ngarana Acetobacter aceti ngagampilkeun alkohol bereaksi jeung oksigén dina hawa pikeun ngajadi asam asetat. Sanajan henteu aya Acetobacter anggur ogé Anger bisa kaoksidasi, satuluyna ngajadi asam, ngan waé prosés seperti kieu perlu waktu lila.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Cuka, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.