Mauritius

57°30′E / 20.2°S 57.5°E / -20.2; 57.5

  1. ALIH Citakan:Disambig info

Mauritius (Kréol Mauritius: Moris; Basa Inggris: Mauritius, Basa Prancis: Maurice, dilapalkeun: [mɔˈʁis]), resmina Républik Mauritius (Kréol Mauritius: Republik Moris; Basa Inggris: Republic of Mauritius, Basa Prancis: République de Maurice) nyaéta hiji nagara kapuloan leupas basisir buana Afrika di beulah kidul-kulon Samudra Hindia, kira-kira 900 kilometres (560 mi) wétaneun Madagaskar. Salian ti pulo Mauritius, nagara ieu ngawengku kapuloan Cargados Carajos, Rodrigués, jeung Kapuloan Agalega. Pulo Mauritius mangrupa bagian ti Kapuloan Mascarene, bareng jeung koloni Perancis, Réunion, 200 km (120 mi) ka kidul-kulon jeung pulo Rodrigués 570 km (350 mi) ka kalér-wétan. Ibu kota nagara ieu nyaéta Port Louis.

Republik Moris
République de Maurice
Republic of Mauritius
Républik Mauritius
Bandéra Mauritius Lambang Mauritius
Motto
"Stella Clavisque Maris Indici"
"Star and Key of the Indian Ocean"
Lagu
"Motherland"
Location of Mauritius
Location of Mauritius
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Port Louis
20°10′S 57°31′E
Basa resmi
(Basa wewengkon)
Basa Inggris
(Kréol Mauritius, Basa Perancis, Basa Inggris, Kréol Rodrigués)
Démonim Mauritian
Pamaréntah Républik parleménter
 -  Présidén Prithvirajsing Roopun
 -  Perdana Mentri Pravind Jugnauth
Kamerdikaan ti Britania Raya 
 -  Kaping 12 Maret 1968 
 -  Républik 12 Maret 1992 
Aréa
 -  Total 2.040 km² (ka-179)
787 mil² 
 -  Cai (%) 0,05
Populasi
 -  Perkiraan  2011 1.286.340 (ka-151)
 -  Sénsus 2000 1.179.137 
 -  Kapadetan 630 /km² (ka-18)
1.636,5 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2011
 -  Total $19,008 milyar 
 -  Per kapita $14.746 
GDP (nominal) Perkiraan 2011
 -  Total $10,299 milyar 
 -  Per kapita $7.989 
HDI (2010) Mauritius 0.701 (luhur) (ka-72)
Mata uang Rupee Mauritius (MUR)
Zona wanci MUT (UTC+4)
TLD Internét .mu
Kode telepon +230

Inggris ngarebut kadali kana kapuloan ieu ti Perancis basa Perang Napoleon, jeung Mauritius merdika ti Britania Raya dina 1968. Nagara ieu mangrupa républik parleméntér jeung mangrupa anggota ti Komunitas Pamekaran Afrika Kidul, Pasar Umum pikeun Afrika Wétan jeung Kidul, Uni Afrika, La Francophonie, jeung Pasamakmuran Bangsa-Bangsa.

Basa utami nu dipaké di Mauritius nyaéta Kréol Mauritius, Basa Perancis, jeung Basa Inggris. Basa Inggris mangrupa basa resmi sahiji-hijina tapi basa panghubung biasana Kréol Mauritius. Koran jeung program télévisi biasana dina Basa Perancis. Kréol Rodrigués nyaéta hiji basa minoritas jeung dipaké di sababaraha bagian nagara. Rahayat nagara ieu diwangun ku sababaraha étnis, kaasup India, Afrika, Tionghoa, jeung Perancis. Panjelajah Eropa kahiji nu datang ka pulo ieu teu manggihan padumuk pribumi di pulo ieu.

Pulo Mauritius katelah salaku sahiji-hijina tempat nu kawanoh salaku tempat aya manuk dodo. Manuk ieu mangrupa pangan nu gampang diala ku para padumuk lantaran teu bisa ngapung jeung beuratna. Jadi punah kirang ti 80 taun sanggeus panjajahan awal Éropa.

Distrik jeung depéndensi

Mauritius 
 Artikel utama: Distrik jeung depéndensi di Mauritius.
Mauritius 
  • Pulo Mauritius dibagi kana 9 distrik:
  1. Black River (Ibu kota: Bambous)
  2. Flacq (Ibu kota: Centre de Flacq)
  3. Grand Port (Ibu kota: Mahébourg)
  4. Moka (Ibu kota: Quartier Militaire)
  5. Pamplemousses (Ibu kota: Triolet)
  6. Plaines Wilhems (Ibu kota: Rose-Hill)
  7. Port Louis (Ibu kota Mauritius)
  8. Riviére du Rempart (Ibu kota: Mapou)
  9. Savanne (Ibu kota: Souillac)

Depéndensi

  • Rodrigués, hiji pulo 560 kilometres (350 mi) wétaneun Mauritius, nu miboga otonomi kawates dina Oktober 2002. Wewengkon ieu miboga status salaku distrik adminstratif ka-10 Mauritius saméméh miboga otonomi.
  • Kapulon Agalega, 2 pulo 1100 km kaléreun Mauritius
  • Cargados Carajos

Tempo ogé

  • Pulo-pulo leutik di Mauritius

Rujukan

Tumbu kaluar

Mauritius    Tempo ogé Mauritius di Wikivoyage

Citakan:Mauritius topics


Mauritius 

Tags:

Mauritius Distrik jeung depéndensiMauritius Tempo ogéMauritius RujukanMauritius Tumbu kaluarMauritiusSistim koordinat géografi

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Topéng banjétUmar WirahadikusumahJamaikaBandung TVAja VolkmanSuhuSangray1989BeuratPrabu SiliwangiDaptar istilah ngeunaan sasatoanLimusChūya NakaharaWawacan Layang Syékh Abdul Qodir JaélaniWawacan MintaragaJuwarMang KokoAtikanDiséntriCacandranKoma(248590) 2006 CSLutung KasarungKohkolKuwung-kuwungSisingaanSato SundaKabudayaan SundaCristiano RonaldoMoch. AmbriTatakrama basa SundaSaungAsparaginAbdul Halim SyatariR.E. MartadinataIndustriBabadDrumSakotengUgaYura YunitaGurisaKonéng (warna)PayungSintungTaunEmma PoeradiredjaSalésmaBajigurKentangultraviolétCiréngCaiWayang wong PrianganSitus Gunung PadangBiantaraBaligoPaculWalunganRarangkénSuisSunamiVitaminInumanDiabétes mélitusSondahCangkaléngWangunan SundaBoboko1810-an🡆 More