14 Méi

14 Méi nyaéta poé ka-134 dina sataun (ka-135 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 231 poé.

1 2 3 4
5 6 7 8 9 10 11
12 13 14 15 16 17 18
19 20 21 22 23 24 25
26 27 28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1264 – Patempuran Lewes: Henry III ti Inggris ditawan sarta dipaksa néken Surat Pernyataan Lewes, ngajadikeun Simon de Montfort minangka pangwasa Inggris..
  • 1509 – Patempuran Agnadello: Di Italia Kalér, Pasukan Perancis ngéléhkeun Républik Vénesia.
  • 1610 – Henry IV ti Perancis ditelasan ku saurang fanatik Katolik, Francois Ravaillac, Louis XIII tuluy nyepeng mahkota.
  • 1643 – Louis XIV nu karak umur 4 taun jadi raja Perancis wanci bapana, Louis XIII, maot.
  • 1796 – Edward Jenner ngokolakeun immunisasi cacar nu munggaran.
  • 1804 – William Clark jeung 42 baladna miang ti Kémp Dubois pikeun ngagabung ka Meriwether Lewis di St. Charles, Missouri, nandaan awal lalampahan basajarah tina Ékspédisi Lewis jeung Clark ti Leuwi Missouri.
  • 1836 – Perjangjian Velasco ditéken di Velasco, Texas.
  • 1863 – Perang Sipil Amérika: Patempuran Jackson lumangsung.
  • 1878 – Pangadilan tukang sihir nu pamungkas dimimitian di AS di Salem, Massachusetts, sabada Lucretia Brown, saurang panganut Élmu Karisten nuduh Daniel Spofford nyobaan ngabahayakeun dirina maké kakuatan méntalna.
  • 1913 – Gupernur New York, William Sulzer nyatujuan piagem Yayasan Rockefeller, nu ngamimitian operasina ku sajumlah $100 juta sumbangan ti John D. Rockefeller.
  • 1939 – Lina Medina jadi indung pangorana dina sajarah médis dina umur lima taun.
  • 1940Perang Dunia II: Rotterdam, Walanda, dibombardir ku pasawat Luftwaffe Nazi, sanajan dina kaayaan keur ngareureuhan perang, nelasan 900 jalma sarta ngancurkeun puseur sajarah kota.
  • 1943 – Perang Dunia II: Hiji kapal selam Jepang nilemkeun kapal AHS Centaur di leupas basisir Queensland.
  • 1948Israél dinyatakeun minangka nagara bébas sarta pamaréntahan samentara diadegkeun. Teu lila ti harita perang Arab-Israél 1948 lumangsung.
  • 1955 – Perang Tiis: Dalapan nagara blok Komunis néken hiji perjangjian pertahanan réréongan nu nelah ku Pakta Warsawa.
  • 1973Skylab, statsion ruang angkasa AS nu munggaran, kabéjakeun dipesatkeun.
  • 1995 – Dalai Lama muguhkeun budak umur 6 taun, Gedhun Choekyi Nyima minangka réinkarnasi ka-11 Panchen Lama, pamingpin spiritual Tibét pangseniorna kadua.
  • 2004 – Pangadilan Konstitusi Koréa Kidul ngagagalkeun pamakzulan ka Présidén Roh Moo-hyun.

Nu babar

  • 1944 – George Lucas, sutradara Amérika
  • 1962 – C.C. DeVille, gitaris Amérika (Poison)
  • 1969 – Cate Blanchett, artis Australia
  • 1984Mark Zuckerberg, pangusaha Amérika, nugadegkeun Facebook
  • 1993 – Miranda Cosgrove, artis Amérika

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

14 Méi 

Tags:

14 Méi Kajadian14 Méi Nu babar14 Méi Nu pupus14 Méi Poé peré poé panginget-nginget14 Méi Tumbu luar14 MéiKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Sultan Ageng TirtayasaKomputerPaninggaranMacan dahanYudistiraBeutiSato SundaBéklenNgaran urang SundaSisindiranWikipédiaDangdingKleponHihidDodolAngeunKi congcorangUni Émirat ArabBabad PanjaluJaramiAksara GedéSajakBandrékJawaHeulang JawaWalunganKaranganDinasti SafawiyahParahyanganBatagorBangkong héjoBawang daunSunan MuriaJawa (pulo)Olah ragaJukutTatakrama basa Sunda15 JanuariBajidoranMencekBeulahan MarcapadaSuratBasa SwédiaJayanti1913Daptar istilah pakarang satoSituSahadat buhunKampung UrugKartiniPerang Dunya IIKaréta api TaksakaBangkong korodokGaya basa (Sunda)BaduyZDFTémaPilemKaréta api HarinaAgum GumelarMantraSasanggaleunBobokoKiripikGending karesménUcing sumputBasa Malayu🡆 More