Sumur nyaéta hiji liang nungahaja dikali sangkan kaluar cai.
Sumur ngahaja dijieun pikeun nyumponan kabutuhan cai, utamana dimangpaatkeun pikeun kaperluan rumahtangga kayaning nyeuseuh, ngumbah wadah, cai taheureun jeung sajabana. Ilaharna sumur dijieun tukangeun imah, sanajan kiwari geus ampir aranglangka imah-imah nu mibanda sumur utamana imah-imah di kota. Gantina pikeun kabutuhan cai maké pakakas saperti kompa cai listrik, kitu deui cai nu dikocorkeun ku PDAM.
Dina budaya urang, sumur téh mibanda harti tempat karamat. Nya dina sumur ieu masyarakat urang sok ngayakeun hiji ritual pikeun ngalap berkah, kaasup salametan sangkan meunang kasalametan tur kabagjaan. Ditempo tina jerona, sumur dibédakeun kana dua rupa tayalian sumur déét jeung sumur jero (bisa nepika 50 m).
Wiki Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Sumur. |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Sumur, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.