17 Januari

17 Januari nyaéta poé ka-17 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 348 poé (349 dina taun kabisat)

1 2 3 4 5 6
7 8 9 10 11 12 13
14 15 16 17 18 19 20
21 22 23 24 25 26 27
28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1362 – Banjir Saint Marcellus nelasan 25.000 jalma di sabudeureun basisir Laut Kalér.
  • 1595 – Nalika Perang Agama Perancis, Henry IV ti Perancis nyatakeun perang ka Spanyol.
  • 1608 – Raja Susenyos I ti Éthiopia ngalakukeun serangan dadakan ka Kaum Oromo di Ebenat; pasukanna kabejakaun nelasan 12.000 urang Oromo minangka gantina, 400 jalma tiwas ti pihakna.
  • 1773 – Kaptén James Cook maréntahkeun ékspédisi kahijina pikeun balayar ka sabudeuren bunderan Antartika.
  • 1781 – Perang Révolusioner Amérika: Patempuran Kandang Sapi: Pasukan Kontinéntal dina pingpinan Brigadir Jéndral Daniel Morgan ngéléhkeun pasukan Inggris pingpinan Kolonél Banastre Tarleton dina patempuran di South Carolina.
  • 1811 – Perang Kamerdékaan Méksiko: Dina Patempuran Jambatan Kalderon, 6.000 pasukan Spanyol nu kacida éléh jumlahna ngunggulan ampir 100.000 révolusioner Méksiko.
  • 1852 – Karajaan Inggris nanda tangan Konvénsi Sand River nu eusina ngaku kana kamerdékaan Républik Afrika Kidul.
  • 1873 – Sakelompok prajurit Indian Modoc ngéléhkeun pasukan Amérika Sarikat dina Patempuran Bénténg Kahiji, bagéan tina Perang Modoc.
  • 1899 – Amérika Sarikat ngaku kana kapamilikan Pulo Wake di Laut Pasifik.
  • 1912 – Pangjalajah Inggris, Kaptén Robert Falcon nepi ka Kutub Kidul sabulan sabada Roald Amundsen.
  • 1915Rusia ngéléhkeun Turki Ustmani dina Patempuran Sarikamish wanci Kampanye Kaukakus dina Perang Dunia I.
  • 1917 – Amérika mayar $25 juta ka Dénmark pikeun Kapuloan Virgin.
  • 1920 – Larangan inuman alkohol (prohibition) dimimitian di Amérika Sarikat ku lumakuna Akte Volstead.
  • 1929Popeye the Sailor Man, hiji karakter kartun beunang E. C. Segar, munggaran kaluar dina buku komik Thimble Theatre.
  • 1944Perang Dunia II: Pasukan Sakutu mesatkeun serangan kahiji tina opat serangan ka Monte Cassino nu niatna nembus Garis Winter sarta ngarebut Roma, hiji usaha nu antukna méakkeun waktu opat bulan sarta ngahakan 105.000 korban jiwa ti pihak Sakutu.
  • 1945 – Perang Dunia II: Serangan Vistula–Oder maksa pasukan Jérman ninggalkeun Warsawa.
  • 1945 – Diplomat Swédia, Raoul Wallenberg ditahan ku Soviét nalika keur di Hongaria; ti saprak harita, manéhna teu kungsi katempo deui.
  • 1946 – Rapat munggaran Déwan Kaamanan PBB.
  • 1948 – Perjangjian Renville antara Walanda jeung Indonésia disahkeun.
  • 1950 – Parampogan Great Brink: Salapan garong maling leuwih ti $2 juta ti hiji pausahaan mobil lapis waja di Boston.
  • 1950 – Résolusi 79 Déwan Kaamanan PBB nu patula patali jeung pangwatesan sanjata diadopsi.
  • 1961 – Manten PM Kongo, Patrice Lumumba ditelasan dina hiji kaayaan nu nunjukkeun pipilueunna pamaréntah Bélgia jeung Amérika Sarikat.
  • 1966 – Kacilakaan Palomares: Pasawat pangebom B-52 diadu jeung pasawat KC-135 Stratotanker di saluhureun Spanyol, nelasan tujuh pangangkasa jeung muragkeun tilu bom nuklir 70 kiloton di deukeut Kota Palomares sarta hiji deui di laut.
  • 1969 – Anggota Partéy Kumbang Hideung (Black Panther), Bunchy Carter jeung John Huggins ditelasan dina hiji pasamoan di Balé Campbell di Kampus UCLA.
  • 1992 – Wanci nyaba ka Koréa Kidul, PM Jepang Kiichi Miyazawa tamada alatan pamaksaan ka awéwé Koréa pikeun jadi budak séks nalika Perang Dunia II.
  • 1994 – Lini 6,7 Mw  Northridge ngendag-ngendag Aréa Los Angeles, ngakibatkeun 57 jalma palastra sarta 8.700 lianna cidera.
  • 1995 – Lini 6,7 Mw Great Hanshin ngoyagkeun bagéan kidul Préféktur Hyōgo, ngakibatkeun 5.502 - 6.434 jalma palasta sarta 251.301 - 310.000 lianna ngarungsi.
  • 1998 – Skandal Lewinsky: Matt Drudge medar carita pasalingkuhan Bill Clinton–Monica Lewinsky dina situsna, Drudge Report.
  • 2002 – Gunung Nyiragongo di Républik Démokratik Kongo bitu, ngakibatkeun ngungsina 400.000 jalma.
  • 2010 – Pakéwuh dimimitian antara kelompok Muslim jeung Karisten di Jos, Nigeria, ngakibatkeun saheunteuna 200 urang palastra.

Nu babar

  • 1501 – Leonhart Fuchs, ahli ilmu alam Jérman (td. 1566)
  • 1814 – Ellen Wood alias "Mrs Henry Wood", pangarang Inggris (td. 1887)
  • 1899 – Al Capone, boss mafia Amérika (td. 1947)
  • 1922 – Betty White, artis Amérika
  • 1942Muhammad Ali, juara dunia tinju Amérika (td. 2016)
  • 1962 – Jim Carrey, aktor Amérika-Kanada
  • 1963 – Kai Hansen, gitaris Jérman (Helloween)
  • 1964 – Michelle Obama, Ibu nagara ka-46 Amérika
  • 1973 – Ari Lasso, tukang ngawih Indonésia
  • 1980 – Zooey Deschanel, tukang ngawih katut artis Amérika
  • 1982 – Dwyane Wade, pamaén baskét NBA

Nu pupus

  • 1893 – Rutherford B. Hayes, présidén AS ka-19 (l. 1822)
  • 1961 – Patrice Lumumba, PM Républik Démokratik Kongo kahiji (l. 1925)
  • 2005 – Zhao Ziyang, PM China katilu (l. 1919)
  • 2008 – Bobby Fischer, pamaén catur Amérika (l. 1943)

Poé peré / Poé panginget-nginget

Tumbu luar

17 Januari 

Tags:

17 Januari Kajadian17 Januari Nu babar17 Januari Nu pupus17 Januari Poé peré Poé panginget-nginget17 Januari Tumbu luar17 JanuariKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

World Trade OrganizationRebabParisKekecapanKendangKota BogorWikiLasminingratTémaAli agremRumah Sakit Umum Pusat Nasional Dr. Cipto MangunkusumoKampung MahmudBasa JawaKota TangerangAdat Nikah1891WedaSisingaanDoel SumbangKacapiUrugNingrum DjulaéhaWaktu jeung usum-usumanMasjid Agung CianjurSalasaKaty PerryIndonésiaMégalitikumKampung Adat Sirna ResmiCiréng.pyBoy-boyanKuwaitSéroAntartikaTepasDaptar kode telepon di IndonésiaPanata acaraKarédokPeuyeumMahabarataBiantaraBandung TVJungkookCaplakRampak SekarKeuyeupLangitEpikAbonSeni PintonanJukutParabelArus listrikSawalaPaciwit-ciwit LutungRarangkén di-TurkménistanAsia KulonBabadLalandakanGobagRahmat M. Sas. KaranaSulingYunus (surat)PasantrénKecap sulurAbdurrahman Wahid🡆 More