Manat (kode: AZN) nyaéta mata uang Azerbaijan.
Mata uang ieu dibagi deui kana qəpik. Kecap manat diinjeum ti "moneta" (koin) anu dilapalkeun "maneta". Manat bisa ngarah ogé ka ruble Soviét di basa Azerbaijan jeung basa Turkmén.
Manat Azerbaijan | |||||
---|---|---|---|---|---|
Azərbaycan manatı (Basa Azerbaijan) | |||||
| |||||
Kode ISO 4217 | AZN | ||||
Bank Séntral | Bank Séntral Azerbaijan | ||||
Loka | www.cbar.az | ||||
Pamaké | Azerbaijan | ||||
Inflasi | 20,8% | ||||
Sumber | Bank Séntral Azerbaijan, 2008 to 2007 | ||||
Metode | CPI | ||||
Subunit | |||||
1/100 | qəpik | ||||
Lambang | , m, man. | ||||
Koin | 1, 3, 5, 10, 20, 50 qəpik | ||||
Uang kertas | 1, 5, 10, 20, 50, 100, 200 manat |
Lambang Manat, , ayeuna heunteu dikodéan dina Unicode. m, man., bisa dipaké salaku gagantina lambang éta.
Républik Démokratik Azerbaijan, sarta panerusna, Républik Sosialis Soviét Azerbaijan ngaluarkeun mata uangna sorangan antawis 1919 jeung 1923. Mata uang éta ngaranna manat (منات) dina Basa Azerbaijan, ruble (рубль) dina Basa Rusia, kalawan satuanna ditulis dina kadua basa éta (ogé dina Basa Perancis). Manat ngaganti Rubel Transkaukasus dina nominalna sarta diganti ku Ruble Transkaukasus kadua sanggeus Azerbaijan jadi bagian ti Républik Sosialis Féderatif Soviét Transkaukasus. Uang nu ayana ngan nu lembaran (kertas).
Républik Démokratik Azerbaijan ngaluarkeun uang kertas pecahan 25, 50, 100, 250, jeung 500 Manat, samentara RSS Azerbaijan nagluarkeun uang kertas dina pecahan 5; 100; 1.000; 5.000; 10.000; 25.000; 50.000; 100.000; 250.000; 1 juta jeung 5 juta Manat.
Manat Kadua dipikawanohkeun dina 15 Agustus 1992. Kode ISO 4217-na, AZM. Manat kadua ngaganti Ruble Soviét dina tingkat 10 Ruble : 1 Manat.
Ti awal 2002 nepi ka awal 2005, nilai tukeur rélatif stabil (variasi antara 4770–4990 Manat per Dolar AS). Mimiti usum semi 2005 aya paningkatan nilai Manat banding Dolar AS; alesanna meureunan ku sabab ningkatanna pétrodolar ka nagarana, bareng jeung naékna harga minyak dina pasar dunya. Dina ahir taun 2005, 1 Dolar AS nilaina 4591 Manat. Uang kertas di handapeun 100 Manat sacara éféktif kaluar ti édaran, ogé jeung koin qəpik.
Uang logamna dikaluarkeun dina pecahan 5, 10, 20, jeung 50 qəpik, kaping 1992 jeung 1993. Sanajan kuningan jeung tambaga-nikel dipaké dina sababaraha kaluaran 1992, kaluaran sanggeusna sakabéhna maké aluminium.
Pecahan di handap dimedalkeun,
Dina 1 Januari 2006, Manat nu anyar (kode ISO 4217: AZN, kawanoh ogé salaku "manat (mata uang nasional)") dipikawanohkeun dina pecahan 5.000 Manat heubeul. Saprak 1 Oktober 2005, harga-harga diwanohkeun dina nilai Manat anayr jeung Manat heubeul pikeun ngagampangkeun pangalihan. Koin qəpik, nu teu dipaké deui saprak 1993 ku lantaran inflasi, geus dipikawanohkeun deui kalawan rédénominasi.
Koin nu aya dina édaran nyaéta 1, 3, 5, 10, 20, jeung 50 qəpik.
Uang kertas nu aya dina édaran nyaéta 1, 5, 10, 20, 50, jeung 100 Manat. Uang-uang ieu didésain ku Robert Kalina. Uang kertasna katingali mirip jeung Euro.
Lembaran Manat Katilu | |||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|
Gambar | Nilai | Diménsi | Warna Utama | Katrangan | |||
Hareup | Tukang | Téma | Hareup | Tukang | |||
1 Manat | 120 × 70 mm | Kulawu | Budaya | Alat musik daérah Azerbaijan (daf, kamancheh, tar) | Ornamén karpét Azerbaijan kuna | ||
5 Manat | 127 × 70 mm | Oranye | Kasusastraan jeung Pustaka | Panulis, panyair, jeung buku-buku kuna ti Azerbaijan, kalawan kutipan lagu kabangsaan sarta hurup ti aksara Azerbaijan kontémporér | Lukisan batu ti Gobustan, conto aksara Turk Kuna | ||
10 134 × 70 mm | Paul | Sajarah | Baku Kolot, Istana Shirvanshahs jeung Munara Maiden kalawan gambar tukang témbok Icheri Sheher | Ornamén karpét Azerbaijan kuna | | ||
20 141 × 70 mm | Héjo | Karabakh | Lambang kakawasaan (pedang, hélem, jeung taméng) | Lambang karapihan (harybulbul) | | ||
50 148 × 70 mm | Konéng | Sajarah jeung jaga | Nu ngora, tangga (lambang kamajuan), panonpoé (lambang tanaga jeung cahya), sarta lambang kimian jeung matematika (lambang élmu pangaweruh) | Ornamén karpét Azerbaijan kuna | | ||
100 155 × 70 mm | Ungu ngora | Ékonomi jeung kamekaran | Lambang arsitéktur ti jaman kuna nepi ka kiwari, lambang mata unag Manat ( ) jeung lambang tumuwuhna ékonomi | Ornamén karpét Azerbaijan kuna | | ||
Gambar ieu diskalakeun 0,7 piksel per millimetre. Pikeun tabél standar, tingali tabél spésifikasi uang kertas. |
Yahoo! Finance: | AUD IDR CHF EUR GBP HKD JPY USD RUB TRY GEL |
XE.com: | AUD IDR CHF EUR GBP HKD JPY USD RUB TRY GEL |
Investing.com: | AUD IDR CHF EUR GBP HKD JPY USD RUB TRY GEL |
OANDA.com: | AUD IDR CHF EUR GBP HKD JPY USD RUB TRY GEL |
Hukum Azerbaijan ngalarang ékspor mata uang lokalna ku non-wargi nagara.
Diheulaan ku: Ruble Transkaukasus kahiji Rasio: at par | Mata uang Azerbaijan 1919 – 1923 | Diteruskeun ku: Ruble Transkaukasus kadua |
Diheulaan ku: Ruble Rusia Alesan: merdika ti Uni Soviét Rasio: 1 Manat = 10 ruble | Mata uang Azerbaijan 1992 – 31 Désémber 2005 | Diteruskeun ku: Manat katilu Alesan: inflasi Rasio: 1 Manat katilu = 5000 Manat kadua |
Diheulaan ku: Manat kadua Alesan: inflasi Rasio: 1 Manat katilu = 5000 Manat kadua | Mata uang Azerbaijan 1 Januari 2006 – | Diteruskeun ku: — |
Citakan:Currencies of Europe Citakan:Currencies of Asia Citakan:Currencies of post-Soviet states
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Manat Azerbaijan, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.