Gunung Galunggung

Galunggung , Galoen-gong, atawa Gunung Galunggung nyaéta salah sahiji stratovolcano aktip di Jawa, Indonésia.

Galunggung
Gunung Galunggung
Kilat nalika bituna Galunggung taun 1982
Luhur 2,168 meter (7,113 suku)
Perenah Jawa, Indonesia
Koordinat7°15′0″S 108°3′0″E / 7.25000°S 108.05000°E / -7.25000; 108.05000 108°3′0″E / 7.25000°S 108.05000°E / -7.25000; 108.05000
TipeStratovolcano (aktip)
Panungtungan bitu1982

Bitu nu ngabahyakeun taun 1982

Artikel utama: British Airways Panghiberan 9.

Bitu gedé Galunggung pangpandeurina nyaéta taun 1982, nu kakuatannana 4 VEI sarta niwaskeun 68 urang. Bitu ieu nyababkeun kacilakaan panghiberan alatan lebu vulkanik nu geus narik perhatian dunya. Dua jet panumpang Boeing 747 nu hiber sabudeureun tempat bitu ngalaman karuksakan mesin saharita sarta ngaruksak pabeungeutan luarna, duanana kapaksa badarat sacara darurat di Jakarta.

salah sahijina, pesawat British Airways nu mawa 243 urang panumpang, teu ngahaja asup kana awan lebu nalika peuting bulan Juni 1982 150 km sabudeureun gunung. Sakabéh tina opat mesinna gagal sarta pesawat nyirorot salila 16 menit, turun 7500 méter tina luhurna hiber 11500 méter, tepikeun ka kru kudu maehan katut ngahurungkeun deui mesinna

Bulan satuluyna pesawat Singapore Airlines nu mawa 230 urang panumpang, asup ogé kana awan lebu dina wanci peuting, tilu di antara opat mesinna pareum. Kru hasil ngahurungkeun deui mesin sanggeus nyirorot 2400 méter. Pesawat duanana ogé ngalaman karuksakan nu pohara dina mesin sarta pabeungeutan luarna.

Gundukan longsoran

Gundukan pasir nu katelah "Pasir Sapuluh Réwu" (The Ten Thousand Hills, TTTH) di Tasikmalaya geus narik perhatian ahli géologi dina mimiti abad ka-20. Imah-imah diwangun di luhureun pasir alatan hadéna pertahanan tina serangan musuh atawa jalma teu bener, sarta di luhureun sawah bébas tina reungit katut beurit.

Asal muasalana, bisa jadi baheulana diwangun ku lahar balukar tina kaluarna cai tina situ kawah, atawa boa dijieun ku manusa; batu karang jeung batu gedé nu kasusun loba di dinya sanggeus dibérésihan keur sawah.

Nyorot kana bituna Gunung St. Helens taun 1980 sarta uji coba lapisan Gunung Shasta, geus jelas yén pasir-pasir mangrupa deposit longsoran nu rugrug. Siga pagunungan séjén, Galunggung boga kawah nu wangunna suku kuda nu jadi totonden ayana taneuh urug nu gedé, sarta uji coba balok lava nu ancur nembongkeun yén siga deposit dina dua gunung seuneuan eta. Dumasar kana tanggal radiokarbon sampel nu dicokot tina aliran lava, taneuh urug éta kajadian dina jangkah 23,000 taun ieu.

Tempo ogé

Catetan jeung rujukan

Tumbu luar

Citakan:Gunung di Indonésia

Tags:

Gunung Galunggung Bitu nu ngabahyakeun taun 1982Gunung Galunggung Gundukan longsoranGunung Galunggung Tempo ogéGunung Galunggung Catetan jeung rujukanGunung Galunggung Tumbu luarGunung GalunggungIndonésiaJawa (pulo)

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Babak (téater)Kabupatén KuninganFolklorWidaraPandémi koronavirus 2019 di JepangPadalisanDaptar kode telepon di IndonésiaRakit1525SintaksisZIndependent components analysisSapfoPeso PangotJulung-julungTukang (profési)Daptar inohong bangsa IndonesiaBalakbakHawuAnimasiJamaika9 OktoberLeif ErikssonPanahWawangsalanBidaraOlimpiade1949PakasabanSurabiAbad ka-2 SMCalingcingBenito MussoliniKompas TVÉvolusiSurat2 DésémberSastra padalanganKiara1630-anCareuh bulanCakalangHaji Abdul Malik Karim AmrullahSandiwaraTopéng banjétMaén balRinyuhCongcotKapuloan RiauLayungPerm (périodeu)BuanaJurudemungCaiIrlandia KalérSééngPandémi koronavirus 2019 di Amérika SarikatDonald TrumpAstinapuraMétabolismeJajangkunganPaguyuban PasundanGambangKaluaPenca SilatPupuhFiksiMonosakaridaAntarbeungeut IEEE 1394Kabudayaan SundaKumpulan sajak🡆 More