11 Pébruari

11 Pébruari nyaéta poé ka-42 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 323 poé (324 dina taun kabisat).

1 2 3
4 5 6 7 8 9 10
11 12 13 14 15 16 17
18 19 20 21 22 23 24
25 26 27 28 29

Kajadian

  • 1659 – Serangan Swédia ka Kopenhagen neunggar cadas.
  • 1823 – Tragedi karnaval 1823: Kurang leuwih 110 barudak maraot nalika kakacoan lumangsung di ruang biarawati Garéja Minori Osservanti di Valletta, Malta.
  • 1826 – Universitas London diadegkeun.
  • 1856 – Karajaan Awadh dicaplok ku Pausahaan India Wétan Inggris jeung Wajid Ali Shah. Raja Awadh, dibui sarta tuluy diasingkeun ka Kalkuta.
  • 1889 – Konstitusi Méiji diadopsi di Jepang.
  • 1942Perang Dunia II: Patempuran Bukit Timah lumangsung di Singapur.
  • 1943 – Perang Dunia II: Jénderal Dwight D. Eisenhower kapilih jadi komandan tentara Sakutu di Éropa.
  • 1953Uni Soviét megatkeun hubungan diplomatik jeung Israél.
  • 1959 – Féderasi Emirat Arab Kidul, nu tuluy nelah jadi Yaman Kidul, diadegkeun minangka hiji nagara protéktorat Karajaan Inggris.
  • 1964 – Yunani jeung Turki mimiti patelak di Limassol, Siprus.
  • 1971 – Perang Tiis: Dalapan puluh tujuh nagara, kaasup AS, Inggris jeung Uni Soivét néken Perjangjian Pangadalian Pakarang Dasar Laut, ngajieun larangan pikeun pakarang nuklir di dasar laut internasional.
  • 1978China nyabut larangan pikeun karya-karya Aristoteles, William Shakespeare jeung Charles Dickens.
  • 1979 – Républik Iran jadi nagara Islam dina pingpinan Ayatollah Ruhollah Khomeini.
  • 1990Nelson Mandela dibébaskeun ti Panjara Victor Verster di saluareun Cape Town, Afrika Kidul, sabada 27 taun jadi tahanan pulitik.
  • 1990 – Buster Douglas, nu teu diunggulkeun ku bandingan 42:1, ngarubuhkeun Mike Tyson dina ronde kasapuluh di Tokyo Dome, Tokyo pikeun ngarebut gelar juara kelas beurat.
  • 1999Pluto meuntas orbit Neptunus, ngaréngsékeun sapériode nu ampir 20 taun lilana (ti saprak taun 1979). Pluto diangkeuh moal timu deui jeung Neptunus pikeun salila 228 taun ka hareup.
  • 2001 – Saurang tukang nieun program medalkeun virus Anna Kournikova nu ngainféksi jutaan surélék ngaliwatan tipuan photo béntang ténes éta.
  • 2006 – Wakil Présidén AS Dick Cheney némbak Harry Whittington, saurang pangacara Texas umur 78 taun, nalika keur ngilu moro puyuh di hiji paternakan di Riviera, Texas.
  • 2008 – Soldadu pamungpang Timor Timur nyideraan Présidén José Ramos-Horta. Pamingpin pamungpangan, Alfredo Reinado palastra dina panyerangan éta.
  • 2014 – Hiji pasawat transportasi militer murag di aréa pagunungan di Provinsi Oum al Bouaghi di kidul Aljazair, nelasan 71 jalma.
  • 2015 – Saurang mahasiswi nemasing pati nalika mertahankeun diri tina hiji usaha perkosaan di Turki, ngabalukarkeun protés nasional jeung amarah publik kana kaheurasan jeung panglécéan ka wanita.
  • 2016 – Saurang lalaki némbakan genep jalma nepi kahanteuna di puseur pangatikan di Propinsi Jizan, Arab Saudi.
  • 2017 – Koréa Kalér nembakkeun hiji misil balistik ngaliwatan Laut Jepang.
  • 2018 – Pasawat Saratov Airlines 703 murag di deukeut Moskow, Rusia. Sakabéh 71 jalma sajeroeunna maraot.

Nu babar

  • 1847Thomas Alva Edison, élmuwan Amérika (td. 1931)
  • 1908Sutan Takdir Alisjahbana, sastrawan Indonésia (td. 1994)
  • 1917 – Sidney Sheldon, pangarang Amérika (td. 2007)
  • 1934 – Manuel Noriega, pamingpin militer Panama (td. 2017)
  • 1936 – Burt Reynolds, aktor Amérika (td. 2018)
  • 1942 – Otis Clay, musisi Blues Amérika (td. 2016)
  • 1962 – Sheryl Crow, musisi Amérika
  • 1963 – José Mari Bakero, pamaén bola Spanyol
  • 1964 – Ken Shamrock, patarung gaya bébas Amérika
  • 1969 – Jennifer Aniston, artis Amérika
  • 1971 – Damian Lewis, aktor Inggris
  • 1971 – Susi Susanti, atlét batminton Indonésia
  • 1972 – Steve McManaman, pamaén bola Inggris
  • 1981 – Kelly Rowland, musisi Amérika
  • 1982 – Natalie Dormer, artis Inggris
  • 1986 – Abu Omar al-Shishani, komandan Georgia (td. 2016)
  • 1992 – Taylor Lautner, aktor Amérika

Nu pupus

  • 1650 – René Descartes, philosop Perancis (l. 1596)
  • 1931 – Charles Algernon Parsons, insinyur Irlandia, nu ngajieun turbin uap (l. 1854)
  • 2012Whitney Houston, panyanyi Amérika (l. 1963)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Internasional pikeun Mojang jeung Wanita dina Kaélmuan

Tumbu luar

https://www.duhoctrungquoc.vn/wiki/en/February_11

11 Pébruari 

Tags:

11 Pébruari Kajadian11 Pébruari Nu babar11 Pébruari Nu pupus11 Pébruari Poé peré poé panginget-nginget11 Pébruari Tumbu luar11 PébruariKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Ningrum DjulaéhaGobagCau ambonBacharuddin Jusuf HabibiePamaréntahCongcotMuammar KhadafiCihcirKartiniRumpakaKasenian SundaAl LailKecap Rajékan (Basa Sunda)HihileudeunAreuy kidang.baHiperténsiKarajaan NgahijiRakitan lantipWikipédiaRarangkén pa-YouTubePancakakiDaptar istilah ngeunaan sasatoanSajarah basa SundaGaya basa (Sunda)UgaWikisourceKampung adat CireundeuGlobalisasiKaranganAlamat ngimpiPandanAdonan (masak).am24 AprilWorld Trade OrganizationPanyajakInternétKomunikasiRancatanBéklenPuyuhKulawargaAbdul Halim SyatariCiréngBasa JawaMuhammadiyahKakawihanPaparikanInohong di Bojong RangkongMahabarataMégalitikumSulingMuhammadAnjingÉngkléSatoBabak (téater)AtlasPanalungtikanKaluaJaiponganÉs lilinArkéologiCakung.gsKecap bilangan (basa Sunda)🡆 More