Sastra Padalangan

Sastra Padalangan mangrupi rekabasa sastra anu diangge para dalang dina pagelaran wayang.

Jenis sastra padalangan biasa dibagi janten dalapan, nyaéta murwa, nyandra, suluk (kakawen), pocapan, antawacana, rumpaka, sora, sareng carita.

Murwa

Murwa mangrupi suluk bubuka pagelaran anu dilagukeun ku ki dalang dina miwitan caritana. Murwa kasup salah sahiji jenis puisi padalangan. Jenis lainna sendon sareng gregetsaut. Di handap hiji conto murwa anu dicatet ti dalang Dédé Amung Sutarya dina lakon Jaya Renyuan:

    Adam adam babuh hawa
    Siskang danur wilis
    Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya
    Dangiang wayang wayanganipun
    Perlambang alam sadaya
    Semar sana ya danar guling
    Basa sem pangangen-angen
    Mareng ngemaraken Dzat Kang Maha Tunggal
    Wayang agung wineja wayang tunggal
    Wayang tunggal

Nyandra

Nyandra hartosna paparan carita anu mangrupi janturan sareng pocapan. Janturan basa prosa dalang pikeun caritakeun jejer atawi adegan hiji nagara, kaayan panggonan, watak wayang, sareng perkawis anu dirembag ngangge iringan gamelan. Pocapan mirip sareng janturan nanging teu ngangge iringan gamelan, saukur ngangge iringan dodogan cempala. Di handap conto nyandra adegan nagara Dwarawati anu dicatet tina nyandra dalang Dede Amung Sutarya:

    Swuh rep data pitana. Anenggih pundi wau kocapa negara ing pundi ingkang kaeka adi dasa nama purwa, eka sawiji adi linuwih dasa sapuluh nama iku panjenengan, purwa nami wiwitan. Sandyan katah titahing dewa kasongan ing akasa, sinangga ing pertiwi, kaideng ing samudra, tebih ing parang muka, dasar negara Dwarawati silokane jero tancebe, jembar laladane, gedé obore, duwur kukuse, padang jagate, adoh kakoncarane. Sigeg ingkang murweng kawi paparab kang dadi nalendra, inggih kang ngarenggani pura, jejeneng Sri Maha Batara Kresna ya Prabu Jenggalamanik, Prabu Harimurti, Prabu Padmanaba, Prabu Basudewaputra, saweg dipunadep dening ingkang rayi Arya Setiyaki lan ingkang raka Patih Udawa. Sreg tumengkul kaya kuncim pertala, mukanipun sarta kadia tata malih krama paningalipun Padmanegara lan Udawa saking ajrih dateng pangkonan. Samya prapta ngabiyantara, jajar denira pinara.

Suluk atanapi Kakawen

Sarengsena nyandra biasana dilajengken kana kakawen anu disaluyukeun sareng nyandrana. Upami bade mungkas nyandra biasana dalang ngangge kakawen sapertos di handap:

    Saur nira tan ana panjang
    Sinenggih sabda uninga
    Wis mamang
    Ulun layu dening teki
    Wala bakti dening asih
    Ya dening asih
    Wong asih ora katara

Dilajengkeun kana suluk sapertos:

    Betet ijo kapodang ulese kuning
    Abang manuke wulung
    Sumirat lan sumamburan
    Sandang rawit beter gemeke ya lurik lurik
    Dadanira ya kinuwungan
    Kadya bocah ngangge kakalung
    Ningsor waringin wulung

Teras dipungkas ku suluk:

    Sri tinon ing pasewakan
    Busana manekawarna
    Seba kapuspiteng hudiana
    Miang hanjrah ing sarwa rukma
    Sri tinon ing pasewakan
    Busana manekawarna
    Murub mubyar socanira
    Kadya parada tinabur
    Kadya kunang-kunangan
    Sekar wijaya kusuma lawan
    Ramyang ramyang cinandak
    Ya sinungkeman
    Samia prapta ngabiyantara
    Jajar denira pinara
    Samia pada gabagea sakabeh

Pocapan

Sarengsena suluk, dilajengkeun kana pocapan anu patali sareng antawacana. Pocapan ieu pikeun nganteur kana caturan wayang. Contona:

    Sri Maha Betara Kresna, sampun wonten ing sitinggil binatu rata lenggah ing dedampar denta pinda lipit ing kancana rinengga nawa retna. Lemek babut prang wedani ginanda wida kajebad kasturi lan sinebaran sari-sari. Dipun hadep Arjuna Panengah Pandawa. Pun nira hangandika kawedaling lisan mekaten pangandikanipun...

Antawacana

Antawacana, nyaéta caturan wayang dina adegan. Antawacana sami sareng dialog dina drama, bentena dialog drama diucapkeun ku lobaan, sedengkeun antawacana dicaturkeun ku sorangan. Dina antawacana dalang kedah tiasa ngolah wanda sorana sangkan benten dina caturan wayang-wayangna. Bentenna wanda sora ngan aya dina basa lesan; sedengkeun dina basa tulis dibentenkeun ku jeneng wayang sareng logat tulisanna.

Di handap conto antawacana anu dicatet ti dalang Dede Amung Sutarya.

    Kresna: Eladalah, Yayi, Yayi Setiaki.
    Setiaki: Kaula nun.
    Kresna: Kakang Patih Udawa.
    Udawa: Lo, lo, lo, Hahahah… pun kakang Patih Udawa.
    Kresna: Marajeng ka payun calikna.

Rumpaka

Rumpaka mangrupi kakawihan anu biasa dihaleuangkeun ku juru kawih sareng ku alok. Nanging rumpaka aya ogé anu kalebet rumpaka dalang nyaéta, kakawihan anu dihaleuangkeun ku dalang atanapi sok diangge dina bodoran. Panakawan biasa sempal kapiguyon sareng kakawihan.

Sastra Padalangan 

Kakawihan anu biasa diangge dina bodoran loba jenisna, ti kawit kakawihan klasik dugi kana lagu-lagu modérn. Conto rumpaka di handap, "Lagu Nu Nguseup" dikawihkeun ku Si Cepot dina lakon Jaya Renyuan garapan Dede Amung Sutarya:

    Barung herang liar mijah
    Clom kiriwil ari anclom ngagiriwil
    Mawa eupan rupa-rupa
    Clom kurunyud lamun anclom sok ngurunyud

Plung kecemplung plung kecemplung

Eupan teuleum kukumbul ambul-ambulan

Kenur manteng jeujeur jeceng

Leungeun lempeng panon mah naksir nu mandi

    Kop tah lauk mere dahareun
    Mangga mangga mangga geura tuang
    Geura raos ditanggung deudeuieun
    Mangga mangga ulah isin-isin

Eupan cangkilung wungkul dilangkung

Eupan papatong kalah dipelong

Ku eupan colek kalah ngadelek

Lekcom lekcom panon belek nyambel oncom

Atanapi kawih anu Bapa Dalang Asep Sunandar Sunarya anu biasana dihaleuankeun ku Si Cepot:

    Dengdelet dengdeleteng
    Tumbila reungit tuma
    Dengdelet dengdeleteng
    Tumbila reungit tuma oh sayang

Boneka cantik

Dari Cibungur

Boleh dilirik

Ayeuna direbut batur

Sora

Salian ti murwa, nyandra, antawacana, sareng rumpaka, sastra padalangan ogé ngangge sora anu nyarengan sabetan dina adegan bandayuda ogol begalan pati. Sora bisa mangrupi aukan, aduhan, lalaran sareng onomatopia. Sora dina bandayuda pagelaran wayang jadi leuwih rame lantaran diiringan kugamelan anu saluyu sareng adeganna. Sedengkeun sora dina basa tulis tiasa ngangge téhnik tatatulis komik. Conto sora basa tulis di handap dicatet tina Lakonet garapan Ki Harsono Siswocarito:

    “Khhk-cuah! Buta edan!”—(Clap!)—“Ciiaatt!”—(Jder!) Adujotos bedas! (Bet!)—“Hih!”—(Dez! Dig! Bugh!)—“Hegkh!”—(Bruk!)
    “Ayo montekar, Dewa!” + “D-du-uh… tob-ba-at….”
    Didupak galak! (Brak!)—“Aakkhh!”
    “Ayo maju, Dewa!” + “Wani ka Brama?” + “Brama? O, iyeu jago Deksinapati: Dewa api kok kakubeku? Ayo maju! Heaah!”—(Clap!) Serbutinju (Bugh!) sepakporak (Blak!)—“Rasakeun dewa—heaah!”—(Blar!) tamparmemar! “Tobaatt!”

Wanda sora dina antawacana aya sababaraha rupa: 1. Sora biasa (satria lungguh), 2. Bengék (satria ladak), 3. Gangsa (ponggawa lungguh/dangah), 4. Falséto (sora palsu nu diréka deui dipapantes jeung rupa tokoh buta nu awakna leutik).

Carita

Carita Sastra Padalangan ngawengku carita pakem, gubahan, sareng carangan. Carita pakem nyaéta carita anu saluyu sareng kitab-kitab pawayangan sapertos Mahabarata, Ramayana, Pustaka Rajapurwa, sareng lainna. Carita gubahan nyaéta carita anu parantos direkacipta luyu sareng jamanna. Sedengkeun carita carangan mangrupi carita gagrag anyar anu sanggitanna saluyu sareng sastra padalangan gagrag anyar.

Tangtos sastra padalangan leuwih maneka warna. Di Tatar Sunda aya padalangan gaya Bandung, gaya Bogor, gaya Subang, gaya Karawang sareng gaya Cirebon. Di DKI aya gaya Betawi. Di Jawa Tengah aya gaya Surakarta, gaya Yogyakarta, sareng gaya Banyumas. Di Jawa Timur aya gaya Jawi Wetanan. Di luar Jawa, aya gaya Bali, gaya Banjar di Kalimantan, gaya Sasak di Nusa Tenggara. Sadayana éta janten buktos kabinekaan sastra padalangan Indonésia.

Tags:

Sastra Padalangan MurwaSastra Padalangan NyandraSastra Padalangan Suluk atanapi KakawenSastra Padalangan PocapanSastra Padalangan AntawacanaSastra Padalangan RumpakaSastra Padalangan SoraSastra Padalangan CaritaSastra PadalanganDalangSastra

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Deungeun sanguGapuraLasunKaséhatanPerang PasifikRobiul akhirTaunStasion KutoarjoKaréta api Joglokerto Éksprés19 AprilBaliungCakram Blu-rayOrganisasi Sabilulungan ÉkonomiThe Economist553 SMRakitCiréngCai tawarKémometrikDaptar istilah pakarang satoBulu kumuutFosforusSulawesiPapua (disambiguasi)HukumJepang16094 NopémberDopingGedoganWaditraCareuh bulanTongo.ac29 OktoberTrojanyAdat NikahKaréta api Sancaka UtaraKaréta api RanggajatiWalesSerbiaEngangWikiAgum GumelarAndi Sultan Daeng RadjaHayamEduard Douwes DekkerLanglayanganCongklak1992.fm7 JuniSungkemAlbaniaWay Tuba, Gunung Labuhan, Way KananWawancaraCécép BurdansyahMeanKawihShania GraciaTommi Jonathan SinagaPluto24 MaretDénmark🡆 More