Jataké

Jataké atawa gandaria (Bouéa macrophylla Griffith) nyaéta pepelakan anu asalna ti kapuloan Indonésia jeung Malaysia.

Jataké
Gandaria
Jataké
Buah gandaria ngora
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
Angiospermae
(unranked):
Eudicotyledon
(unranked):
Rosids
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Bouea

Meisner, 1837
Spésiés:
B. macrophylla
Ngaran binomial
Bouea macrophylla
Griffith

Pepelakan ieu tumuwuh di wewengkon tropis, sarta réa dibudidayakan di Sumatra jeung Thailand.

Gandaria dimangpaatkeun buahna, daunna, sarta tangkalna. Buah gandaria warnana héjo waktu masih ngora, sarta mindeng dijadikeun bahan rujak atawa campuran sambel gandaria. Buah gandaria anu asak warnana konéng, rasana haseum semu amis sarta bisa didahar langsung. Daunna dipaké minangka lalab. Tangkal gandaria bisa dijadikeun papan.

Botani

Gandaria mangrupa tangkal nu jangkungna nepi ka 27 m kalawan tajuk nu rapet. Daunna tunggal, bentukna bunder endog nepi ka wangun lanset atawa jorong. Waktu ngora warnana bodas, tuluy lalaunan jadi wungu kolot, saterusna jadi héjo kolot. Kembangna mecenghul dina kélék daun, bentukna rada buleud, kalayan diaméter 2,5–5 cm, warnana konéng nepi ka konéng gedang, daging buahna ngaluarkeun cacai kentel; buahna henteu buluan, rasana haseum nepi ka amis, jeung boga ambeu anu has rada ngadeukeutan ambeu terpentin. Warna sikina lumayung.

Gandaria nyaéta tutuwuhan tropis baseuh sarta bisa tumuwuh dina taneuh anu hampang sarta subur. Tumuwuh liar di leuweung dataran handap; di handapeun 300 m ti beungeut laut, tapi dina budidaya gaeus aya nu hasil melak dina dataran nu luhurna kira-kira 850 m ti beungeut laut.

Rujukan

Tags:

IndonésiaMalaysiaSumatraThailandTropis

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

GaangPerang TiisDaon9316121949CaricangkasStasion MaséngPanon HideungPasir1872Oman1988Dinasti SéljukCarita pondokJay-ZJackie ChanWikiSpanyolDodolNyi Pohaci Sanghyang AsriAktorJohann Sebastian BachTBabasan jeung paribasa8Domain undak luhur1960KacamatanPMFungisidaKotaTogoPsikologPantheraVanuatu15 JanuariMekahJazz14 Juni13 JanuariYSeki, Gifu61TumbungKota DépokRaheut1530Rachel AmandaMichael DoohanKota BogorMuhammad AliTaun1980Cacandran1994GondéwaTaiAbu SufyanChordataKlan Uchiha (Naruto)DapurBangbara17Nomer Buku Standar InternasionalMencekAKapuloan Juan Fernández1983KapasitorErnest Hemingway🡆 More