6 Pébruari

6 Pébruari nyaéta poé ka-37 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 328 poé (329 dina taun kabisat).

1 2 3
4 5 6 7 8 9 10
11 12 13 14 15 16 17
18 19 20 21 22 23 24
25 26 27 28 29

Kajadian

  • 60 SM – Tanggal nu mimiti dipakéna ngaran poé dina saminggu.
  • 1778 – Perang Révolusi Amérika: Pasini Pasarikatan jeung Pasini Sosobatan tur Dadagangan di taréken di Paris ku Amérika Sarikat jeung Perancis, nandakeun pangakuan rasmi kana medalna républik anyar.
  • 1806 – Patempuran San Domingo: Armada laut Inggris meunang perang ngalawan Perancis di Karibia.
  • 1819 – Sir Thomas Stamford Raffles ngadegkeun Singapura.
  • 1820 – Dalapan puluh genep imigran Amérika Afrika nu munggaran dirojong ku Masarakat Kolonisasi Amérika ninggalkeun New York pikeun mimiti nyieun padumukan di tempat nu kiwari nelahku Liberia.
  • 1840 – Panandatanganan Perjangjian Waitangi, ngabalukarkeun Selandia Anyar jadi koloni Inggris.
  • 1900 – Pangadilan Permanén Arbitrasi, hiji pangadilan arbitrasi internasional di Dén Haag ngadeg nalika Sénat Walanda ngasahkeun dekrit konferénsi perdaméyan taun 1899.
  • 1922 – Perjangjian Angkatan Laut Washington ditéken di Washington D.C., ngawatesan pasanjataan angkatan laut ti AS, Inggris, Jepang, Perancis jeung Italia.
  • 1951 – Angkatan Perang Kanada ngilu campuh dina Perang Koréa.
  • 1952 – Elizabeth II jadi Ratu Karajaan Inggris jeung wilayah kakawasaan lianna, sarta jadi Pupuhu tina Nagara-Nagara Pasamakmuran nalika bapana, George Vi, tilar dunya.
  • 1958 – Dalapan pamaén bola Manchester United sarta 15 panumpang lianna maraot dina kacilakaan kapal udara di Munich.
  • 1959 – Jack Kilby ti Texas Instruments ngajukeun patén pikeun integrated circuit (IC).
  • 1959 – Di Tanjung Caveral, Florida, Amérika réngsé nguji coba misil balistik antar benua Titan pikeun kali kahijina.
  • 1978 – Badéy Salju 1978, salah sahiji Nor'easters (angin puyuh ékstra-tropis) pangparahna dina sajarha New England, narajang wilayah éta, ku tiupan angin 65 mpj sarta hujan salju opat inchi per jam.
  • 1989 – Pasamoan Méja Bunder di Warsawa, Polandia, ngamimitian rugrugna komunisme di Éropa Wétan.
  • 1996 – Banjir Landeuh Willamette: Banjir di Landeuh Willamette di Oregon, AS, ngabalukarkeun karugian leuwih ti AS$ 500 juta tina karusakan properti di sakliah Pacific Northwest.
  • 1996 – Pangapungan Birgenair 301 murag di leupas basisir Républik Dominika, nelasan sakabéh 189 jalma sajeroeun kapal. Hal ieu mangrupa kacilakaan pangapungan pangparahna nu ngabaud jeung Boeing 757.
  • 2000 – Perang Chechnya Kadua: Rusia ngarebut Grozny, ngusir pamaréntahan Républik Chechnya Ichkeria ka pangasingan.
  • 2016 – Lini 6,6 Mw narajang béh kidul Taiwan, nelasan 117 jalma.

Nu babar

  • 1895 – Babe Ruth, legenda bésbol Amérika (td. 1948)
  • 1911Ronald Reagan, présidén AS ka-40 (td. 2004)
  • 1912 – Eva Braun, pamajikan Adolf Hitler (td. 1945)
  • 1925 – Pramudya Ananda Toer, sastrawan Indonésia (td. 2006)
  • 1940 – Ratna Sari Déwi, pamajikan Présidén Soekarno
  • 1945 – Bob Marley, musisi Jamaika (td. 1981)
  • 1950 – Natalie Cole, panyanyi katut artis Amérika (td. 2015)
  • 1962 – Axl Rose, panyanyi Amérika (Guns 'N Roses)

Nu pupus

  • 1993 – Arthur Ashe, atlét ténes Amérika (l. 1943)
  • 1993 – Mohammad Natsir, Pahlawan Nasional Indonésia (l. 1943)
  • 2015 – Djudjuk, palawak Indonésia (Srimulat) (l. 1947)
  • 2020 – J.B. Sumarlin, manten menteri paduitan Indonésia (l.1932)

Poé peré /poé panginget-nginget

Tumbu luar

https://www.duhoctrungquoc.vn/wiki/en/February_6

6 Pébruari 

Tags:

6 Pébruari Kajadian6 Pébruari Nu babar6 Pébruari Nu pupus6 Pébruari Poé peré poé panginget-nginget6 Pébruari Tumbu luar6 PébruariKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Nyi Roro KidulHumaParaseuneuOctavianusWawacan Endén Saribanon30 JuniLoss functionDina Kalangkang PanjaraFacebookKompas TVSerat KanayaganSelat HormuzListrikAyana ShahabMociPianakanTaufik FaturohmanAdat NikahUrang aringBlénderEmbéRarangkén barungRumah Sakit Umum Pusat Nasional Dr. Cipto MangunkusumoHawuGrafik kadaliISO 3166-1OksigénÉngangTirto Adhi SoerjoAyakanOray-OrayanMalaysiaSiti Hardijanti RukmanaDaptar éntitas subnagaraBabad BantenTumbungLayungRékayasaSiritUgaGitarAn-Nisa' (Surat)Basa Inggris18 JuliSundaSMKS Farmasi YPIB CirebonBacharuddin Jusuf HabibiePamaréntahCristiano RonaldoNajisUcang-Ucang AnggéVoltaseMisroLajaRumpakaOptimisasi mesin panéangPancakakiRanginangBarusuhDéwi SartikaLiang HeunceutPartikel subatomikNgaran JepangÉkahKekecapan🡆 More