26 Pébruari

26 Pébruari nyaéta poé ka-57 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 308 poé (309 dina taun kabisat).

1 2 3
4 5 6 7 8 9 10
11 12 13 14 15 16 17
18 19 20 21 22 23 24
25 26 27 28 29

Kajadian

  • 1233 – Perang Mongol–Jin: Kaum Mongol ngarebut Kaifeng, puser nagri Dinasti Jin, sabada ngepung mangbulan-bulan.
  • 1616Galileo Galilei sacara rasmi dilarang ku Garéja Katolik Roma pikeun ngajar alatan pamadeganna ngeunaan bumi nu ngurilingan panon poé.
  • 1815Napoleon Bonaparte kabur ti Pulo Elba.
  • 1876 – Jepang jeung Koréa néken perjangjian nu méré warga Jepang hak-hak ékstratéritorial, muka tilu darmaga pikeun padagang Jepang sarta mungkas status Koréa minangka nagara bawahan Dinasti Qing.
  • 1909Kinemacolor, proses pilem warnaan munggaran nu hasil, mimiti dipintonkeun pikeun umum di Téater Palace di London.
  • 1914HMHS Britannic, dulur ti RMS Titanic, medal di palabuhan Harland jeung Wolff di Belfast.
  • 1919 – Présidén  Woodrow Wilson nanda tangan akta Kongrés nu ngadegkeun Taman Nasional Grand Canyon.
  • 1929 – Présidén Calvin Coolidge néken aturan éksekutif nu ngadegkeun 96.000 akre Taman Nasional Grand Teton di Wyoming.
  • 1935Adolf Hitler maréntahkeun pasawat Luftwaffe pikeun dijieunan deui, ngabahayakeun katangtuan dina Perjangjian Versaillers.
  • 1935 – Robert Watson-Watt ngalumangsungkeun hiji pamintonan di deuket Daventry nu nungtun kana pamekaran radar di Karajaan Inggris.
  • 1960 – Pasawat New York ti Maskapai Alitalia murag di komplek astana di Shanon, Irlandia, teu lila sabada ngapung, nelasan 34 tina 52 jalma sajeroeunna.
  • 1971 – Sékjén PBB U Thant néken proklamasi PBB ngeunaan vernal equinox jadi Poé Bumi.
  • 1980 – Mesir jeung Israél ngadegkeun hubungan diplomatik pinuh.
  • 1993 – Pangeboman World Trade Center: hiji bom treuk nu diparkir sahandapeun Munara Kalér WTC ngabeledug, nelasan genep jalma sarta nyideraan leuwih ti sarébu lianna.
  • 1995 – Institusi invéstasi perbankan pangkolotna di Karajaan Inggris, Barings Bank, bangkrut sabada saurang broker sekuritas liar, Nick Leeson rugi $1,4 juta dina spékulasi di Padagangan Valas Singapur ngagunakeun kontrak kahareup.
  • 2008The New York Philharmonic midang di Pyongyang, Koréa Kalér; mangrupa kajadian siga kitu nu munggaran nu lumangsung di Koréa Kalér.
  • 2012 – Trayvon Martin ditémbak tur nemasing pati dina umur 17 taun di Sanford, Florida, ku kordinator siskamling di dinya.
  • 2012 – Hiji karéta kaluar ti jalurna di Burlington, Ontario, Kanada, nelasan saheunteuna tilu jelema sarta nyideraan 45 urang.
  • 2013 – Balon udara panas ragrag di sadeukeuteun Luxor, Mesir, nelasan 19 jalma.

Nu babar

  • 1802 – Victor Hugo, sastrawan Perancis (td. 1885)
  • 1808 – Honoré Daumier, seniman Perancis (td. 1879)
  • 1829 – Levi Strauss, parancang pakéan Amérika Jérman (td. 1902)
  • 1846 – Buffalo Bill, soldadu, paninggaran Amérika (td. 1917)
  • 1908 – Tex Avery, animator Amérika (td. 1980)
  • 1920 – Tony Randall, aktor Amérika (td. 2004)
  • 1924 - Noboru Takeshita, Perdana Mentri Jepang ka-74 (td. 2000)
  • 1928 – Ariel Sharon, PM Israél ka-11 (td. 2014)
  • 1932Johnny Cash, tukang ngawih Amérika (td. 2003)
  • 1946 - Ahmed H. Zewail, Ahli kimia Mesir, Panarima Nobel
  • 1953 – Michael Bolton, tukang ngawih Amérika
  • 1954 – Recep Tayyip Erdoğan, présidén Turki ka-12
  • 1973 – Ole Gunnar Solskjær, pamaén, manajer bola ti Norwégia
  • 1974 – Sébastien Loeb, supir mobil balap Perancis
  • 1983 – Pepe, pamaén bola Portugis
  • 1984 – Emmanuel Adebayor, pamaén bola Togo
  • 1985 – Rezky Aditya, aktor Indonésia

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

https://www.duhoctrungquoc.vn/wiki/en/February_26

26 Pébruari 

Tags:

26 Pébruari Kajadian26 Pébruari Nu babar26 Pébruari Nu pupus26 Pébruari Poé peré poé panginget-nginget26 Pébruari Tumbu luar26 PébruariKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

NgasorFebri HaryadiTajwidAplikasiGawirTransduserSancangBulan purnamaGedoganStatistikaBlogBabad Banten1984Sunda392Sahadat buhunKompas TVGuguritanJaiponganAnggurKarédokKaréta api HarinaMijalmaTiga Juhar, STM Hulu, Deli SerdangTaleusJurudemungKecap rajékan (basa Sunda)Indra BruggmanKumpulan sajak1977Karéta api Fajar Utama YogyaSawérOpakJamparingKayasDevi Kinal PutriBhinneka Tunggal IkaProsaSasanggaleunGamelan DegungOto Iskandar di NataSato SundaBabad PanjaluListrikCalungDaptar istilah ngeunaan sasatoanDongéngRorombéheunFiksiPutuFungsi survivorBayawakCaplakLionel MessiRobotTénjolaya, Cicaléngka, BandungKyaiKelenciDramaBuah22 AprilKaulinanAl-Anfal🡆 More