Panon Hideung (Basa Rusia: Очи чёрные; alih abjad: Ochi chyornye) nyaéta kawih tradisional Sunda nu diadaptasi ku Ismail Marzuki tina lagu romansa Rusia, Ochi chyornye.
Ieu kawih téh geus ngulit daging pikeun masarakat Sunda, loba nu nganggap ieu téh mangrupa kawih Sunda temen, nu padahal mah lain. Pernah midang dina pilem Eastern Promises karya David Cronenberg (2007), dibawakeun ku gitaris Django Reinhardt (2005) dina aransemén jazz, ogé kungsi dimaénkeun dina haleuangna bouzouki ku pakarna John Stamatiou Sporos, jeung loba deui ti éta.
Rumpaka orisinal "Panon Hideung" atawa nu leuwih dipikawanoh dina basa Rusiana Ochi chyornye, ditulis ku bujangga sakaligus panulis Ukraina, Yevhen Hrebinka. Publikasi munggaran éta puisi téh aya dina tarjamahan Rusia Hrebinka sorangan di Literaturnaya Gazeta tanggal 17 Januari 1843.
Dina buku The Book of World-famous Music: Classical, Popular, and Folk, nu dipedal taun 2000, ku panulis, J. Fuld, mértélakeun yén musikolog Soviet geus ngalaporkeun ka manéhna yéh éta lagu téh lain "lagu tradisional Rusia tapina lagu kabarét", dipedal dina buku lagu ku A. Gutheil taun 1897 sarta disebutkeun ogé dina kaca 131, minangka "romansa gipsi nu didasarkeun kana mélodi Florian Hermann's Valse Hommage. Sanajan aya klaim nu dijieun ku Fuld yén,"Ti panulis mélodi aslina mah, Florian Hermann, euweuh hiji gé skor musik nu dipikanyaho," lambaran musik pikeun karya Hermann jeung karya-karyana nu lian euweuh nu bisa kapanggih. Kieu yeuh Rêverie russe-na" mah:
Ari vérsi nu pangkakoncarana tina ieu lagu téh nyaéta nu ditulis ku Adalgiso Ferraris, sarta dipedal nalika masih di Uni Soviét taun 1910, jeung éditor asal Jérman Otto Kuhl, kalawan judulna "Schwarze Augen". Ferraris tuluy medalkeunna deui taun 1931 ku Paris Editions Salabert, minangka "Tes yeux noirs (russe kesan)" sarta bareng jeung Jacques Liber, tanggal 9 Oktober 1931.
Adalgiso Ferraris, saurang komposer Inggris gelaran Italia, geus méakkeun mangtaun-taun di Soviét saméméh taun 1915. Ieu lagu jadi salah sahiji kasuksésan utamana di taun 1920-an jeung 1930-an, nu ogé dipaénkeun ku Albert Sandler jeung Leslie Jeffries dina taun 1939, nu dinyanyikeun ogé ku Al Bowlly dina taun 1939 kalawan rumpakana beunang Albert Mellor. Dicatet ogé ku Max Jaffa.
Ferraris sorangan bisa ditempo dina pilem British Pathé taun 1934 ti Alfrédo jeung band Gypsy-na nu maénkeun "Panon Hideung", diuk di orkéstra di tukangeun pingpinan Alfrédo.
"Panon Hideung" Ferrari direkam ku Harry Parry jeung radio sextetna taun 1941, sarta vérsi harita mah masih maénkeun kénéh ku loba seniman. Chet Atkins maénkeun interprétasi asli lagu dina gitar listrik. Féodor Chaliapin ogé mopulerkeun ieu lagu di luar negri.
Ieu lagu sacara singget dipaénkeun ku Three Tenors di konsérna taun 1990 di Roma. Ieu gas jadi salah sahiji lagu ciri mandiri opera bariton Dmitri Hvorostovsky dina konsérna.
Rusia | Alih abjad | Tarjamahan Inggris |
---|---|---|
|
|
|
Di handap ieu mangrupa tarjemahan métrik (nyaéta nu bisa dinyanyikeun ku mélodi).
Oh, these gorgeous eyes, dark and glorious eyes, |
Tarjamahan Peter Farnbank Archived 2011-08-16 di Wayback Machine
Tarjamahan ritmikal lianna nu mirip aslina
Oh you dark black eyes, full-of-passion-eyes |
ku Stefan Bogdanov
Russian (Abjad Sirillik) | Translatisasi (Abjad Latén) | Tarjamahan Inggris |
---|---|---|
Очи чёрные, очи жгучие, Очи страстные и прекрасные, Как люблю я вас, как боюсь я вас, Знать увидел вас я не в добрый час. Очи чёрные, очи пламенны И манят они в страны дальные, Где царит любовь, где царит покой, Где страданья нет, где вражды запрет. Очи чёрные, очи жгучие, Очи страстные и прекрасные, Как люблю я вас, как боюсь я вас, Знать увидел вас я не в добрый час. Не встречал бы вас, не страдал бы так, Я бы прожил жизнь улыбаючись, Вы сгубили меня очи чёрные Унесли на век моё счастье. Очи чёрные, очи жгучие, Очи страстные и прекрасные, Как люблю я вас, как боюсь я вас, Знать увидел вас я не в добрый час. | Ochi chyornye, ochi zhguchie Ochi strastnye i prekrasnye Kak lyublyu ya vas, kak boyus' ya vas Znat' uvidel vas ya ne v dobryi chas Ochi chyornye, ochi plamenny I manyat oni v strany dal'nye Gde tsarit lyubov', gde tsarit pokoi Gde stradan'ya nyet, gde vrazhdy zapryet Ochi chyornye, ochi zhguchie Ochi strastnye i prekrasnye Kak lyublyu ya vas, kak boyus' ya vas Znat' uvidel vas ya ne v dobryi chas Ne vstrechal by vas, ne stradal by tak Ya by prozhil zhizn' ulybayuchis' Vy zgubili menya ochi chyornye Unesli na vek moyo schast'ye Ochi chyornye, ochi zhguchie Ochi strastnye i prekrasnye Kak lyublyu ya vas, kak boyus' ya vas Znat' uvidel vas ya ne v dobryi chas | Dark eyes, burning eyes Passionate and splendid eyes How I love you, How I fear you Truly, I saw you at a sinister hour Dark eyes, flaming eyes They implore me into faraway lands Where love reigns, where peace reigns Where there is no suffering, where war is forbidden Dark eyes, burning eyes Passionate and splendid eyes I love you so, I fear you so Truly, I saw you at a sinister hour If I hadn't met you, I wouldn't be suffering so I would have lived my life smiling You have ruined me, dark eyes You have taken my happiness away forever Dark eyes, burning eyes Passionate and splendid eyes I love you so, I fear you so Truly, I saw you at a sinister hour |
Tarjamahan Katya ti russmus.net ([1])
Ismail Marzuki nulis rumpaka kawih versi Sundana kurang leuwih dina taun 1936-1937. Mangsa harita manéhna jeung orkésna, diperedih ngeusi acara radio di Bandung dina ségmén lagu-lagu Kulon. Mangsa-mangsa harita mémang mimiti jorojoy karepna pikeun neuleuman lagu-lagu kulon jeung lagu tradisionalna. Loba lagu Kulon nu digubah sarta ditarjamahkeun. Salah sahijina nyaéta Ochi Chyornye ieu, nu judulna jadi Panon Hideung, dibantuan ku Zarkov, saurang seniman asal Uni Soviét nu dumuk di Bandung. Jaman harita loba seniman asal Uni Soviét nu darumuk di Nusantara, malah mah aya orkés asal Soviét nu gelar maneuh di Hotel Des Indes salila 10 taun, atawa mun di Surabaya mah aya Pedro (atawa Pyotr: Peter), nu ngadegkeun téater Dardanella.
Diadaptasina kawih Panon Hideung ku Ismail Marzuki leuwih dibeungbeuratan ku ayana Miss Eulis nu asup kana kahirupan Ismail Marzuki. Miss Eulis saurang béntang radio sarta panyanyi kroncong teureuh Sunda Arab. Peran Miss Eulis ieu nu mangaruhan kana rumpaka kawih Panon Hidueng nu ditulis Ismail, samodél kecap pipi konéng jeung irung mancung. Lagu Ochi Chyornye téh digubah wéh ku Ismail nurutkeun kaayaan haténa waktu harita.
Taun 1940 Ismail Marzuku nikah jeung Miss Eulis, sarta dipaparin ngaran Eulis Zuraidah. Saenyana sakumna jalma, utamana di wewengkon Pasundan yakin yén kawih Panon Hideung téh mangrupa lagu tradisional Pasundan. Padahal mah nu saenyana ieu lagu téh diadaptasi tina lagu tradisional rahayat Rusia. Sok sanajan kitu, hal ieu teu mangaruhan kana éksisténsi lagu Ochi Chyornye di Rusia.
Panon hideung pipi konéng |
"Panon Hideung" geus jadi standar jazz.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Panon Hideung, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.