21 Pébruari: Kaping dina sistim kalénder

21 Pébruari nyaéta poé ka-52 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 313 poé (314 dina taun kabisat).

1 2 3
4 5 6 7 8 9 10
11 12 13 14 15 16 17
18 19 20 21 22 23 24
25 26 27 28 29

Kajadian

  • 1440 – Konféderasi Prusia ngadeg.
  • 1797 – Hiji pasukan Perancis nu diwangun ku 1.400 soldadu nyerang Inggris di Fishguard dina raraga nulungan Masarakat Irlandia Sarikat. Maranéhna diéléhkeun ku 500 urang pasukan batahan Inggris.
  • 1804 – Karéta uap nu bisa ngadorong sorangan nu munggaran kaluar ti Béngkél Pen-y-Darren di Wales.
  • 1808 – Tanpa pangedalan perang ti heula, Pasukan Rusia meuntas wates ka Swédia di Abborfors di Finlandia wétam, ku kituna ngamimitian Perang Finlandia, di mana Swédia bakal ngaleupaskeun satengah wilayahna (nyaéta Finlandia téa) ka Rusia.
  • 1842 – John Greenough meunangkeun patén AS pikeun mesin jait.
  • 1848Karl Marx jeung Friedrich Engels medalkeun Manifesto Komunis.
  • 1896 – Urang Inggris nu gedé di Australi, Bob Fitzsimmons, tanding ngalawan urang Irlandia, Peter Maher, dina hiji laga nu diayakeun ku Amérika nu lumangsung di Méksiko. Fitzsimmons antukna meunangkeun gelar juara tinju Kelas Beurat 1896.
  • 1916Perang Dunia I: Di Perancis, Patempuran Verdun lumangsung.
  • 1918 – Manuk parkit carolina nu pamungkas paéh dina kurungan di Kebon Binatang Cincinnati.
  • 1919 – Sosialis Jérman, Kurt Eisner, ditelasan. Maotna Eisner ngakibatkeun diadegkeunna Républik Soviét Bavaria di Munich, Jérman.
  • 1921 – Rezā Shāh ngawasa Téhéran ku cara kudéta.
  • 1945Perang Dunia II: Nalika Patempuran Iwo Jima, pasawat kamikaze Jepang nilemkeun kapal pangawal AS Laut Bismarck jeung ngaruksak Kapal AS Saratoga.
  • 1945 – Perang Dunia II: Pasukan Ékspédisi Brasil ngéléhkeun pasukan Jérman dina Patempuran Monte Castello di baris hareup Italia.
  • 1947 – Di Kota New York, Edwin Land mintonkeun "kaméra instan" nu munggaran, Kaméra Land Polaroid dina hiji pasamoan Masarakat Optik Amérika.
  • 1948NASCAR dirasmikeun.
  • 1958 – Simbul CND (Campaign for Nuclear Disarmament / Kampanye pikeun Pangudaran Nuklir) alias simbul kadaméan, nu mangrupa protés kana Pangadegan Risét Pakarang Atom, dirancang jeung diréngsékeun ku Gerald Holtom.
    1965 – Malcolm X ditelasan nalika keur biantara di bangsal Audobon di Harlem.
  • 1971 – Konvénsi Substansi Psikotropika ditéken di Wina.
  • 1973 – Di saluhureun Gurun Sinai, pasawat tempur Israél muragkeun pasawat jét Maskapai Arab Libya 114, nelasan 108 jalma.
  • 1974 – Soldadu panungtung Israél ninggalkeun Terusan Suéz jeung Sisi Kulon, nyaosan pasini daméy jeung Mesir.
  • 1995 – Steve Fossett ngadarat di Leader, Saskatchewan, Kanada, jadi jalma munggaran nu nuntaskeun ngapung sorangan ngaliwatan Samudra Pasifik maké balon udara.
  • 2013 – Saheunteuna 17 jalma maraot sarta 119 taratu sabada sababaraha pangeboman di Kota Hyderabad, India.
  • 2020 – Sapuluh tina 248 siswa SMP Turi I Sleman nu keur ngariluan kagiatan luar sakola nyukcruk Walungan Sempor naremasing pati alatan kairid ku caah déngdéng di walungan éta.

Nu babar

  • 1905 – Christian Dior, disainer fésyén Perancis (td.1957)
  • 1963 – William Baldwin, aktor Amèrika
  • 1977 – Steve Francis, pamaén baskét AS
  • 1979 – Jennifer Love Hewitt, artis Amérika
  • 1991 – Riyad Mahrez, pamaén bola Aljazair
  • 1996 – Sophie Turner, artis Inggris

Nu pupus

  • 1919 – Kurt Eisner, pulitisi Jérman (l. 1867)
  • 1965 – Malcolm X, aktipis Amérika (l. 1925)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Bahasa Indung Internasional (UNESCO)

Tumbu luar

https://www.duhoctrungquoc.vn/wiki/en/February_21

21 Pébruari: Kajadian, Nu babar, Nu pupus 

Tags:

21 Pébruari Kajadian21 Pébruari Nu babar21 Pébruari Nu pupus21 Pébruari Poé peré poé panginget-nginget21 Pébruari Tumbu luar21 PébruariKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

SMAN 1 Anjatan4 JuniPadalisanAngkutan karéta di JepangMuammar KhadafiPeso PangotKota New YorkKanjutNagara daulatSurabiÉvolusiSistim panomeran binérDaptar istilah sora satoWikipédiaAbdurrahman Wahid2007Perang Bubat1838GugununganMeghan Trainor1989Rarangkén pa--anÉlmuISO 4217Siksikan congcotAnwar TjokroaminotoPatempatanKecap Rajékan (Basa Sunda)Liang HeunceutSapuAreaBatu RosettaBandar Udara Internasional Soekarno–HattaHuniBrasilKaduWangunan SundaTingkebanTProsaPaparikanSinga depaParaguayStatistikaGuguritanGéografiLaut Tiongkok KidulCécép BurdansyahHajiLentongKélorSintaksis216 SMPaku sayurBlogWikipediaEmihBismillahPaléstina (wewengkon)ArkéologiJatayuFisikaNagaraLoka Warisan DunyaLaboratoriumKarédokSondahHawaii🡆 More