Ernest Hemingway

Ernest Hemingway lahir 21 Juli 1899 di Oak Park, Illionis, Amérika Serikat.

Ngamimitian karirna minangka panulis dina surat kabar The Kansas City Star dina taun 1917. Mangsa Perang Dunya Kahiji jadi tanaga sukaréla nyupiran ambulan. Nalika mancén tugas babarengan jeung satuan infanteri inyana ngalaman tatu tur dipulangkeun ka Amérika Serikat. Dina taun 1921 Hemingway mukim di Paris. Di dinya ngagabung jeung kelompok pangarang Amérika anu mukim di Paris mangsa harita, saperti Gertrude Stein, F. Scott Fitzgerald, Ezra Pound, jeung Ford Madox Ford. Buku Hemingway nu munggaran Three Stories and Ten Poems, medal di Paris taun 1923. Ieu buku dituturkeun ku buku kumpulan carita pondok anu judulna Our Time, medal taun 1925, sakaligus jadi tuturus kiprahna minangka pangarang Amérika. Ku medalna The Sun Also Rises dina taun 1926, Hemingway lain baé ngagedurkeun sora 'lost generation' tapi ogé salaku pangarang kawentar dina jamanna. Buku Hemingway anu pangpopulérna The Old Man and the Sea meunang panghargaan Pulitzer Prize dina taun 1953. Dina taun 1954 inyana meunang panghargaan Nobel Prize in Literature. Ngaliwatan karya-karyana, Hemingway kacida mangaruhan kana kamekaran wangun carpon jeung fiksi di Amérika Serikat tur dipunjung-puja ku masarakat Amérika tinimbang pangarang-pangarang lianna. Dina tanggal 2 Juli 1961 Hemingway tiwas lantaran maéhan manéh di Ketchum, Idaho.

Ernest Hemingway
Ernest Hemingway, 1923


Papatah Hemingway keur Pangarang Ngora

"Teu aya hiji pangarang nu diajar ngarang kasusastraan tina buku pelajaran. Kuring teu kungsi kursus ngarang, kuring diajar ngarang sacara wajar tur hasil usaha sorangan. Teu kungsi kuring suksés sacara kabeneran, kuring suksés lantaran usaha satékah polah tur junun. Tulisan téh kudu mangrupa hasil tina gawé fakta anu dirungrum ku trésna asih, lamun teu kitu, éta lain tulisan. Hal anu panghéséna dina diri pangarang nyaéta mertahankeun daya hirup jeung kasuburan daya hayalna. Kuring moal asa-asa ngajejeléh, ngalawan unggal pangarang anu hasil gawéna satengah-satengah. Pangarang anu hadé weruh kumaha carana ngumpulkeun bahan-bahan tina tumpukan-tumpukan informasi. Kalolobaanana pangarang gagal lantaran samata-mata kakurangan sarat anu kudu aya dina diri pangarang sajati, heureut pisan tilikan arinyana, upama dibandingkeun jeung tingkat atikanana. Buku-buku anu hadé téh anu basajan, langsung keuna kana mamaras, tur henteu inteléktualistis".

Ernest Hemingway 


Ernest Hemingway 



Rujukan

Tags:

1899191719211923192519261953195419612 Juli21 JuliAmbulanAmérika SerikatCarita pondokFiksiParis

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

KadalonLentongHak asasi manusaBasisir ParangtritisMijalmaKumpulan sajakLionel MessiBaladaTepas1935CongcotGolodogMonologRokét caiKampung MahmudMalariaOpak1869Perang BubatKupat tahuPaninggaranChairil AnwarPurwakantiSyawalKebonPeucangHihileudeunDiabétes mélitusJaiponganRarangkén -keunGuguritanSénggal1891SujiUdjo NgalagenaNyi Ageng SérangDédi MulyadiBabasanTatang SumarsonoNike ArdilaPanonpoéBandung TVTapak liman5 NopémberLondokHumaSamagaha bulanMang KokoSoraRandeganCarita PantunRoayCoétLasminingratMobilBébénténganAlun-alunAdolf HitlerTelevisi.mwAmis mataJoko WidodoTaufik HidayatKecap asalYasser ArafatTurkménistanPadalisanIbing Kusmayatna🡆 More