Wilujeng sumping di portal VisualEditor, hiji cara anu panganyarna dina ngédit Wikipédia anu keur dimekarkeun ku MediaWiki jeung Wiki Foundation.
Larapkeun VisualEditor. | Baca Pituduh Pamaké VisualEditor. | Laporkeun masalah dina maké VisualEditor. |
Login, ulah céntang Temporarily disable the visual editor while it is in beta, atawa robah Mode ngédit ka Témbongkeun sakabéh tab éditor, laju simpen préferénsi anjeun. Atawa paké tutumbu kotrétan ieu pikeun nyobaan. | Paluruh cara nyieun tutumbu, nambahkeun atawa mindahkeun gambar, nyieun sitasi, nyelapkeun citakan, ngédit tabél, jsb. | Sebutkeun ogé panyungsi raramat, sistem operasi komputer, jeung kulit Wikipédia (ilaharna Vector, sakapeung Monobook). |
Harita mah lamun urang hayang ngédit di Wikipédia urang kudu paham heula kana markah wiki, hiji basa markah nu kawilang bangga. Dina taun 2001, ieu cara masih kénéh bisa ditarima tapi dina taun 2013 cara ieu téh ngabalukarkeun para kontributor naringgalkeun Wikipédia. Ku ayana VisualÉditor, urang teu kudu diajar heula perkara markah wiki, nu dipiharep bisa ngaronjatkeun para pamaké méré kontribusina di Wikipédia.
VisualÉditor nyaéta hiji cara "visual" dina ngédit Wikipedia, hiji sistem anyar di mana para pamaké Wikipédia bisa méré kontribusi tanpa kudu maké markah wiki. VisualÉditor geus aya minangka salasahiji pilihan diluncurkeunna "alpha" dina Wikipedia bahasa Inggris ti mimiti bulan Désémber 2012, dina 16 basa lain ti mimiti bulan April 2013, jeung ampir dina sakabéh basa ti awal Juni. Lamun Anjeun kairut pikeun ngagunakeun VisualÉditor ti wiki, aya pituduh pikeun makéna sarta daptar pintasan papan tombol nu umum. Salian ti éta, lamun Anjeun kairut pikeun ngamekarkeun VisualÉditor, aya sababaraha pancén nu bisa dipigawé ku Anjeun. Kiwari dina VisualÉditor aya kénéh sababaraha kutu anu teu bisa disingkahan sarta aya ogé sababaraha fitur nu masih kudu dimekarkeun. Lamun Anjeun manggihan sawatara bangbaluh, tong asa-asa méré laporan dina kaca Umpan balik.
Sababaraha kahéngkéran nu masih kénéh aya dina VisualÉditor nyaéta:
Ku lantaran sababaraha kahéngkéran jeung kutu nu teu bisa disingkahan, leuwih hadé lamun pamaké mencét "Témbongkeun sawangan" saméméh nyimpen hiji kaca sarta ngalaporkeun sagala bangbaluh nu karandapan.
Sangkan VisualÉditor bisa leuwih hadé sarta maksimal, Anjeun bisa nulungan ku cara manggihan kutu tuluy méré laporan. Salian ti éta, aya sababaraha pancén lainna nu bisa dipigawé ku Anjeun, di antarana nyaéta:
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Wiki:VisualÉditor, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.