Cendrawasih Biru: Spésiés manuk

Cendrawasih Biru atawa dina ngaran ilmiahna Paradisaea rudolphi nyaéta sajenis manuk cendrawasih ukuranana sedeng, miboga panjang kira-kira 30 cm, ti genus Paradisaea.

Cendrawasih Biru
Cendrawasih Biru: Spésiés manuk
Status konservasi
Vulnerable
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Passeriformes
Kulawarga:
Paradisaeidae
Génus:
Paradisaea
Spésiés:
P. rudolphi
Ngaran binomial
Paradisaea rudolphi
(Finsch, 1885)

Daérah sebaran Cendrawasih Biru aya di leuweung-leuweung pagunungan Papua Nugini bagian wétan sarta tenggara, umumna ti jangkungna 1.400 méter nepi ka jangkungna 1.800 méter di luhur permukaan laut.

Manuk ieu boga warna hideung sarta biru, miboga paruh bodas kabiruan, suku dawuk, iris panon boga warna coklat kolot, di sakuriling panon aya dua buah satengah bunderan bodas sarta jangjang boga warna biru caang.

Manuk jalu nu geus dewasa mibanda bulu-bulu jumbai hiasan dina sisi harigu anu boga warna biru kaunguan lamun ditempo ti handap sarta boga warna coklat kabeureum-beureuman lamun ditempo ti luhur. Dina bagian hariguna aya bunderan oval hideung kalayan boga warna beureum. Buntutna aya dua tali panjang, warnana hideung jeung tungtung boga warna biru. Cendrawasih awéwé ukuranana leuwih leutik, henteu dipapaésan bulu hiasan sarta awak bagian handap boga warna coklat kabeureum-beureuman.

Cendrawasih Biru nyaéta ngawayuh spésiés. Manuk jalu mikat pasangan kalayan ritual tarian anu mamérkeun bulu-bulu hiasanna. Henteu kawas manuk cendrawasih Paradisaéa séjénna, Cendrawasih Brui jalu ngalakonan tarianna henteu dina jumplukan. Jalu ngagantungkeun awakna ka handap, muka mamérkeun bulu hiasanna kawas kipas biru bari berkicau jeung sora nyarupaan dengungan pendék. Dideketna aya buntut awéwé. Sanggeus kopulasi, manuk jalu ninggalkeun awéwé sarta mimitian néangan pasangan anu séjén.

Cendrawasih Biru kapanggih ku Carl Hunstein dina salah sahiji ékspédisina di pulo Irian dina taun 1884. Ngaran ilmiah spésiés langka ieu miéling saurang putra makuta ti Austria ngaranna Rudolf von Ésterreich-ungarn.

Rujukan

Tags:

Papua Nugini

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Albert EinsteinTransnistriaRawaMarokoGegetukRebabMa'ruf Amin41KartiniKarindingBéntang LapangSajarahMaén balKampung adat CireundeuPasamakmuran Bangsa-BangsaUmar bin Khattab1802Adolf HitlerDénmark27 Méi1757VNAMPSTuriBahamaSiprusAhmad YaniRaksukanTérongFéderasi MikronésiaKakawihan61Aksara Sunda BakuKunciSalmonBukuSundaZirkoniumKrikétÉlmu komputer17852003Nikola Tésla.guKaduMaséhiSalak.gnSyarif AminGaya basa (Sunda)YKecap barang1560-an1972WawangsalanCacandranSoraAwi buluhOncom407Klausa (basa Sunda)Lancah maungMahabarataLongsérSahadat buhunAzerbaijan.doJérmanAngolaPerang Bubat.rw1594CalungGaangFiji🡆 More