Gunung Gedé nyaéta salah sahiji gunung nu ukuranana badag nu aya di pulo Jawa, Indonésia.
Gunung Gedé | |
---|---|
Gunung Gedé, ditingali ti arah Kacamatan Sukabumi | |
Luhur | 2.958 meter (9.705 kaki) |
Perenah | Sukabumi-Cianjur-Bogor, Jawa Kulon, Indonesia |
Koordinat | |
Tipe | Stratovolcano |
Panungtungan bitu | 1957 |
Rute panggampangna | Cibodas |
Gunung gedé aya dina wewengkon sabudeureun Taman Nasional Gedé Pangrango, anu mangrapusa salah sahiji tina lima taman nasional nu munggaran diumumkeun di Indonésia dina taun 1980. Ieu gunung téh asup kana tilu wilayah kabupatén nyaéta Bogor, Cianjur, jeung Sukabumi, kalawan jangkungna 1.000-3.000 m ti beungeut laut (dpl.) jeung aya dina koordinat 106°51' - 107°02' BT dan 64°1' - 65°1 LS. Suhu rata-rata di puncak gunung Gedé 18 °C jeung upama peuting mah suhu puncak kira-kira 5 °C, kalawan curah hujan rata-rata 3.600 mm/taun. Gerbang utama pikeun naék ka ieu gunung téh nyaéta ti Cibodas jeung Cipanas
Gunung Gedé ditutupan ku hutan pagunungan, anu ngawengku zona-zona submontana, montana, nepika subalpin di sabudeureun puncakna. Hutan pagunungan di ieu wewengkon téh mangrupa salah sahiji anu jenis florana pangbeungharna di Indonésia, ogé di wewengkon Malésia •
Gunung Gedé boga kaayaan alam anu has jeung unik, ieu hal téh ngajadikeun Gunung Gedé minangka salah sahiji laonratorium alam anu narik minat para panalungtik ti baheula kénéh. Kacutat yén dina taun 1989, C.G.C. Reinwardt minangka jalma anu mimiti naék ka Gunung Gedé, tuluy disusul ku F.W. Junghuhn (1839-1861) J.E. Teijsmann (1839), A.R. Wallace (1861), S.H. Koorders (1890), M. Treub (1891), W.M. Docters van Leeuwen (1911); jeung C.G.G.J. van Steenis (1920-1952) geus nyieun koléḳsi tutuwuhan minangka dasar pikeun nyusun buku The Mountain Flora of Java anu dipedalkeun taun 1972.
Gunung Gedé ogé mibanda rupa-rupa ékosistem anu di jerona aya formasi-formasi leuweung, submontana, montana, subalpin, sarta ékosistem danau, rawa jeung savana. Gunung Gedé kawentar beunghar ku rupa-rupa jenis manuk anu kacatet lobana 251 jeis tina 450 jenis nu aya di pulo Jawa. Sababaraha jenis di antarana mangrupa manuk langka nyaéta Heulang Jawa (Spizaetus bartelsi) jeung celepuk jawa (Otus angelinae).
Boh Gunung Gedé boh wewengkon Taman Nasional Gedé Pangrago ogé magrupa objék wisata alam anu kalintang éndah jeung réa didatangan ku wisatawan boh doméstik boh internasional.
Sajarah jeung légénda anu jadi kapercayaan masarakat di ieu patempatan nyaéta ngeunaan ayana Éyang Suryakancana jeung Prabu Siliwangi di Gunung Gedé. Masarakat percaya yén arwah Éyang Suryakancana jeung Prabu Siliwangi baris salawasna ngajagaan Gunung Gedé sangkan teu bitu. Dina mangsa-mangsa nu tangtu, réa jalma anu asup kana guha-guha di sabudeureun gunun Gedé pikeun tatapa/samedi atawa gnalakukeun upacara réligius. Gunung Gedé dipercaya minangka tempat dumukna Éyang Sinto Gendeng nalika ngadidik muridna anu ngarana Wiro Sableng
Pikeun naék ka lokasi Taman Nasional Gedé Pangrango bisa ngaliwatan rute Jakarta-Bogor-Cibodas kalawan waktuna kira-kira 2,5 jam (± 100 km) maké mobil, atawa Bandung-Cipanas-Cibodas kalawan waktuna 2 jam (± 89 km), jeung Bogor-Salabintana kalawan waktuna 2 jam (52 km).
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Gunung Gedé, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.