Sipoah

Sipoah, Cipoah, nyaéta parabot paranti ngitung asal Cina. Sipoah nyaéta pakakas anu dipaké pikeun ngitung operasi aritematika. Kawas penjumlahan, pengurangan, perkalian, sarta pembagian. Sipoah bisa disebutkeun minangka “komputer kuna”. Di Indonésia sipoa leuwih dipikawanoh kalayan ngaran sempoa, sedengkeun di masarakat Cina sipoah leuwih dipikawanoh kalayan ngaran "suan pan" (papan berhitung) sarta mindeng dipaké dina itungan dagang.

Sipoah

Déskripsi

Sipoah diwangun ti susunan sawatara siki sarigsig kai paralél anu perenahna dina hiji carangka atawa pigura. Susunan sarigsig ieu biasana kabagi jadi dua jajar. Anu dipisahkeun ku hiji pangwates anu arahna ajeg lempeng kalayan sarigsig tadi. Dina barisan anu perenahna di handapeun pangwates saban sarigsig ngeusi lima siki manik-manik, sedengkeun barisan anu perenahna di luhur pangwates, saban sarigsig ngeusi dua siki manik-manik. Sarigsig téh perenahna aya di pangkatuhuna ngawakilan satuan-satuanna, atawa saban manik-manik nilaina téh hiji. Sarigsig anu aya di belah kéncana ngawakilan puluhan nepi ka saban manik-manik nilaina téh sapuluh , sarta kitu saterusna, ka arah kénca saban sarigsig ngawakilan kelompok bilangan kalipetan sapuluh. Kitu ogé dina sarigsig anu perenahna dina bagian katuhu luhur pangwates luhur ogé nilaina hijian , tapi saban manik-manik ngawakilan angka lima. Jeruji palebah kéncana ogé nilaina puluhan, atawa saban manik nilaina lima puluh sarta saterusna.

Sajarah Sipoah

Abakus geus aya saprak taun 1100 SM sarta bisa dikira-kira kapanggih ku bangsa Babilonia anu saterusna dimekarkeun ku bangsa Romawi. Abakus mimitian dipaké di Éropa, Arab, sarta Asia dina abad pertengahan, utamana dina perdagangan. Saprak kapanggih notasi sistem angka Hindu, Arab, sipoah mimiti ditinggalkeun. Tapi nepi ka ayeuna sipoah masih dipaké ku bangsa Cina, Koréa, sarta Jepang, dina itungan dagang maranéhanana. Di Indonésia pamakéan sipoah ogé mimitian sumebar deui dipaké kalayan dibukanya loba tempat kursus anu ngajarkeun pamakéan simpoa. Pangawasaan baris simpia nyieun para pelajar leuwih gancang dina ngerjakan soal aritematika.

Rujukan

Sipoah 

Tags:

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

AnggelKampung Adat CireundeuIwan FalsJuwarKaduRakitan lantipGobagKabupatén Kulon ProgoBasa SundaCristiano RonaldoKonyalAluvialKaiGuguritanMuhammad AliSiribKacapiTémaWareguSénggalSungkemManukEngangKalimahLatarJoko WidodoWartawanBasa InggrisMingguUgaBuncisBuraholHihidAustriaSintungPanganténan SundaAgus SalimGandrumKecap rundayan (basa Sunda)Kampung UrugCandrasangkalaUcing-ucinganProsaPangaweruhLisungCangkaléngSamagaha bulanMarokoFebri HaryadiMociWayang GolékWartaBiantaraHemipteraMumuncanganKentangSaréAl FalaqHadi AKSLumba-lumbaWajitDjoeanda KartawidjajaPanonpoéJerukMuhammad TohaAntropologiTajugSão Tomé jeung PríncipeAbdasRadiasi éléktromagnétikWawacan Layang Muslimin MuslimatRarangkén ting-🡆 More