22 April

22 April nyaéta poé ka-112 dina sataun (ka-309 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 253 poé.

1 2 3 4 5 6
7 8 9 10 11 12 13
14 15 16 17 18 19 20
21 22 23 24 25 26 27
28 29 30  

Kajadian

  • 1500 – Navigator Portugis, Pedro Alvares Cabral ngadarat di Brasil.
  • 1519 – Pangjalajah Spanyol, Hernán Cortés ngadegkeun padumukan di Veracruz, Méksiko.
  • 1529 – Perjangjian Zaragoza ngabagi wilayah jajahan Spanyol jeung Portugis di sapanjang garis 1.250 km wétaneun Kapuloan Maluku.
  • 1809 – Poé kadua Patempuran Eckmühl: Tentara Austria diéléhken ku tentara Karajaan Perancis Kahiji pingpinan Napoléon sarta di usir ti Danube, Regensburg.
  • 1836 – Révolusi Texas: Sapoé sabada Patempuran San Jacinto, pasukan pingpinan Jéndral Sam Houston nganyahoan Jéndral Méksiko Antonio Lopez Santa Anna aya di antara para tawanan nalika salah saurang anak buahna  teu kahaja ngabéjakeun identitasna.
  • 1889 – Pabeubeurang, rébuan jalma paheula-heula ngahak kana tanah dina kajadian Rebutan Lemah 1889. Dina jero ngan sababaraha jam Kota Oklahoma jeung Guthrie kawangun ku saheunteuna 10.000 pangeusi.
  • 1930 – Karajaan Inggris, Jepang jeung Amérika Sarikat néken Perjangjian Laut London nu ngatur kana kandaraan perang kapal selam jeung pangwatesan panieunan kapal perang.
  • 1934 – Divisi Invéstigasi AS (jagana FBI) dina pingpinan Melvin Purvis nyieun kasalahan strategi dina hiji operasi pikeun nyerek Gang John Dillinger di Panginepan Little Bohemia, Manitowish Waters, Wisconsin. Dua urang palastra sarta opat lianna cidera.
  • 1944Perang Dunia II: Operasi Persékusi dimimitian: Pasukan Sakutu ngadarat di Hollandia (kiwari Jayapura) wilayah Papua.
  • 1945 – Perang Dunia II: Para tawanan di kémp konséntrasi Jasenovac barontak. Lima ratus dua puluh urang nemasing pasti sarta kira-kira dalapan puluh urang kalabur.
  • 1951 – Perang Koréa: Pasukan Sukarélawan RRC ngamimitian nyerang posisi-posisi nu dipertahankeun ku Résimen Karajaan Australia jeung Infanteri Leutik Putri Patricia Kanada dina Patempuran Kapyong.
  • 1970 – Poé Bumi nu munggaran, direuah-reuah.
  • 1977 – Optik fibér munggaran dipaké pikeun jalur telepon.
  • 1977–  Shimon Peres jadi perdana menteri ka-8 Israél.
  • 1992 – Hiji rangkéyan jeleguran tina jalur béngsin di Guadalajara, Méksiko ngabalukarkeun 206 jalma palastra, ampir 500 urang taratu sarta 15.000 urang leungiteun imahna.
  • 1993 – Stephen Lawrence nu umurna 18 taun, ditelasan dina hiji serangan rasial nalika keur nungguan beus di Well Hall, Eltham.
  • 1997 – Pangbantéyan Haouch Khemisti di Aljazair di mana 93 urang désa ditelasan.
  • 2004 – Dua karéta api tabrakan di Ryongchon, Koréa Kalér, nelasan leuwih ti 150 jalma.
  • 2005 – PM Jepang, Junichiro Koizumi ménta hampura pikeun catetan perang Jepang.
  • 2013 – Pulisi Tutunggangan Kanada Royal néwak jeung ngadakwa dua jalma nalika maranéhna keur ngarencanakeun gangguan kana layanan karéta api Toronto, diangkeuh meunang dukungan ti anasir Al Qaeda.
  • 2014 – Leuwih ti 60 jalma nemasing pati sarta 80 lianna tatu parna dina hiji kacilakaan karéta api di Propinsi Katanga, Républik Démokratik Kongo.
  • 2016 – Pasini Paris ditaréken, hiji kapaheutan pikeun ngarojong kana panarékahan pamanasan global.
  • 2019 – Lini 6,1 Mw narajang pulo utama di Philipina, Pulo Luzon, nelasan saheunteuna 8 jalma.

Nu babar

  • 1451 – Isabella I ti Kastile (td. 1504)
  • 1724Immanuel Kant, antropolog jeung pilosop Jérman (td. 1804)
  • 1870 – Vladimir Lenin, révolusioner Rusia (td. 1924)
  • 1904 – J. Robert Oppenheimer, fisikawan Amérika, bapana bom atom (td. 1967)
  • 1937 – Jack Nicholson, aktor Amérika
  • 1979 – Daniel Johns, musisi Australia (SIlverchair)
  • 1982 – Kaká, pamaén bola Brasil
  • 1986Amber Heard, artis Amérika
  • 1987 – David Luiz, pamaén bola Brasil
  • 1987 – John Obi Mikel, pamaén bola Nigeria
  • 1994 – Adinda Azani, artis Indonésia

Nu pupus

  • 1994 – Richard Nixon, présidén AS ka-37 (l. 1913)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Bumi

Tumbu luar

22 April 

Tags:

22 April Kajadian22 April Nu babar22 April Nu pupus22 April Poé peré poé panginget-nginget22 April Tumbu luar22 AprilKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Samagaha panonpoéRarangkén silih-Samagaha bulanKebonCaah déngdéngLentongInohongDemam berdarahTatakrama basa SundaCalingcingHak asasi manusaSatoKusumah AtmajaWortelInternétDogdog PangréwongCaplakPerjangjian internasionalSeni PintonanKumis ucingLeuweungSisidueunZaitunHéjoDiabétes mélitusPuan MaharaniSMKS Telkom BandungKeuyeupAlamJackie ChanBajigurUmar WirahadikusumahAlun-alunPeer to PeerGawirMuhammadKiswa WiriasasmitaSingaWikisourceCucungukGatot MangkoepradjaArus listrikKayasÉncrakBasisir JayantiRarangkén -naSkotlandiaHawu1891Cianjur, CianjurDuitNgokolakeun runtahSotoNadom alam mahsyarIndung leungeunPerang Punik INovelSoto hayamBabad BantenRumpakaAbonGayaNike ArdilaKecap asalBasa JawaGamelan Degung🡆 More