Lalay

Lalay nyaéta hiji-hijina mamalia hiber nu miboga sistem radar dina awakna.

Éta sistem radar gunana pikeun néangan jalan jeung kadaharan nalika peuting. Sistem radar éta dikaluarkeun ngaliwatan sorana nu mancerkeun gelombang ultrasonik. Éta gelombang sora mantul kana objék di sabudeureunana, nu ahirna balik deui tur katéwak ku ceuli éta lalay. Ku lantaran kitu, lalay bisa moro dina kaayaan nu poék.

Lalay
Lalay keur ngapung

Lalay béda jeung sato nu bisa ngapung séjénna, jangjang lalay mah tina kulitna nu aya dina ramo-ramona. Lalay kaasup sato nu leutik. Panjangna ngan saukur 7,5 cm tina irung nepi ka buntutna. Tapi aya ogé anu leuwih gedé, sok disebut kalong, rubak jangjangna bisa nepi ka 1,5 m.

Lalay ogé kaasup sato anu liar ti peuting, umumna sok cicing di jero guha atawa dina tatangkalan, sarta hirup sacara kelompok (ngabubuhan).

Rujukan


Lalay 

Tags:

Mamalia

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

TerjemahanGula kawungKonéngNyiruanKecap sulurDapurJamparingBaledogLambakHateupArkéologiPeuyeumSuhartoGobag11 NopémberDiksiWewengkon depéndensiCika-cikaLéptopBandung TVKacang panjangGedoganBacharuddin Jusuf HabibieSawérSamagaha bulanMijalmaDita KarangKabayaPenca SilatKiswa WiriasasmitaBabasanPadaRahmat M. Sas. KaranaTepasSamuel L. JacksonSisindiranGolodogKingkilabanPabuaran, SukabumiKabupatén SukabumiBeutiPangéran Kornél (Pangeran Kusumadinata )HayamBabadSonya PandarmawanKanjut Kundang (antologi sajak Sunda)HiperténsiKecap rundayan (basa Sunda)10 HygieaDramaKawihÉkuadorAntagonisGaya basa (Sunda)AtikanKartiniBabad CirebonKampung UrugTahu SumedangBobokoTutuwuhanBudakAuditPilipinaAwi taliMumuncanganWikikamusSuriah1878Sajak SundaIsra Mi'rajMaén balTanzaniaBandar Udara Con DaoAat SoeratinTéhnologi🡆 More